Duh, teu karaos nya, Ua?
Sataun asa sapoe. Unggal minggu teu karasa geus ganti.
Enya, sataun teh lain itungan nu sajorelat.
Meureun teu acan weh, Ua.
Ngke ge, mun tos pada apal mah, komo mun nu boga minat gede kana 
maca buku sunda tos apal mah, teu burung jauh di jugjug anggang di 
teang geura.

Kuring ge hayang sabenerna mah, silaturahmi bari sakalian ngilu maca.
Tapi lengkah kahalangan ku ongkos ningan. Hehe.. 

Ua, simkuring ge gede ari kahayang mah.
Hayang nulis novel dina bahasa sunda. Geus parat eta ge. Tapi nya 
kitu tea, kuring teu bisa ngedit sorangan. Aya nu daek pangeditkeun, 
tapi tetep weh halangan aya di diri sorangan. Teu kaburu ngetikna 
tea, teu kaburu naonna tea. Nu geus beres di ketik tur di edit karek 
3 Bab tina kabehna 10 Bab.

Wilujeung tepang taun kanggo Rumah Baca Buku Sunda,
mudah-mudahan dina waktu nu santek ieu, simkuring bisa nganjang.

salam,

widzar.
*) keur hayang ingkah ti bdg.


--- In [email protected], MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Bulan Pebruari taun 2004 ngawanikeun maneh nyieun plang hareupeun 
imah nu
> unina "Rumah Baca Buku Sunda Jeung Sajabana", mimitina ngarasa 
diimah teh
> aya buku buku basa Sunda sok sanajan teu pati loba, asa lebar 
lamun ngan
> saukur dibaca ku kulawarga wungkul, nya antukna ngawanikeun maneh 
tea,
> ngawawarkeun ka balarea yen diimah teh aya buku-buku Sunda, lamun 
tea mah
> aya nu niat maca yap urang babarengan.
> Ngahaja tulisan dina plang teh Rumah Baca lain ditulis Taman Bacaan
> lantaran ceuk kuring mah antara Rumah Baca jeung Taman Bacaan rada 
beda
> konsep, ari Rumah Baca mah teu kudu mayar jeung bukuna teu bisa 
diinjeum,
> sabalikna jeung Taman Bacaan bukuna bisa diinjeum jeung kudu mayar 
(ieu
> pikiran teh meureun kapangaruhan ku jaman beh ditu, pedah kuring 
sok
> nginjeum buku ti Taman Bacaan nu kudu mayar tea).
> Niat awal saperti kitu, dina emprona geuning jadi beda, nu datang 
rek sina
> maca didinya teh karasa hese, da niatna nu datang teh rek nginjeum 
jeung
> kuring teu bisa ngoretkeun, ngan kuring sakapeung jadi 
hamham....balik deui
> moal buku teh...!
> Ayeuna bulan Pebruari 2005, Alhamdulillah rumah baca teh umurna 
geus
> jangkep sataun.
> Kahamham sok sieun buku beuki ngurangan alatan nu nginjeum teu 
malikeun
> deui Alhamdulillah teu kabuktian, malah sabalikna buku beuki 
nambahan
> kusabab aya nu haat mere buku basa Sunda keur ngeuyeuban nu geus 
aya.
> Nitenan jero sataun saha jeung kumaha profil anu nginjeum buku 
basa Sunda,
> garis badagna mah teu pati nyugemakeun.
> 1. Kuantitas nu datang teu pati loba, dina saminggu kalan-kalan 
aya nu
> nginjeum kalan kalan euweuh.
> 2. Nu ngahaja datang rek maca/ nginjeum kalolobaanana nu geus 
kolot, lamun
> kaparengkeun ngobrol eusina ngan sakadar panineungan hayang maca 
deui buku
> nu kungsi digugulung jaman keur budak, boh ti generasi Rusdi Jeung 
Misnem,
> generasi Gandasari, boh generasi Taman Pamekar.
> 3. Barudak anu datang lolobana antara SD jeung SMP lantaran aya 
tugas ti
> guru sakolana, datangna lain niat rek maca kahayang sorangan anu 
memang
> katarik ku bacaan basa Sunda, malah aya nu datang teh mamawa PR 
(Pekerjaan
> Rumah), harita keneh hayang dibantuan ngeusianana.
> 
> Promosi/ wawar ayana Rumah Baca Buku Sunda geus dilakonan, 
diantarana geus
> dua taun noron unggal kariaan 17 Agustus sok diayakeun lomba maca 
Carpon/
> dongeng basa Sunda di jalan hareupeun imah, nu bisa ngiluan eta 
lomba teh
> umum, bisa dewasa, budak, awewe, lalaki ti lingkungan RW satempat.
> Atuh wawar di ieu milis ge geus mindeng, kitu deui kungsi nulis 
dina "surat
> pembaca" dina salah sahiji harian/koran Bandung, jeung dina 
Majalah Cupumanik.
> Kitu deui ka barudak Karang Taruna di RW lembur kuring.
> 
> Tanggal 21 Peb 2005 ku Gubernur Jawa Barat geus di mimitian 
ayana "Hari
> Bahasa Ibu" nya meureun keur Tatar Sunda tangtuna ge nu disebut 
basa indung
> teh basa Sunda, atuh kitu deui di Dinas Kebudayaan/ Pariwisata 
Jabar geus
> dilakona supaya unggal poe Jumaah ngagunakeun basa Sunda keur 
panganteur
> boh keur gawe, rapat jeung gunem catur poe eta.
> Kitu deui di Kabupaten Cianjur asana unggal poe Rebo di sakuliah 
Kabupaten
> Cianjur kudu make basa Sunda.
> Ieu tarekah (lamun tea mah pantes disebut tarekah) pikeun 
ngahudangkeun
> deui kamaheran basa Sunda keur urang Sunda sapopoena, sugan we 
bakal aya
> hasilna, sok sanajan teu bisa ngan ukur kitu, kudu aya deui 
lajuninglaku
> sejena anu leuwih daria.
> 
> Basa Sunda keur kuring nya basa indung basa nu pang mimitina 
dipikanyaho,
> nu pang mimitina kuring bisa komunikasi jeung nu sejen, ti mimiti 
kecap
> emam, eueut...ema..apa...basa kuring keur orok/ lelengkah halu 
keneh, nya
> basa Sunda pisan nu karasa nyerep kana hate waktos Ema/ Apa 
(indung/ bapa)
> nuju sasauran, nya basa Sunda pisan waktos Ema/Apa nyeukseukan.
> Nya Basa Sunda pisan ciri anu pang nyatana ayana bangsa Sunda. 
> Buku basa Sunda pisan anu pangmimitina dipikawanoh basa kuring 
waktu diajar
> maca.
> 
> Mindeng kapireng boh dina acara di televisi boh dina radio, lamun 
geus
> guntreng bab sastra  Sunda lumpatna sok kana buku basa Sunda, 
mindeng aya
> nu nelepon ngiluan dina eta padungdengan, nembrakeun pamanggihna 
yen
> neangan buku Sunda teh hese, malah aya nu kungsi nanya naha sok 
terbit
> keneh buku basa Sunda teh.
> Atuh di ieu lembur di Kusnet sok aya nu nanyakeun kamana neangan 
buku Sunda.
> Ana kitu meureun nu resep maca buku Sunda aya keneh.
> 
> Tapi naha geuning asa patojaiah jeung nu datang rek maca/nginjeum 
buku basa
> Sunda nu ceuk kuring mah kaasup saeutik, teuing pedah tempat/imah 
kuring
> haraharaeun sugan.
> 
> Kahayang mah buku basa Sunda teh aya diunggal tempat, boh nu 
disebut kios
> buku, rumah baca, taman bacaan atawa nu sejena, carana mah unggal 
jalma
> bangsa sunda nu boga buku basa Sunda (teu kudu loba) heug muka 
lawangna
> dijadikeun rumah baca buku Sunda, komo para inohong mah, nu tangtu 
buku
> basa Sunda-na loba, tong sieun buku leungit, tong sieun buku jadi 
ruksak,
> der we bumi teh dijantenkeun rumah baca buku Sunda.
> 
> Sugan we ku kitu sasieureun sabeunyeureun bisa ngerem basa Sunda 
tina
> kamusnahanana ( saur Pa Ajip Rosidi basa Sunda geus kaasup antrian 
dina
> 3000 basa nu bakal musnah)
> 
> Cag
> MSasmita





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give underprivileged students the materials they need to learn. 
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke