***************************************
...si kuring meunang lalandihan teh, "Adi" (pedah anak cikal ti bungsu
na-indung kuring- pun nini) di kulawarga reujeng di lembur mah, ...
baheula mah keur jaman budak keneh, di "Adi, Adi" teh teu resep da
sakabeh teh meuni merhatikeun pisan ka si kuring pedah pangleutikna
... tapi ayeuna babaturan nu baheulana sahandapeun teh angger bae
nyebut na teh Kang Adi...Mang Adi... sakapeung mah sababaraha nu
dipika Uwa mah sok nyalukan Ade Adi....tara ieuh  nyalukan ku ngaran
bener mah iwal ti babaturan sakuliah jeung kantor!!!.....
hehehueheuu.. aya ku hemeng jadina , tapi kuring mah saukur unggeuk2
imut mun aya nu nyalukan  Kang Adi, Mang Adi atawa Ade Adi .....

cag,

-pun adi- 

*mun KR alus teunya?, enya KR alias Kang Rudy atawa SR= Sujang
Rudy...ntong ah bisi Kang Syam molototan.... heuehuheu
************************

On Sat, 26 Feb 2005 17:52:28 -0800 (PST), mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> enya cenah, ngaran 'asep' teh nenehna alias ngaran
> lalandian kadeudeuh. ngan kulantaran di urang mah taya
> aturan nu tangtu, jigana tacan aya buku 'manual'
> pikeun panduan nyieun ngaran, nya eta ngaran nu
> satadina nenehna jaman keur budak teh kababawa nepi ka
> kolot.
> 
> kuring boga balad jaman sakola, ngaranna 'ujang',
> urang sumedang. ayeuna eta si sujang teh jadi guru di
> bandung. nya ku budak asuhanana sok disebut 'pak
> ujang'. oge boga dulur, anak ua, ngaranna ade jeung
> nyai. kusabab aya undang-undang pancakaki, nu
> diparancahkeun pikeun nyebut ka dulur anu aya patali
> getih, nya ka anak ua teh kuring dudu nyebut 'kang
> ade' jeung 'ceu nyai'. heuheuy, aya 'pak asep', 'pak
> ujang', 'kang ade' jeung 'ceu nyai' atuh. ongkoh
> 'bapak' tapi 'asep' jeung 'ujang'. ongkoh 'akang' tapi
> 'ade', ongkoh 'euceu' tapi 'nyai'.
> 
> kabiasaan ngaran jiga di luhur teh, jadi rada hese
> upama ngaran dipake pikeun identitas pangbeda. eta we
> geura, upama jaga geus cueut kaharep, nu keur jaman
> ulin jeung leutak sok disebut 'si asep', 'si ujang',
> 'si ade', jeung 'si nyai', uapma geus paketrok jeung
> iteuk baris dilandi jadi 'abah asep', 'aki ujang',
> 'mama ade' jeung 'nini nyai'.
> 
> hesena neangan identitas nu kagambar dina ngaran teh,
> jigana di urang mah geus jadi kabiasaan. sabab teu
> saeutik, ngaran teu pati ngagambarkeun atawa teu pati
> ngawakilan nu digambarkeunana atawa nu diwakilanana.
> contona pajeg motor jeung mobil, nu di batur disebut
> 'road tax' atawa 'cukai jalan', di urang mah apan
> disebut STNK (surat tanda nomor kendaraan). upama make
> harti eksplisit mah, weleh moal katimu yen STNK teh
> pajeg jalan. kitu deui bayaran sakola nu dibatur
> disebut 'iuran' apan di urang mah disebut 'sumbangan'.
> 
> tapi kulantaran jalma mah 'prosesor'-na lain meunang
> nyieun 'intel' atawa 'amd' anu togmol teu kaci midua
> (ambiguous), tapi beubeunangan NU MAHA NGERSAKEUN, nya
> teu kagambar ku harti ekplisit oge bisa disurahan ku
> harti implisit. ari harti implisit tea apan heunteu
> hiji, kumaha nu nafsirkeunana wae.
> 
> salam,
> MH
> 
> --- asep juarna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Ceuk cenah mah ari ngaran teh warisan munggaran ti
> > indung bapa. Ngarasa bagja boga ngaran Asep teh, sok
> > sanajan ceuk sajarahna mah, cenah eta oge, ngaran
> > Asep nu dilarapkeun ka kuring eta teh ngan saukur
> > nenehna atawa panyaluk deudeuh (panggilan sayang).
> > Teu rek bagja kumaha atuh da, kuring jadi teu bisa
> > nyumput tina kasundaan, moal aya nu nyangka kuring
> > urang batak siga Ki Hasan...
> >
> > AJ
> 
> =====
> dapur: http://free.angeltowns.com/studio579/
> 
> __________________________________
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Mail - You care about security. So do we.
> http://promotions.yahoo.com/new_mail
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
>


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke