Wa'alaikum Wr. Wb.,
 
Ngiring belasungkawa anu kalintang ageungna ka dulur-dulur urang, boh anu tilar dunya atanapi katalangsara alatan musibah taneuh (tumpukan runtah) urug di TPA Cireundeu (kawentar salaku TPA Leuwih Gajah) di wewengkon Cimahi. Ka nu ngantunkeun, pamugi ditampi Iman-Islamna; ka kulawargi anu dikantunkeun/kenging musibah, pamugi aya dina katawekalan; atuh ka sugri anu nandangan musibah sanesna, pamugi masing enggal damang sareng walagri deui sakumaha bihara-bihari.
 
Nyaeta atuh Kang, jaman "gagak ngelak dina luhur tutunggul" tea kitu ieu teh? Musibah patungturun, ngadatangan urang teras-terasan. Sabagean memang papasten anu rusiahna aya di Pangeran, sabagean deui meureun kulantaran laku arurang keneh kawitna. Kungsi aya posting ngeunaan mangsa "panen musibah" anu keur disanghareupan ku bangsa urang ayeuna. Paralun, sanes  miharep tambah-tambah musibah, namung  seueur pisan kakirangan-kakirangan urang salami 32 taun langkung katukang anu balukarna karandapan ayeuna.
 
Soal TPA bae contona. Antara tahun 1980-1990 teh aya panalungtikan aspek geologi lingkungan ngeunaan lahan anu tiasa dianggo TPA kalayan aman pikeun wewengkon anu disebut "Cekungan Bandung Raya" ("The Greater Bandung Region"), anu ngawengku kacamatan-kacamatan di Kota Bandung, Kabupaten Bandung jeung Kota Cimahi. TPA Dago, Leuwigajah, Cicabe, Pasir Impun, eta kalebet TPA-TPA anu diusulkeun sangkan HEUNTEU diteruskeun salaku tempat miceun sampah (TPA). Pon kitu deui, panalungtikan teh maparinan usul lokasi TPA anu sae (sacara geologis rada kirang ngandung resiko bencana). Namung nyakitu, sok sanaos eta oge aya TPA anu ditutup (TPA Dago, upamana),. rupina aya sabagean tina anu TPA diwagel anu masih terus dianggo (beroperasi).
 
Sanesna ti eta, unsur jeung panalungtikan ngeunaan kaamanan TPA-TPA di urang kalintang kirangna. Atuh sababaraha kali sim kuring nyakseni usulan pikeun ngamanfaatkeun runtah kanggo gemuk NPK lengkep (kandungan organik sareng hormon cekap) anu bahanna diantarana ngamanfaatkeun runtah, heunteu aya lajuninglakuna. Padahal, upamana bae eta runtah teh unggal dinten langsung kaserep ku industri gemuk (anu bahan bakuna tina runtah), sigana urang teh moal pusing atawa moal seueur teuing masalah pakait jeung/alatan tempat miceun sampah (TPA).
 
Baktosna,
manAR  
 
 
 
  

Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ass. Wr. Wb.

Ngabandungan kaayaan di lembur beuki pikasediheun wae. Banjir, longsor dimana-mana. Nembe pisan kenging wartos (di CNN oge aya), longsor di TPA di Cireundeu 136 jalmi kaurugan runtah dugi ka teu aya dikieuna. Dugi ka danget ieu nembe kapendak 7 an. Innalillahi wa inna ilaihi rooji'un.

Ganjar Kurnia



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.




Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke