hatur nuhun kang Edi kana kritikna.
---------- perkawis program pabukon, salah sarebu kahayang KUSnet nu dipeuntaskeun ku yayasan perceka tea, estuning bisana nembe ka dinya. ngukur kana kabisa si kuring salaku pupuhu yp oge ua sas sareng sadaya nu ngarojong program eta. salaku pupuhu oge estuning sakaburuna. di hotel Santika Jkt kamari oge, aya nu nyarios, yen sanajan kumaha oge, urang teh sasatna mah selingkuh. mun ceuk basa si kuring mah, ekstrakurikuler. da masing-masing baroga dapur nu kudu ngebul, alias garaduh padamelan sewang-sewangan. sadar kana kaayaan kitu, nya dina tarekahna oge, kumaha carana ulubiung susundaan, ku cara nu bisa. kalebet program pabukon. PSK ieu khusus pikeun barudak SD-SMP di lembur singkur jauh ti kota, alias di desa-desa. make cara informal, ngan ukur dititipkeun di hiji bumi baraya nu kersa katitipan, sangkan dibaraca ku barudak sabudeureunana. mun bisa mah, di bumi eta teh aya murid SD-SMP, sangkan ngajak babaturanana maraca di imahna. --- aya kahayang nyieun dana abadi. ti kapungkur kang MGT tos ngusulkeun. tapi kumaha atuh carana. boroning dana abadi, kencleng oge seuseut. sanaos si kuring teu nyebat seuseut dina harti goreng, nya meureun kamampu urang nembe sakitu. da aya hiji dua nu rutin autodebet (Ua Djatnika sareng kang Dhany Riau), aya nu ngintun moneygram ti Seoul (Ua Siddik, hatur nuhun Ua) ---- rumaos kaayaan ngan sakieu, nya dina soal prak, kahayang teh si kuring mah think localy act localy bae, rumaos cinta teh perlu biaya...hehe. dulur jakarta pantes oge dipuji, aya kahayang, sumanget saur si Ua Sas mah. ngan wayahna, ulah luhur teuing, get real we heula. mj http://geocities.com/mangjamal [EMAIL PROTECTED] > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today! http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

