heuheuheu.......... kanyahoan ayeuna mah kang Yudi teh bujangan keneh.
Karunya teuing etah milarian "istri nu sampurna" dugi ka inggris. Hatur
nuhun ditambihan ku perkawis sajarah Islam. Kuring oge sami resep kana
sajarah teh. Kaleresan kuring gaduh buku "Sajarah Islam (Tarikh Pramodern)
karangan Prof. K. Ali, Sejarawan Muslim urang Pakistan. Buku ieu aslina tina
bahasa Inggris. Ceuk penterjemahna dina "kata pengantar"na, buku ieu
ngagampangkeun keur nu macana sakaligus "mananamkan" sikep apresiasi kana
"masa lalu" Islam. Punten, kuring panjang lebar heula, mere panganteur
(pendahuluan) margi bilih lepat hartos, sabab kuring sanes rek nulis anu
sae-sae, da nu saena mah geus pasti pada tarerang, tapi bade nulis
kalemahan-kalemahan naon wae nu aya dina karajaan Islam ieu, maksad teh
kanggo pieunteungeun keur urang sarerea, mugia umat Muslim nu ayeuna jeung
kapayun ulah tigebrus kana kasalahan-kasalahan nu dilakukeun di jaman
kapungkur.

Kumargi kang Yudi nyebatkeun kira-kira 200 taun saatosna kangjeng Nabi,
kuring rek ngawatesan sajarah dina waktos eta  janten sabudeureun tahun 750
M - 800 M. Saleresna mah di sabudeureun taun 750 M, aya ganti kakawasaan ti
Dinasti Umayyah ka Dinasti Abasyiah. Dinasti Umayyah ngawitan didirikeun ku
Muawiyah bin Abu Sofyan  (Abu sofyan teh tadina deleka wae ka Kangjeng Nabi,
sareng nu istrina Hindun tea). Muawiyah teh "seteruna" Sayidina Ali (ali Bin
Abu Thalib). Saatosna Muawiyah pupus, kakawasaan gentos ka putrana Yazid. Di
zaman Yazid ieu aya kajadian dimana putuna Nabi, Husein ditunggel janggana
ku  pasukan Yazid di Karbala Irak di kaping 10 Muharram (ayeuna kaping 10
Muharam 1425H!, dinten Asyura keur urang Syiah) . Kajadian ieu, gaduh efek
dugi ka ayeuna, Islam jadi kabagi dua Sunni jeung Syiah nu jigana teh
bakalan hese lamun kudu dihijikeun deui.

Dinasi Bani Umayah, sanajan dimimtian ku sajarah anu kurang hade, tapi gede
jasana dina ngembangkeun Islam kamana-mana. Ieu dinasti runtag sanggeus
kawasa 90 taun di jaman Khalifah Marwan. Naon atuh kalemahan-kalemahan
Dinasti Ummayah. Diantarana Prof K. Ali nyerat kieu (disingket ku kuring). :

1. Loba pangawasa Dinasti Umayyah kurang becus (tidak cakap). Ampir kabeh
pangawasa Dinasti Umayyah kurang becus jeung boga moral jahat, iwal ti
Muawiyah,  Abdul Malik, Walid I,  Umar Ibn Abdul Aziz jeung Hisyam nu bener
teh.  Nu sejen mah ukur paciweuh ku ngurus harem (gundik), anggur, tari
jeung kalanggengan moro sasatoan.

2. Kalakukan nu kurang adil ka muslim non Arab. Masyarakat non Arab,
khususna urang persia (biasa disebat kaum Mawalli) sanajan maranehna Muslim
jeung berjuang ngabela Islam, tapi maranehna dianak-terekeun. Padahal
marenehna teh ngarupakeun pasukan infantri di sagara keusik nu diperlukeun
pisan. Masyarakat Arab Muslim nganggap kaum Mawalli ieu teh ukur bawahan.
Kaum Mawalli akhirna ngabelot ngadukung Dinasti Abasyiah.

Kumaha kaayaan sosial masyarakat  di  jaman dinasti Umayyah? Di jaman
Umayyah kelas sosial masyarakat dibagi opat nyaeta Arab Muslim, Mawalli
(Muslim Non Arab),  Non Muslim jeung budak belian. Kelas sosial nu
pangluhurna nyaeta urang Arab Muslim, terus nu kadua Kaum Mawalli, nu katilu
Non Muslim jeung "nu teu boga kelas" nyaeta budak belian. Kolompok Arab
Muslim, sanajan boga status "menak" tapi teu pati akur jeung maranehna
sorangan, kumargi tadina kabagi-bagi ku suku-suku. Kolompok suku-suku ti
Arab Kaler (Irak, Syria, Arab Saudi)  kurang akur jeung suku-suku Arab Kidul
(Yaman).

Kabiasaan misahkeun kaum istri  jeung lalaki di masyarakat Arab dimimitian
di jaman Walid II dimana kaum istri ditempatkeun di tempat-tempat khusus.
Sanajan kitu kaum istri "menikmati" macem-macem kabebasan, sapertos
pendidikan, sastra jste. (Catetan Kuring : lamun maca ieu, sabenerna mah
istri dipisahkeun teh sanes keur jaman Nabi, tapi lami saatos kangjeng Nabi
Pupus).

Engke disambung deui, upami pareng ............

WALUYA



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke