Asa hoyong ngadegkeun rumah baca sapertos di Margawangi... Ngan 
angger kudu aya nu ngungkulanana, kahoyong mah di Jatinangor, sabab 
strategis rorompok pun biang teh sisi jalan, katambah-tambah apan 
seueur mahasiswa didieu mah, tiasa janten mahasiswa seler sejen ge 
aya nu palayeun/kataji ku basa sunda, mugi2 manawi aya nu palay 
keurseus basa sunda... salian ti muka rumah baca oge, pami dina aya 
nu naros ngeunaan basa sunda tiasa dibantosan saeutik-eutikeun mah... 
ngan duka teuing tah... naha uing erek matuh di jatinangor? naha 
bulak-balik ka batawi?? 

~ipup~
(karek ngalamun)

--- In [email protected], MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Bulan Pebruari taun 2004 ngawanikeun maneh nyieun plang hareupeun 
imah nu
> unina "Rumah Baca Buku Sunda Jeung Sajabana", mimitina ngarasa 
diimah teh
> aya buku buku basa Sunda sok sanajan teu pati loba, asa lebar lamun 
ngan
> saukur dibaca ku kulawarga wungkul, nya antukna ngawanikeun maneh 
tea,
> ngawawarkeun ka balarea yen diimah teh aya buku-buku Sunda, lamun 
tea mah
> aya nu niat maca yap urang babarengan.
> Ngahaja tulisan dina plang teh Rumah Baca lain ditulis Taman Bacaan
> lantaran ceuk kuring mah antara Rumah Baca jeung Taman Bacaan rada 
beda
> konsep, ari Rumah Baca mah teu kudu mayar jeung bukuna teu bisa 
diinjeum,
> sabalikna jeung Taman Bacaan bukuna bisa diinjeum jeung kudu mayar 
(ieu
> pikiran teh meureun kapangaruhan ku jaman beh ditu, pedah kuring sok
> nginjeum buku ti Taman Bacaan nu kudu mayar tea).
> Niat awal saperti kitu, dina emprona geuning jadi beda, nu datang 
rek sina
> maca didinya teh karasa hese, da niatna nu datang teh rek nginjeum 
jeung
> kuring teu bisa ngoretkeun, ngan kuring sakapeung jadi 
hamham....balik deui
> moal buku teh...!
> Ayeuna bulan Pebruari 2005, Alhamdulillah rumah baca teh umurna geus
> jangkep sataun.
> Kahamham sok sieun buku beuki ngurangan alatan nu nginjeum teu 
malikeun
> deui Alhamdulillah teu kabuktian, malah sabalikna buku beuki 
nambahan
> kusabab aya nu haat mere buku basa Sunda keur ngeuyeuban nu geus 
aya.
> Nitenan jero sataun saha jeung kumaha profil anu nginjeum buku basa 
Sunda,
> garis badagna mah teu pati nyugemakeun.
> 1. Kuantitas nu datang teu pati loba, dina saminggu kalan-kalan aya 
nu
> nginjeum kalan kalan euweuh.
> 2. Nu ngahaja datang rek maca/ nginjeum kalolobaanana nu geus 
kolot, lamun
> kaparengkeun ngobrol eusina ngan sakadar panineungan hayang maca 
deui buku
> nu kungsi digugulung jaman keur budak, boh ti generasi Rusdi Jeung 
Misnem,
> generasi Gandasari, boh generasi Taman Pamekar.
> 3. Barudak anu datang lolobana antara SD jeung SMP lantaran aya 
tugas ti
> guru sakolana, datangna lain niat rek maca kahayang sorangan anu 
memang
> katarik ku bacaan basa Sunda, malah aya nu datang teh mamawa PR 
(Pekerjaan
> Rumah), harita keneh hayang dibantuan ngeusianana.
> 
> Promosi/ wawar ayana Rumah Baca Buku Sunda geus dilakonan, 
diantarana geus
> dua taun noron unggal kariaan 17 Agustus sok diayakeun lomba maca 
Carpon/
> dongeng basa Sunda di jalan hareupeun imah, nu bisa ngiluan eta 
lomba teh
> umum, bisa dewasa, budak, awewe, lalaki ti lingkungan RW satempat.
> Atuh wawar di ieu milis ge geus mindeng, kitu deui kungsi nulis 
dina "surat
> pembaca" dina salah sahiji harian/koran Bandung, jeung dina Majalah 
Cupumanik.
> Kitu deui ka barudak Karang Taruna di RW lembur kuring.
> 
> Tanggal 21 Peb 2005 ku Gubernur Jawa Barat geus di mimitian 
ayana "Hari
> Bahasa Ibu" nya meureun keur Tatar Sunda tangtuna ge nu disebut 
basa indung
> teh basa Sunda, atuh kitu deui di Dinas Kebudayaan/ Pariwisata 
Jabar geus
> dilakona supaya unggal poe Jumaah ngagunakeun basa Sunda keur 
panganteur
> boh keur gawe, rapat jeung gunem catur poe eta.
> Kitu deui di Kabupaten Cianjur asana unggal poe Rebo di sakuliah 
Kabupaten
> Cianjur kudu make basa Sunda.
> Ieu tarekah (lamun tea mah pantes disebut tarekah) pikeun 
ngahudangkeun
> deui kamaheran basa Sunda keur urang Sunda sapopoena, sugan we 
bakal aya
> hasilna, sok sanajan teu bisa ngan ukur kitu, kudu aya deui 
lajuninglaku
> sejena anu leuwih daria.
> 
> Basa Sunda keur kuring nya basa indung basa nu pang mimitina 
dipikanyaho,
> nu pang mimitina kuring bisa komunikasi jeung nu sejen, ti mimiti 
kecap
> emam, eueut...ema..apa...basa kuring keur orok/ lelengkah halu 
keneh, nya
> basa Sunda pisan nu karasa nyerep kana hate waktos Ema/ Apa 
(indung/ bapa)
> nuju sasauran, nya basa Sunda pisan waktos Ema/Apa nyeukseukan.
> Nya Basa Sunda pisan ciri anu pang nyatana ayana bangsa Sunda. 
> Buku basa Sunda pisan anu pangmimitina dipikawanoh basa kuring 
waktu diajar
> maca.
> 
> Mindeng kapireng boh dina acara di televisi boh dina radio, lamun 
geus
> guntreng bab sastra  Sunda lumpatna sok kana buku basa Sunda, 
mindeng aya
> nu nelepon ngiluan dina eta padungdengan, nembrakeun pamanggihna yen
> neangan buku Sunda teh hese, malah aya nu kungsi nanya naha sok 
terbit
> keneh buku basa Sunda teh.
> Atuh di ieu lembur di Kusnet sok aya nu nanyakeun kamana neangan 
buku Sunda.
> Ana kitu meureun nu resep maca buku Sunda aya keneh.
> 
> Tapi naha geuning asa patojaiah jeung nu datang rek maca/nginjeum 
buku basa
> Sunda nu ceuk kuring mah kaasup saeutik, teuing pedah tempat/imah 
kuring
> haraharaeun sugan.
> 
> Kahayang mah buku basa Sunda teh aya diunggal tempat, boh nu 
disebut kios
> buku, rumah baca, taman bacaan atawa nu sejena, carana mah unggal 
jalma
> bangsa sunda nu boga buku basa Sunda (teu kudu loba) heug muka 
lawangna
> dijadikeun rumah baca buku Sunda, komo para inohong mah, nu tangtu 
buku
> basa Sunda-na loba, tong sieun buku leungit, tong sieun buku jadi 
ruksak,
> der we bumi teh dijantenkeun rumah baca buku Sunda.
> 
> Sugan we ku kitu sasieureun sabeunyeureun bisa ngerem basa Sunda 
tina
> kamusnahanana ( saur Pa Ajip Rosidi basa Sunda geus kaasup antrian 
dina
> 3000 basa nu bakal musnah)
> 
> Cag
> MSasmita





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke