DAJEUH BANTEN BAHEULA

Loba pisan nagara ngan kari oeroetna bae, kitoe deui dajeuh Banten noe baheula oge geus meh euweuh. Ajeuna mah tiiseun pisan sakitoe oeroet ramena teh, kebon noe baheula paranti soeka-soeka teh ngan kari batoe-batoe bae djeung tatangkalan noe geus karolot.

Nagara Banten noe baheula pisan, ajana djaoeh ti sisi laoet, ngaranna Banten Girang.

Tjek noe njarita, katjida pisan mashoer ramena keur waktoe kabawah koe Padjadjaran; kira-kira dina taoen 1530, waktoe mimiti aja agama Islam ti Tjirebon, nagara Banten aja soenan sarta geus teu kabawah parentah ka Padjadjaran.

Katerangan noe geus heubeul pisan pasal Banten, nja eta ti oerang Portugis, njeboetkeun mimitina ngadeg nagri Banten dina taoen 1510. Waktoe eta aja deui nagara diseboetna Soenda Kalapa, toeloej diganti Djakatra, noe ajeuna djadi nagara Batawi, noe sakitoe ramena; sabab djadi palaboewan kota Padjadjaran. Tapi sanggeus dajeuh Padjadjaran, nja eta Bogor ajeuna, diroeksak koe bangsa Islam ti Banten, Soenda Kalapa teh djadi tiiseun, ti harita ngan palaboewan Banten bae noe dioeroes koe oerang priboemi teh, nepi ka djadi gede.

Dagangan noe madjoe pisan nja eta pedes. Dina boekoe Tjina katjatoerkeun, maranehna mawa pedes ti Banten memeh taoen 1500.

Kota Banten ajana deukeut laoet di tengah-tengah 3 moewara Tjipeuteuj, dina tanah noe loba pisan rawana. Sakoerilingna eta kota make baloengbang; noe beulah kaler dingaranan Karangantoe. Tapi loba pisan kasakit, sabab tjaina kotor, datang ka dina taoen 1701, Soeltan miwarang njijeun solokan, ti paranti soeka-soeka Taman Tasikardi nepi ka kota. Eta solokan teu djero ngan 3 atawa 4 kaki bae djeung lamoen peuting ditoetoep koe awi noe kandel.

Tjaritaan nagri Banten noe sampoerna karangan Toewan HOUTMAN, dina taoen 1569, lolobana gambar-gambar djeung tanda-tanda noe aja keneh ajeuna didjieunna nja dina windoe ka 17.

Kota Banten djadina tina sababaraha kampoeng noe gegek pisan djelemana; djalan-djalanna laleutik, teu beunang dipake koe kahar atawa padati. Aja 3 lawang djeung 3 djalan noe dipelakan tangkal kai, nja eta ti aloen-aloen beulah kaler ka lawang laoet, ti aloen-aloen beulah kidoel ka lawang kota djeung ti aloen-aloen beulah wetan ka lawang goenoeng. Dina oesoem halodo djalan-djalan bareulah sarta ngeboel, ari ngidjih djeblog pisan. Ngan padati moending noe sok ngaliwat kadinja djeung ngan Soeltan bae noe kagoengan kareta teh. Djadi ti hidji desa ka desa sedjen teh marake parahoe bae.

Dina taoen 1739 Soeltan miwarang njijeun djalan ti boemina ka Krapjak, pandjangna 508 toembak.

Di aloen-aloen aja tangkal tjaringin, dihandapna paragi moetoes hoekoeman djeung paragi ngijoehan. Ari toetoep minggoe Soeltan ngadamel karijaan (Senenan) djeung ponggawana noe laloehoer.

Di sisi wawaloengan aja imah loehoer tihang kai, paragi nabeuh gamelan djeung ditengahna aja paranti tjalik Soeltan. Di tengah aloen-aloen aja deui imah leutik paranti gadjah.

Deukeut aloen-aloen aja masdjid, diadegkeunana dina taoen 1525, waktoe aja wali noe ngislamkeun. Dina paririmbon taoen 1700 diseboetkeun jen eta masdjid ditembok sakoerilingna djeung loehoerna 5 oempak.

Di deukeut masdjid, handapeun tangkal kambodja, aja makam radja-radja, didjieunna tina batoe pasagi, beunang ngoekir sarta direka djeung ditoelisan koe aksara Arab.

Wetaneun aloen-aloen aja hidji moenara loehoer, paranti neundeun parabot; eta moenara diroewag dina taoeun 1694 djeung dina taoen 1769 njijeun deui moenara nepi ka ajeuna aja dihareupeun masdjid.

Keur waktoe Banten gede keneh sarta rame, soedagar pedes teh, harkatna saperti menak bae. Prijaji-prijaji ajana diwetaneun karaton.

Kota teh dibagi sababaraha kampoeng, noe diparentah koe sakapala-sakapalana. Eta kampoeng-kampoeng lamoen ti peuting ditoetoep sarta didjaga koe 12 djelema. Lamoen aja kahoeroean, awewe noe mareuman, ari lalaki ngadjaga soepaja oelah aja djelema noe ngarampas.

Sakoeriling kota dipager tembok, kandelna 2 kaki, didjieunna toekangeun tembok loba pisan marijem laleutik. Pager batoe noe pabeneran laoet didjaga keras pisan nepi ka taoen 1700, ari noe sabeulah deui, beunang bangsa Djawa, arang pisan didjaga, malah dina taoen 1630 mah sasat teu dipalire bae datang ka dina taoen 1760 samasakali euweuh, ngan kari oeroetna bae.

Noe sabagian geus dipake kantor koe oerang Walanda, diadegkeunana dina taoen 1682 boelan April tanggal 7, sarta dina taoen 1685 eta kantor didjadikeun benteng, dingaranan Speelwijk; sakoerilingna benteng aja tjai djeung hidji sasak nepoengkeun antara benteng djeung kota. Didjero benteng aja hidji imah bodas loehoer keur komandan, aja goedang, tangsi djeung sadjaba ti eta. Bilikna koe batoe loehoerna 14 kaki djeung didjerona kira-kira aja 50 marijem. Dina taoen 1815 eta benteng ditinggalkeun, ajeuna ngan kari koetana bae. Deukeut Karangantoe oerang Walanda njijeun deui benteng leutik tempat marijem noe mashoer, nepi ka ajeuna sok dihalormat oge koe oerang Banten.

Dina taoen 1682 aja kahoeroewan gede pisan, datang ka meh bejak imah-imah kota Banten teh. Imah-imah noe kadoeroek didjieunna koe awi dianjam, dipoelas koe taneuh porang djeung hateupna eurih.

Imah-imah noe araloes ajana di sisi djalan noe tiloe teja. Dina taoen 1694 ngan imah Kapten Tjina noe aloes teh djeung dina taoen 1706 loba imah tembok bogana noe karaja, kagoengan Pangerang POERBA NEGARA djeung kapala Imam.

Ari karaton Radja ajana kidoeleun paseban; dina tjatetan taoen 1600 diseboetkeun, jen karaton radja teh saperti karaton radja-radja Djawa, nja eta make 3 lapis benteng djeung make pendopo; ari korsi medja mah atjan aja. Koe sabab sakabeh imah didjieunna koe awi, djadi babari pisan kahoeroewan. Tjek noe njarita karaton radja teh dina tanggal 4 December 1605 djeung dina tanggal 16 Juni 1607 meh bejak kadoeroek. Dina taoen 1680 kakara Soeltan HADJI ngadegkeun hidji karaton noe saroepa benteng, pandjangna 40 toembak, roebakna 20 toembak, ngaranna âKota Intenâ, djadi sisi waloengan beulah wetan; di djerona, eta karaton, dihijasan djeung loba parabotna, saperti di Walanda bae. Di djero karaton aja paranti tjalik istri-istri radja, ditembok; ari boedak beulian tjaritjingna di kampoeng, di imah noe laleutik.

Baheula aja 2 pasar di kota teh, nja eta deukeut Karangantoe, di aloen-aloen djeung di Kampoeng Tjina. Dina pasar noe kahidji loba djelema noe djoewal meuli kahakanan, tapi poekoel 9 geus boebaran. Di pasar aloen-aloen loba awewe noe dagang pedes, tjaoe djeung djambe; lalakina dagang roepa-roepa keris, peso djeung kai. Salijan ti eta aja hidji tempat paranti ngindjeumkeun doewit; deukeut eta aja noe ngadjoewal bawang, embe, djapati, manoek-manoek djeung sadjaba ti eta.

Aja deui toko Arab, ngadjoewal inten-inten djeung permata noe marahal; waroeng Banggala dagang barang-barang noe laleutik djeung toko-toko Tjina dagang soetra, boeloedroe djeung barang-barang poslen.

Djeung deui loba kapal noe mawa bejas ti Makasar; kalapa djeung minjak ti Balangbangan; oejah ti Gresik; madoe, lilin djeung goela ti Djakatra, Djapara, Karawang djeung Timoer; laoek garing ti Bandjarmasin; beusi ti Karimata (Borneo); timah bodas djeung hideung ti Pera djeung Selatan Malaka; barang-barang djeung papakejan ti Bali djeung Kambodja; poslen djeung soetra ti Tjina; kira-kira 8 atawa 10 kapal Tjina noe datang oenggal taoen, nja eta dina boelan Januari; ari balikna moewat pedes, nila djeung djaba ti eta.

Ngaloewarkeun pedes dina taoen 1603 kira-kira 26000 pond djeung dina taoen 1700 kira-kira 350000 pond. Noe ngadjoewal pedes teja Soeltan, didjoewalna sabahra (375 pond) 15 rejal (15 ringgit), tapi ari ngagaleuhna mah ti abdi-abdi ngan 8 rejal. Djeung make tjoeke deui 11%; tapi koe sabab toekang nimbangna teu bener, abdi-abdi teh panglobana ngan nampa 4 rejal; kitoe ge teu dibajar koe doewit, ngan koe madat, oejah, pakean djeung barang pakakas tatanen.

Koe sabab eta oerang priboemi teh teu marelak deui pedes, djadi beuki lila beuki koerang bae.

Pasar noe di paseban lilana ti poekoel 9 nepi ka lohor; lamoen enggeus, kakara pasar Tjina. Dina taoen 1610 imahna bangsa Tjina ditarembok; didinja loba soedagar-soedagar Portugis noe ngalandjrek djadi agen, komandanna di Malaka.

Dina taoen 1780 kira-kira aja 900 Tjina di Banten, tapi sanggeus 10 taoen ngan kari 200 deui.

Baheula oerang Inggris njijeun benteng deukeut moewara, tapi diparentah koe Soeltan Hadji dina taoen 1682 koedoe njingkah ti Banten, sabab sobatna Soeltan Ageng moesoehna Soeltan HADJI.

Baheula kota Banten teh pangaloesna keur tempat dagang, koe sabab eta toewan Besar Jan Pieterzoon Coen ngendjeng bae, linggihna di Banten atawa di Djakatra (ti taoen 1613 nepi ka taoen 1618).

Dina taoen 1802 karaton Banten teh geus roeksak, sabab teu hade mijarana djeung sisi nagara djadi rantja djeung keusik, datang ka Toewan Besar Daendels miwarang Anjer didjijeun kota anjar.

Eta parentah teu atjan didjalankeun, kaboeroe dina taoen 1808 komandan DU PUY aja noe maehan di karaton, Toewan Daendels miwarang ngaroeksak karaton heubeul teja, datang ka dina taoen 1832 karaton teh bejak pisan.

 

Tina Volksalmanak Soenda taoen ka hidji, 1919; katja 133-137; disalin ku Nyi Mpup di lante 7 Gedong Perpustakaan Nasional Jakarta.


 

Portal Bandung ?
http://www.bandung.com euy !


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor

Get unlimited calls to

U.S./Canada



Yahoo! Groups Links

Kirim email ke