Euleuh...geuning mani munel kitu eta hasil panglawungan teh...! sae pisan kanggo bahan garapeun kahareup pikeun urang sarerea salaku warga kusnet. Insya Allah sim abdi baris ngiring ngarojong kana naon-naon program kusnet anu baris dilaksanakeun utamana dina jangka pondok ieu, kitu pikeun jangka panjang boh tanagi atanapi emutan insya Allah. (duka ari jangka imah mah ....heheh). Teu hilap sim abdi ge sok sanaos teu ngiluan langsung dina ieu panglawungan, ngahturkeun nuhun ka para panitia anu parantos tihot-hat gawe babarengan pikeun lumangsungna ieu acara. mugia sagala kasaean sadayana dibales ku Allah Swt kunu langkung....amin Kanggo kang ManAr, hatur nuhun kana pedaran laporanana anu sakitu merele tur lengkepna.
Cag...ah, nuhun. BM'69 -kanggo kang Ikmal diantos pisan ulemanana. -kangggo kang Rachmat punten japri ka abdi hasil jepretanana, nuhun. --- In [email protected], oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Baraya, > > Satadina mah moal buru-bur nulis ieu laporan jalaran bade ngabakian heula laporan ti Kusnet warga jakarta anu sasatna salaku candolina (nu mangku) eta hajatan. Ngan geuningan di dagoan tepi ka jam sakieu jeung tepi ka geus aya anu nataroskeun (Kang Iim), teu acan embol-embol hiji ge laporan teh (duka upama salila ieu posting diserat mah, aya sugan). Sigana Kusnet Jakarta teh keur pakupis nombokan biaya hotel, da eta bae cenah lumayan gede oge kurangna teh, 2 kali lipetna tina hasil kencleng anu dijagragkeun dina sisi panto asup rohangan panglawungan, di Hotel Santika, Slipi, Jakarta tea. > 1. Aya 4 poko garapan pikahareupeun anu nyoko udagan jejer padungdengan/sababna aya panglawungan atawa pasoalan kasundaan anu samemehna dipintonkeun jeung diadurenyomkeun. Anu 4 teh ngawengku kana: (mulasara) titinggal sajarah, partisipasi pulitik, organisasi kasundaan, jeung ngeunaan basa. > > 2. Tina pasoalan anu opat, program Pabukon anu diancokeun utamana pikeun ngubaran pasoalan ningkatkeun partisipasi politik (sacara teu langsung, ceuk MJ mah: mere atikan (ngeunaan kasadaran kasundaan) ka barudak, ibarat nulis dina batu), sigana bisa jadi unggulan atawa program anu penting pisan ditingkatkeun deui ngokolakeunana. Atuh pon kitu deui, MJ jeung Ua Sas nguatan ku dadaranana anu lumayan rinci ngeunaan Pabukon. Ceuk MJ dina eta riungan, mun bisa mah sanajan kapangurusan Kusnet gunat-ganti, Pabukon mah kudu tetep aya/lumangsung. > > 3. Pikeun ubar soal organisasi kasundaan, kacindeka program jangka pondok anu seja dipigawe dina taun ieu teh diantarana ngaronjatkeun silaturahim ka organisasi-organisasi jeung inohong-inohong kasundaan/Sunda. Kang MGT meupeujeuhan pisan sangkan program ieu bener-bener bisa kalaksanakeun dina taun 2005 ieu kalawan daria tur rada kerep. > > 4. Pikeun milu ngurangan kana pasoalan mulasara bukti/titinggal sajarah, program anu dianggap realistis bisa kalaksanakeun ku Kusnet teh nyaeta wisata sajarah. Ringkesna, dina taun ieu minimal sakali mah anggota Kusnet, sakumaha bae lobana, ngahaja ngayakeun "napak tilas" atawa lolongok ka patempatan-patempatan anu kawentar salaku kabuyutan atawa lokasi titinggal sajarah. Tempat jeung waktuna engke seja dipadungdengkeun deui. Program sejenna anu masih dilalanyahan dina lebah dieu nyaeta nyusun buku (ngeunaan sajarah utamana mah). Bahan-bahana mah geus sakitu ngahunyudna di arsip file milist. Sugan bae atuh katanagaan. kana program sosialisasi tea.> > > Rupina sakitu heula anu tiasa kapihatur, kirang langkungna nyuhunkeun pangropea ti sadayana, khususna ti anu haladir di panglawungan Kusnet mangkukna di Hotel Santika, Jakarta. > Pamungkas, hatur nuhun ka Mang Ayat, Kang Ganjar (sanaos ti katebihan), Kang MGT anu parantos mamaparinan bahan padungdengan. Oge ka sadayana anu haladir sareng anu rumojong kana ieu acara, kalintang nganuhunkeunana. > > Baktosna, > manAR > > > > --------------------------------- > Do you Yahoo!? > Yahoo! Mail - Find what you need with new enhanced search. Learn more. > > [Non-text portions of this message have been removed] > > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. > > > > Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT > > > --------------------------------- > Yahoo! Groups Links > > > To visit your group on the web, go to: > http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ > > To unsubscribe from this group, send an email to: > [EMAIL PROTECTED] > > Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. > > > > --------------------------------- > Do you Yahoo!? > Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

