Abdi oge gaduh Ua, dilandina teh Ua Euceu sabab anjeunna kapungkur sok ngaeuceukeun ka kapiadina atawa ka adi-adina...
~ipup~ (ari abdi ngke kumaha, can gaduh nami keur ngke jaga mun geus kolot, maenya nini pupi, atawa nini puspita.... ari salaki mah geus aya nu mantes, aki kandar) --- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > enya cenah, ngaran 'asep' teh nenehna alias ngaran > lalandian kadeudeuh. ngan kulantaran di urang mah taya > aturan nu tangtu, jigana tacan aya buku 'manual' > pikeun panduan nyieun ngaran, nya eta ngaran nu > satadina nenehna jaman keur budak teh kababawa nepi ka > kolot. > > kuring boga balad jaman sakola, ngaranna 'ujang', > urang sumedang. ayeuna eta si sujang teh jadi guru di > bandung. nya ku budak asuhanana sok disebut 'pak > ujang'. oge boga dulur, anak ua, ngaranna ade jeung > nyai. kusabab aya undang-undang pancakaki, nu > diparancahkeun pikeun nyebut ka dulur anu aya patali > getih, nya ka anak ua teh kuring dudu nyebut 'kang > ade' jeung 'ceu nyai'. heuheuy, aya 'pak asep', 'pak > ujang', 'kang ade' jeung 'ceu nyai' atuh. ongkoh > 'bapak' tapi 'asep' jeung 'ujang'. ongkoh 'akang' tapi > 'ade', ongkoh 'euceu' tapi 'nyai'. > > salam, > MH ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for anyone who cares about public education! http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

