|
Ah... gampil wae atuh ceuk kuring mah...
harga embe sabenerna 70.000 (sabab ieu harga ti padagang sanes ti teh nia... kitu pan)... terus ( harga embe + komisi calo) = 70.000 + 2.000 = 72.000
tah kurangna aya kana 3.000 .. pan ieu nu dibagikeun ka Kang Irpan, Kang Ikmal, Kang MJ nu sewang2na kabagean 1.000,-
teu aya nu leungit sapeser ge... matak tong sok lewat calo geura... heheh
-------Original Message-------
Date: 02/16/05 14:41:34
Subject: [Urang Sunda] Kuis Berhadiah Embe !!!
Ulah pasea bae ieu aya kuis...
Para wargi sadaya ..jeung para ekonom nu terhormat (Depkeu) bisa teu mecahkeun masalah ieu.
* aya 1 ekor embe hargana Rp 75.000
* aya 3 pamuda (Kang Irpan, Kang Ikmal, Kang MJ) anu bade urunan meuli eta embe ...
berarti masing2 pamuda eta ngumpulkeun @ Rp 25.000... bener teu??? Akhirna
kakumpul Rp 75.000 sasuai harga jual... bener teu???
Tah... duit eta terus dipasihkeun ka calo embe (Kang Agus Pakusarakan) sajumlah duit eta = Rp75.000...
Masih bener teu??? Calo eta ternyata mikeun ka padagangnya Rp 70.000 (Teh Nia)
(dipotong komisi Rp. 5.000) Pasti dong???
Terus duit 5.000 eta dibagikeun ka 3 pamuda tadi @ Rp 1.000 jeung sisanya Rp 2.000
keur si calo... pasti masih bener pan??? Didieui permasalahanana!!!
...berarti masing2 pamuda ngantongan duit Rp 1.000 (bener teu) atawa jeung kata
lain kuduna duit anu dikumpulkeun ku masing2 pamuda tadi Rp 25.000 -
Rp 1.000 = Rp 24.000. Berarti masing2 pamuda kuduna mayar @ Rp 24.000 jadi
perhitungan matematika = 3 X Rp 24.000 = Rp 72.000 bener dong???
Lamun ditotal Jendral Sudirmankeun duit anu kakumpulkeun Rp.72.000 jeung lamun ditambah Rp
2.000 (bogana si calo) = Rp 74.000. Pertanyaana???
KAMANA DUIT ANU Rp.1.000... HAYO...???
JB
|