Minggu kamari aya sababaraha email ti milis kulawarga urang Sunda, nu ngiberan rehna cenah Basa Sunda kiwari kaasup basa anu keur nunggu dawuh. Sabab cenah kaasup salah sahiji basa tina 3.000 basa di ieu dunya anu baris punah di akhir abad ka-21. Eta anggapan teh cenah didasarkeun tina panitenan, yen nonoman Sunda teu pati loba nu migunakeun basa pinutur basa Sunda.
Naha kaayaan sabenerna jiga kitu? Wallahua'alm. Ngan tadi peuting, kabeneran kuring ngilikan hiji software palebah basa nu dipake pikeun antaramuka-na. Sabab teu saeutik pikeun strategi dagang, dina nyieun software bagean antaramuka sok dipisahkeun jeung eusi programna. Supaya lamun geus beres, eta software bisa gampang diadaptasi kana basa lain. Pikeun adaptasi supaya kana basa lain aya standarna, nyaeta ISO-639. Anu eusina taya lian, daftar singketan basa nu aya di sakuliah dunya. Tetela dina ISO-639 teh geuning salah sahijina BASA SUNDA (SU). Teu loba basa daerah di Indonesia nu kaasup ISO-639 teh, ngan dua nyaeta BASA SUNDA jeung BASA JAWA, nu katiluna tangtu BASA INDONESIA. Upama nitenan jiga kitu, jigana kamelang Basa Sunda baris punah jigana masih bisa ditarekahan. Salah sahijina taya lian urang sunda kudu geten ngamangpaatkeun media pikeun ngamumule Basa Sunda. Media Internet anu mangrupakeun media bebas, bisa dimangpaatkeun pikeun maksud eta. Misalna, ku jalan ngeuyeuban bahan bacaan boh hiburan oge pangaweruh make basa Sunda. Salam, MH ===== dapur: http://free.angeltowns.com/studio579/ __________________________________ Do you Yahoo!? Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone. http://mobile.yahoo.com/maildemo ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

