di dieu harepan jadi walungan
: kanggo teh neni, nu nuju sedih.

enya, meureun kuring jeung anjeun geus teu bisa deui ingkah
malibir jalan tina carita nu geus mangusum-usum kajadian
urang rurusuhan ngalengkah 
lumpat tina kanyeri nu ngarohang na dada urang
kuring jeung anjeun ningan teu walakaya
ukur bisa ngaheruk bari ngitung ratugna jajantung

di dieu, harepan jadi cai walungan
ngamalir marengan getih
sarenghap jeung ambekan urang
ngamuara dina hate

peuting ukur nyesakeun jempling
sedeng carita anjeun can manggih tungtungna
beuki peuting, hate beuki godewang
"ningan cinta teh perih, Kang!" gerentes hate anjeun
marengan bulan nu ceurik balilihan.

BumiAllah, 13 Februari 2005.


saleresna mah puisi ieu teh tos lami di damelna.
tapi nembe ayeuna ningan kapostingkeun nana.
muhun,  ieu mah puisi kanggo nu nuju saredih.
nu nuju bagja kenging maca, tapi kedang ngiring sedih.
hehe..

salam,

widzar.
*) tetep hayang ingkah ti bdg.





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke