|
Aing ngarasa sugema maca tulisan Kang EsEr. Manehna
masih bisa nahan emosi bari jeung heneg. Mun aing kaparengan nongton.. tuluy
ngadenge langsung eta omongan si Timbul.... Duka teuing bakal kumaha? Dasar
koplok si Timbul nepi ka kitu patut omongan teh... Maenya aing kudu ngaluarkeun
elmu Kasatriaan (Ganteng) aing? Maenya kudu nepi ka kitu?
Karak ngadenge wungkul geus leuwih ti
Heneg....
Bae, lah... Emang Jawa mah hayang meunang kabeh
wae. Padahal manehna teu inget Soekarno nu Jawa mun teu aktip di Bandung (nu
Sunda) moal nepikeun jadi Proklamator... Ciik atuh Jawa maenya aing kudu nyebut
bari jeung nyupata, mah...???
Teuing, ah...!! Kunaon peuting ayeuna aing jadi
rada gede ambek, euy..?? Cik baraya... Tulungan aing..!!
Punten baraya...!! Aing peuting ayeuna
"uang-aing"...
Sakali deui punten... Pedah komputer aing anyar,
kitu..?? Pedah 2 poe teu bisa noongan KusNet...?? Ieu kitu epek sampingna teu
miluan kusnet 2 poe?
Duka teuing lembur aing keur kabanjiran kitu? Atawa
aing sakeudeung deui rek beunghar?
Wassalam,
Om TEDDY
nu keur gede ambek
----- Original Message -----
Sent: Friday, February 18, 2005 11:13
PM
Subject: [Urang Sunda] Korek API
Korek api ieu lain korek api anu sok ngajelegur
hurung lamun dicekeskeun, tapi salahsahiji acara di TPI anu midangkeun acara
audisi pelawak. Ma'lum kaayeunakeun keur usum demam demaman salain DBD oge
demam audisi audisian, api-apian, idol-idolan, kadei-kadeian, boa-boa engke
mah kdi ge robah jadi kontes dukun indonesia atawa penghuni terakhir diganti
hadiahna ku kuburan anu hargana sarua sa-em oge, ngan meureun ngarana
diganti jadi peristirahatan terakhir, anu meunang bakal dibere hadiah
kuburan tur kudu cicing salilana didinya. Cing saha nu nek ngilu audisi
?
Balik deui ka korek api, basa kang Ibing jadi
tim pencela (juri) mun togmol mah geregeteun hayang nanya, naha ti urang sunda
euweuh nu ngirimkeun ? Nu jol teh ti jawa deui ti jawa deui jeung ti batawi.
Padahal pan urang sunda teh kasohor tukang banyol. Bener ceuk kang Akri
komedian urang kulon anu nyantri " Emang enak ngelawak!" celetukna. Enya teu
gampang ngabanyol hareupeun batur komo bari jeung dijurian ku para dedengkot
pelawak. Leuwih gampang nyeungseurikeun batur tibatan nyieun pikaseurieun.
Najan siuing ge anu sok pirajeunan kutrat kotret anu teu weleh dibumbuan ku
royko, eh ku humor, asana angkat tangan lamun kudu ngabodor dihareupeun umum.
Eta meureun pangna ti tatar pasundan jarang nu ngirimkeun. Matak
hanjelu.
Peuting kamari kahanjelu ka grup lawak ti sunda
asa ka ubaran ku tampilna SOS grup lawak asal Bandung. Bahan lawakanana edun,
plesetanana aptudet, jeung geus pasti logat sundana lekoh pisan. Palawak
Parto anu kungsi jadi koboy-koboyan di planet hollywood alatan embung
diwawancara ge, ngacungkeun jempol tur mere pujian pon kitu deui tim pencela
sejena saperti Tessy Kabul alias awewe kajajaden mere cap jempol oge.
Ngan hanjakal kang Ibing harita teu kaparengan ngajurian. Anu matak nyungkelit
kana ati komentarna Basuki salaku tim pencela, anu ngucapkeun "ENEK" ningali
lawakan SOS lantaran cenah geus nyaho ti sunda hayoh make ngahaleuang lagu
sunda. "Emang yang nongton acara ini urang sunda semuah!" Emh matak nyentug,
enya gara-garana mah mimiti ngalawak dibuka ku kecap kecap sunda bari
dihaleuangkeun. Pikeun anu sok pirajeunan nongton acara "Sasagon" ditivi
Bandung mah, hahaleuangan model kitu teh geus teu bireuk deui kawas bodoran
Siompong tea. Eta ge meureun meunang ngadopsi tidinya. Keun ngarana ge tim
pencela, malah basa aya grup ti Semarang anu ngomong kajawa-jawaan manehna
ngomong kitu oge. Tamba Era.
Ahirna tim SOS pangpunjulna, aya 37 % tina
pengumpulan sms. Hag siah enek enek tapi enak juga kan !" Mangga ka
urang sunda urang dukung baraya urang ieu, kujalan ngirim sms ketik API spasi
SOS ka 6288. Mun teu kuurang sunda nya kusaha deui, paling paling batur mah
nyebut ENEK maning, ENEk maning !.
SR ( Sunda Bangeeet
)
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|