> panginteun pami salian berehan, handap asor, getol ibadahna,
> urang sunda oge gaduh mentalitas Budak (ieu mah nambut bahasa
> si Nietzche) anu �kumaha ibu bae� ditambih ku pribados sareng
> mentalitas �pundungan�. Kumaha lur, akur teu?

HApunten, kasus eta hiji pajabat urang sunda anu gaduh
mentalitas budak, rupina moal tiasa di sakompet daunkeun
dianggap ngawakilan sipat sareng pilsapatna urang sunda.

Anapon mentalitas pundungan, panginten anu langkung mendasarna
mah "perasaan nya halus", anu akibatna janten gampil kasigeung.
Tah, mun kirang-kirangna mah janten weh teras pundung tea. Tapi,
eta ge masih keneh sipat turunan tina dasar "perasaan nu kacida
halusna" tea. Janten pundungan oge kalebet kasuistik, sami
sareng mental budak tea.

Katiluna, aya deui sipat urang sunda : "Batan dihina, kajeun
perang bebeakan", contoh terkenalna : kasus Perang Bubat.

Kaopatna,
Kuemutan sim kuring, perobahan jaman tiasa mangaruhan pilsapat
hiji bangsa atanapi suku bangsa.
Jigana peryogi aya data statistik anu langkung relevan berlaku
kanggo generasi "ayeuna" lahiran taun 1900 kaluhur, maenya kedah
wae nyontokeun generasi ratusan taun kapengker ?? 

MAngga, nyanggakeun...

Baktosna,
Frendy.


--- herdis herdiansyah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
>  
> Filsafat Sunda
> 
> Baktos ka para wargi, hapunten weleh terlambat jeung terlambat
> weu pribados ngiring icuk kibung kieu teh. Manah mah hoyong
> unggal dinteun bermesraan di Mailist teh tapi dalah
> dikumahakeun, tos terjebak kana banalitas keseharian ku kedah
> milari recang sangu di jalanan (biasa di urang mah elmu teh
> teu aya hargaan), kutan kieu nasib buburuh teh (wah janteun
> emut Schopenhauer, �hirup teh geuning pikasieneun�, terus Marx
> anu nyarios �anu dialektika teh sanes Roh tapi materi�,
> ngabalikeun tesis Hegel ngenaan historisitas manusia modern),
> kecuali para wargi bade ngabantosan ngadamel �posko peduli
> pribados� ku masihan kesempatan /informasi kanggo menikmati
> indahnya hidup lewat kerjaan sambilan (ha..ha�, janteun emut
> si Foucoult sareng Habbermas anu nyebatkeun yeun �urang teu
> lepas tina kepentingan-kepentingan, sehingga niat suci teh
> rada ka bentur tembok pangabutuh� (sok asa panas hate, dulur
> urang anu Katholik mah mempelajari setiap ilmu, terutami
> filsafat teh di cumponan sagala
>  kaperyogianana, mung si individu kedah konsentrasi diajar,
> maca, jeung nulis. Mun urang mah kedah adug lajeur�tarik
> jabrik)
> 
> Balik deui kana hanca bahasan, �agama, filsafat katut cara
> hidup urang sunda� pribados ngaraos etnis sunda teh lir ibarat
> buih ombak di lautan. Loba tapi teu aya bekasna. Jumlah
> penduduk sunda kirang langkung 37 Juta, tapi minimal (tina
> parameter kekuasaan) gening sok kaselek ku etnis-etnis lain.
> Punten ah, sanes bade ngabangkitkeun unsure-unsur cahuvanistic
> ala sunda tapi ku margi berehan teuing kabatur urang mah noyod
> weuh di pe�ngker, janteun budak tur teu weleh janteun
> pecundang (waduh mani sarkas). Handap asor teuing dugi ka, teu
> wantun ngarebut hak pikeun nanjeur. Ngelehan teuing dugi ka
> terus we di ekspoitasi pikeun kepentingan non-sunda. 
> 
> Nu paling mendasar saleresna aya semacam prototype anu
> bersifat deterministic (given/takdir pami di sederhanakeun
> mah) yeun urang sunda mah religius teuing dugi ka hilap
> ngabahas masalah-masalah dunya. Irasionalitas Sunda di bawah
> Suku Jawa (teu sapertos kejawen anu janteun urat nadi
> kahirupan sehari-hari), tapi geuning terus-terusan aya dina
> kelek penguasa dengeun (suku anu sanes, kahade sakali deui
> sanes bade promosi chauvinistic ala sunda).
> 
> Aya anekdot anu lucu, kalresan guru pribados ahli dina
> filsafat Klasik di kampus kantos nyarioskeun:
> 
>  
> 
> �Waktos pemimpin tertinggi Indonesia milari wakil-na, fit and
> proper test mulai di galakeun meski bersifat pribadi jeung teu
> di ekspos ka luar (sapertos fit and proper test di wakil
> rakyat anu hilir mudik ku duit tur selimut haneut). Ibu negara
> kaleresan anu nyeleksi calon wakil-wakilna. Dongkap si X,
> teras di taros 1+1 sabaraha?, kumargi si X lulusan luar negeri
> si X ngawaler 1+1 = 2 gagal, teras si Y ku pertarosan anu sami
> waleranana oge sami 2, teras sapertos kitu dugi ka dongkap si
> Z anu kawit ti sunda. Waleran si Z yeun 1+1 nyaeta �kumaha ibu
> wae� janteun credit point dugi ka manteuna diangkat janteun
> wakil eta pemimpin�
> 
>  
> 
> anekdot teu lucu di luhur saleresna mung bade ngabedah yeun
> mentalitas urang sunda teh mangrupikeun mentalitas anu ngajaga
> keselarasan kosmis ku �ngiringan bae�. Janteun teu lepat
> panginteun pami salian berehan, handap asor, getol ibadahna,
> urang sunda oge gaduh mentalitas Budak (ieu mah nambut bahasa
> si Nietzche) anu �kumaha ibu bae� ditambih ku pribados sareng
> mentalitas �pundungan�. Kumaha lur, akur teu?
> 
> Bravo, Laa TAkhzan Innallaha Ma�ana
> 
> BAktos 
> 
> Pun Adi 
> 
> Herdis 
> 
>  
> 
> 
>               
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
>  Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses. 
http://promotions.yahoo.com/new_mail


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke