Dina kala ider (kalender) Saka Sunda, anu nembe medal, kelir bulan kahiji, bulan Kartika tea, ngeunaan gambar/foto Situs Megalhitik Gunung Padang di Cianjur. Di handapeun eta foto aya katerangan kieu: "Situs Megalithikum ieu titinggal karuhun Sunda di lemah Cianjur, Kacamatan Campaka. Umurna ditaksir 60.000 taun samemeh Masehi sajaman jeung Atlantis (The Lost Continental). Titinggal karuhun Sunda ieu pan badagna sa Asia".
Cikan baraya, naha enya eta situs teh umurna sakitu? (kang Nana oge nu sanesna, mangga diantos pedaranana). Lamun enya teh, kacida geus kolotna atuh budaya mayarakat anu nyicingan Tatar Sunda teh? Upama kitu, pantes bae lamun kajadian talaga Bandung buhun geus aya (masyarakat) anu nyaksian, sakumaha nepi ka urang bejana ngaliwatan carita rakyat Sangkuriang (Numutkeun geologi, talaga Bandung buhun ditaksir kajadianana dina sabudeureun mangsa 10.000 taun ka tukang). Baktos, manAR ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to life by funding a specific classroom project. http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

