Haturan kang Yaya...................
Alhamdullilah si teteh nuju sehat, kumaha sawalerna....?
Eta nuju ngaping, resep atuh.....!, si teteh oge upami diajak ski mah moal teu giak, hanjakal didieu mah teu aya gunung es, aya ge ge tegalan sawah , usum ngijih laledok jemblok, jigana upami dianggo sosorodotan, lumayan sapertos ski. he he...dipalebah mana eta teh..? naha di kotana aya kitu anu maes ski..? atawa daerah pagunungan wungkul.
TKI teh seuseueurna kana naon pacabakan nana, loba mana anu pikabungaheun carita TKI, atawa pikasediheun,..? cing ah bejaan kang Yaya. Anu sakaterang si kuring mah  TKI di korea cenah sarenang, gajihna galeude. tapi duka.....
Sok ah, kang Yaya guar......teteh oge gaduh baraya, kapi adi didamel di pabrik elektronika,  mung teu apal di kota mana Koreana, anjeuna tos 6 taun didamel diditu....
 
 
Baktos
Teh tien
( sarae eta fotona, ari foto kang yaya mana..?).

Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya daramang?

Hatur nuhun pami damang mah, ieu aya lalakon ulin
jeung TKI, tanggal 8-9 Februari di Korea libur. TKI
ngajakan ulin maen ski, cenah sok reureug mun
dibarengan ku kang Yaya teh hehehehhe......ceuk kuring
teh heug asal kudu balageur jeung narurut cekeng teh.

Ceuk Kang Rizal (urang Kusnet nu di PJTKI), teu nanaon
kang Yaya gaul jeung para ponggawa? Ceuk uing teh
ih..naha make nanaon...puguh resep. Aya deui nu
nyeletuk, ih..dadaekanan kang Yaya ulin jeung TKI
sakitu doktor....emh..deudeuh teuing anaking cekeng
teh....

Sarebu carita pikatugenaheun salila babarengan jeung
TKI, moal dicatitakeun, pikasediheun....urang nu
pibungaheunana bae nya, ieu carita maen ski.

Ampir 100% kakara maen ski teh, kuring jeung Kang
Rizal mah teu maen ngaping bae da ngarannage ngasuh.

Kumaha Kin maen ski teh? Ceuk jang Kinkin urang Garut:
"....asa leumpang na galengan sawah nu kakara meunang
nemplok kang Yaya, saruapan asa bari nanggung
carangka..." heuheueheuehu...

Kumaha Asep ari ilaing (urang Pangandaran): Asa
sosorodotan na gawir make upih tea geuningan kang
Yaya.

Ceuk Jang Rudi urang Cianjur: " Asa guyang na leutak
ningan nya...ngan leutakna bodas jeung lemes..."

Ceuk Jang Heri ti Cirebon " Ceuk uing mah asa keur
sosorodotan...."

Jeung sawidak carita, carita ti jalma-jalma anu gede
jasana pikeun devisa nagara, ti jalma-jalam anu sok
disapirakeun..deudeuh..anaking.

KangYa & Kang Rizal
Seoul



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





> ATTACHMENT part 2 image/pjpeg name=Jang Heri (Cirebon ngadon gagayahan na salju).jpg


> ATTACHMENT part 3 image/pjpeg name=TKI (Jang Kinkin kokosehan dina salju).jpg


> ATTACHMENT part 4 image/pjpeg name=TKI asal ti Sunda.jpg


> ATTACHMENT part 5 image/pjpeg name=Tki-(Jang Rudi-Dangong Cianjur dina salju).jpg


> ATTACHMENT part 6 image/pjpeg name=TKI-IKMI.jpg


Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke