-----
pangapunten ngintun deui ngalereskeun ejaan sun, tadi
na mah bade nagbentenkeun e pepet sareng e taling tapi
malih sadaya e pepet janten simbol nu
ngalieurkeun...hapunten ka sadayana.
------
Diajar paeh (terasna )
III. Keur naon diajar paeh? mending diajar hirup!
Keur naon diajar paeh? Mending ge diajar hirup! Paeh
mah ceuk beja ceuk cenah tina qur�an ge bakal, pernah
cenah Allah ngadugikeun ngalangkungan nabina baheula
pisan, qullu nafsin daikatul maot�. Mending diajar
hirup, diajar supaya hirup guna boh keur pribadi boh
keur batur bari bisa amal kahadean bekel engke lamun
paeh! Komo ayeuna jadi urang sunda nu ngan saukur
kekesed batur di tempatna sorangan kuduna mah tihohat
teh supaya hirup mulya paling saeutikna nyaruaan batur
lain kalahka diajar paeh. Nu sok nyarita kitu mah
cirining kaum inferior nu eleh bersaing dina hirup
kumbuh nya sok ngalamun ninggalkeun �tantangan� hirup
ka alam khayal, utopia, lamunan atawa nostalgia.
Eta panalek diluhur, heubeul kadenge, nu sigana memang
bener pisan ... jang naon diajar paeh, nu penting mah
diajar hirup nu paling-paling salah sahijina keur
bekel..... engke ... lamun paeh.
Tapi...tapi ... cenah nu nyarita kitu teh pohoeun
atawa teu arapaleun kana caritaan tina qur�an anu
lainna....nyaeta, diajar paeh teh supaya bisa hirup
leuwih mulya jeung menang tuduh nu enya keur
kamulyaan hirup...naha enya?
Kieu geura.....
Kongas salian ti supaya jadi yakin henteu cangcaya
atawa was was ngeunaan paẽh siga cariosan
Sayidina Ibrahim nuju naroskeun ka Allah supaya
dipasihan terang carana maẽhan jeung
ngahirupkeun deui teh, [nu tangtu mun nurut kana ku
caritaan sayidina Ibrahim mungkul mah bakal aya nu
ngajawab..�enya ari kitu tea mah tapi eta mah Nabi
..malah bapana para Nabi jeng ulul azmi deuih...urang
mah jalma biasa...urang mah teu perlu... cukup percaya
we kana caritaan cenah tina qur�an da cenah ti
Allah...jeung deui naha bakal bisa?].... bisa jeung
nyaho kana paeh teh diantarana ku salah sa tilu sabab
dihandap ieu:
Kahiji,
Bisa paeh teh.... supaya bisa nganyahokeun
kayakinan/amal/ageman nu geus dipigawe ku pribadi
salila hirup ieu kayaning bener henteuna/alus
henteuna. Lamun alus /bener diteruskeun dihadean lamun
goreng/salah dieureunan ditobatan.
Dina Mushaf Utsmani surat At Takwir Allah ngadawuh yen
cenah Karek lamun/saenggeus ngalaman kiyamat (loba
cirina teh aya kana 11-na) satiap nafs/jiwa bakal
nyaho kana sagala rupa nu geus dipigawena �aliman
nafsun maa ahdarat�.
Jadi... lamun hayang apal pasti kana sagala rupa hal
nu geus dipigawe bener henteuna alus henteuna..boh
kayakinan boh ageman boh amal urang kudu geus kiyamat
heula geuning ceuk Allah mah... ari paeh teh kaasup
kiamat leutik..kiamat gede mah boa moal ngalaman..
Jadi... lamun paeh ngan dianggap engke urang moal
nyaho (ceuk qur�an) naha enya kayakinan amal katut
sakabeh nu geus dilakukeun ayeuna teh bener
henteuna... misalna wae, naha enya nu geus dilakukeun
teh bener keur kamajuan pribadi, kulawarga, kasundaan
katut agama? Boa lain... boa enya. Saperti loba nu
ngomong yakin kana nu salila ieu dicekelna..tapi
karek ceuk cenah ceuk agama.... naon yakinna ari
euceuk mah? ....kumaha lamun salila ieu si euceuk teh
salah ?..Tangtu bakal aya nu nyarita ....Ah da ieu mah
euceuk ge lain sambarangan euceuk...ieu mah euceuk
qur�an nu cenah.... ceuk batur bener...he..he.. Heug
atuh ari kitu wae mah arek cukup percaya ka euceuk mah
kumaha dinya tapi... pan eta nu dipercaya teh
(Qur�an) nyebutkeun kudu paeh (kiamat leutik) heula
ari hayang �aliman nafsun maa ahdaraat� mah. Piraku
Allah bohong? Cik rek kumaha?
...Lamun geus bisa paeh (heula) pan ceuk Allah bisa
nganyahokeun kana naon nu geus dipigawe... urang bisa
intropeksi sorangan ku sorangan di sorangan... keur
kahareup nu leuwih alus salila Hirup engke...ti
nimbang di intropeksi ku batur...lah... sok teu
ngeunah ku batur mah
...Lamun paeh ngan dianggap engke wae lamun waktuna
paeh ceuk umum... hasilna kayakinan teh masih teuing
bener henteuna alus henteuna... da pan karẽk
pasti nyaho lamun geus paeh (kiamat) tea....Lamun
urang mamawa kateuing di akhir meureun dimana mulyana.
Ayeuna ge di dunya nu sagala teuing mah tara
kapake... sorangana ge
bangbaungeun...rumahuh...engkena teh can asak kaburu
beak.
Kadua,
bisa paeh teh sugan engke kabere Nur (Sunda) ti Allah
eukeur bekel kumelendang leuwih mulya di dunya.
Tina qur�an deui Gusti Allah cenah baheula kantos
ngadawuh:
Naha sarua jalma nu geus paeh terus ku kami dihirupan
terus ku kami dibere Nur (sunda) nu ku kitu teh
maranehna kumelendang di dunya ...jeung [jalma] nu
poek lolong bonconong? (QS, 6:122) � ieu teh bari
langsung dibandingkeun/aya hubunganna jeung para
pamingpin jjrd dian ayat satuluyna
Tah ieu maksudna kudu bisa paeh heula teh, ku cara
diajar paeh, sabab lamun geus ngalaman paeh..kapasihan
Nur (sunda) ti Allah
...pan kongas Iman oge lain pamere
guru/ulama/nabi/rasul atawa manehna ngaku geus iman
hayang asup kaom mukminin tapi...Iman nu ku urang
diteangan hayang boga tẽh mangrupa Nur (sunda)
ti Allah (Qs 42:52). Ari iman teh lain nikmat nu
panggede gedena ?? jeung pan ku modal Sunda ieu teh
jadi bekel urang nanjeur heubeul jaya di buana boga
dangiang sunda (Nur) caang lain jadi kekesed deungeun
wae!!!!.
Pan kongas dina musthaf utsmani disebutkeun... kitab
ge mangrupa Nur (sunda) (42:52) lain mangrupa tulisan
dina kertas...sabab lamun kitab teh mangrupa tulisan
dina kertas bakal rea nu nganggap mangrupa sihir...
(QS 6:7) jrrd..jrrd KASUNDAAN nu ngan khusus bacaeun
ahli waris ambiya.
Katiluna,
Lamun geus apal kana paeh, prosesna, cara cara na nu
jadi cecekelan nana....meureun engke dina waktuna
ninggalkeun ieu alam teh lugina pisan...moal
ngahesekeun batur jeung pribadina...da lain
kakara....paeh na ge geus unggal usik. Ayeuna keur
hirup ge naon lebarkeuneunana. Siga aya caritaan
kampung lamun aya urang kota maot sok nyarita kieu...
EULEUH EUY KARUNYA TEUING MANGKANING MAOTNA KAKARA !!!
untung teu kadarengeeun ku kulawargana...da lamun
kadengeeun mah tangtu disebut kurang ajar...atawa
disebut heureuy ...padahal ceuk nu surti mah enya
karunya lamun kakara bari teu apal mah...saha nu
ngeunah ngalaman sagala lupa nu kakara komo sakarat.
Cacak ka tempat anyar ge ti kota ka kampung ngarumas
komo deui pindah ti dunya ka aherat.
Sapertos biasa lamun pareng engke bagian sanesna urang
kintunkeun. Cag
------------------
IV. Kumaha carana diajar paeh ? tong sok kalahka omong
mungkul
__________________________________
Do you Yahoo!?
The all-new My Yahoo! - What will yours do?
http://my.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Give underprivileged students the materials they need to learn.
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/