|
punten tumaros ah ...
kang naha tempat kemping teh lamping kitu
... asa sieun ngagurawil ka handap.
nu kabayang ku kuring mah, lahanna teh
datar tuh rada lega, siga bumi perkemahan cibubur ngan dikurilingan ku tangkal
enteh.
baktos,
budhi
oritate permai
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, February 16, 2005
11:10 AM
Subject: [Urang Sunda] Foto
Panaruban deui....Foto ka-hiji & ka-dua
Kang Oman oge baraya sanesna, ieu aya 2 poto hasil
meunang jeprat jepret kuring waktos amengan ka Panaruban tea jeung
kulawargina mang Oman. Foto kahiji : pun bojo, pun anak (Kemal) jeung
kang Oman dipayuneun lahan jang kemping tea di
wewengkon Panaruban Foto kadua : pun bojo, pun anak (Kemal) jeung
pribados sami di payuneun lahan kemping tea. Foto katilu : Kemal,
pun bojo, Tara (bungsu) Fauzan (cikal) jeung Idang (putrana kang Oman) di
curug Cimuja-Panaruban oge. Foto anu ka-tilu ieu kungsi diposting
kamari.
Sim kuring panuju pisan lamun engke kopdar Kusnet diayakeun
di wewengkona Uwa Idrus di Panaruban. Di dinya kaayaan alamna masih
keneh asri, hejo titingalian, caina cur cor herang jaba
tiis, pemandanganana oge endah kacida nu matak wararaas. Can ge uih, pun
anak geus ngawartos kudu kadinya deui lamun pere sakola engke.
Walah...
baktos akos
__________________________________ Do you Yahoo!? Yahoo! Mail -
You care about security. So do we. http://promotions.yahoo.com/new_mail
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
![]()
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
|
![]() |
Yahoo! Groups Links
|