Kuring jadi emut ka Guru (komunikasi) sareng ka senior
kuring, dina raraga "memasyarakatkan" basa lokal
(Sunda), jadi istilah ilmiah anu "global".
Dina disertasina, guru kuring anu teureuh Cirebon
jeung Tasik, migunakeun istilah "blodokotomi" keur
nunjukkeun hiji sifat anu boga fungsi "mendua/ganda".

Ari blodok sabangsaning lauk leutik anu hirup di laut
basisian kaler, sakapeung mah lamun cai keur saat, sok
mucunghul di leutak. Eta lauk teh bisa hirup di dua
tempat cai jeung di leutak. Guru kuring ngagunakeun
istilah eta teh, pedah wae waktu keur leutik sok ulin
di basisir kaler, ningali lauk anu narik hatena.

Ari senior kuring lain deui. Dina skripsina anu
ngabahas perkara film, migunakeun istilah "hawangan".
keur hiji sifat anu nunjukkeun "lorong sempit tapi
panjang". 

mrachmatrawyani

--- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Minggu kamari aya sababaraha email ti milis
> kulawarga
> urang Sunda, nu ngiberan rehna cenah Basa Sunda
> kiwari
> kaasup basa anu keur nunggu dawuh. Sabab cenah
> kaasup
> salah sahiji basa tina 3.000 basa di ieu dunya anu
> baris punah di akhir abad ka-21. Eta anggapan teh
> cenah didasarkeun tina panitenan, yen nonoman Sunda
> teu pati loba nu migunakeun basa pinutur basa Sunda.
> 
> Naha kaayaan sabenerna jiga kitu? Wallahua'alm. Ngan
> tadi peuting, kabeneran kuring ngilikan hiji
> software
> palebah basa nu dipake pikeun antaramuka-na. Sabab
> teu
> saeutik pikeun strategi dagang, dina nyieun software
> bagean antaramuka sok dipisahkeun jeung eusi
> programna. Supaya lamun geus beres, eta software
> bisa
> gampang diadaptasi kana basa lain. 
> 
> Pikeun adaptasi supaya kana basa lain aya standarna,
> nyaeta ISO-639. Anu eusina taya lian, daftar
> singketan
> basa nu aya di sakuliah dunya. Tetela dina ISO-639
> teh
> geuning salah sahijina BASA SUNDA (SU). Teu loba
> basa
> daerah di Indonesia nu kaasup ISO-639 teh, ngan dua
> nyaeta BASA SUNDA jeung BASA JAWA, nu katiluna
> tangtu
> BASA INDONESIA. 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke