Wahh.. palupuh? kolong?
hemm... asa jadi kabawa ka jaman katukang.
enya, asa betah cicing di pagunungan bari imah saung. masakna di 
hawu keneh, resep niupan hawu ku songsong kuring mah. mun berang teh 
resepna ngadaweung dina golodog imah. nempokeun sawah nu hejo 
ngemploh. 

beughh... ayeuna mah di mana teuing.
lembur geus rubah jadi kota nu pinuh ku gedong-gedong jangkung.
hawa ngelekeb panas kabina-bina. masak kudu make minyak wae. komo 
geus aya gas mah. geus eweuh meureun nya nu ngaranna kastrol mah? da 
ningan ayeuna mah make magicom wae masak sanguna ge.

ahh...
hayu atuh, urang nempo lembur.
saha nu boga lembur? ajak-ajak kuring nya.
hayang nincak pilemburan deui.

salam,

widzar.
*) keur hayang ingkah ti bdg

--- In [email protected], "Yudi Irmawan" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> 
> 
> Sami Akang2, tong boroning anu tos mangpuluh2 taun, dalah abdi nu 
> masih keneh atah adol (ageung taun 80-90an) wararaas nyawang 
> kapengker. Harita mah raraosan waktos teh asa panjang sareng teu 
> ngudag2 cara ayeuna. Salah sawios kasang tukangna mah 
komersialisasi 
> internet sareng email di taun 90-an ieu teh. Janten gampil stress 
> gara2 diudag2 waktu sareng kahoyong heuheu ...
> 
> Tapi nu namina palupuh sareng kolong mah masih apal sanaos rompok 
di 
> lembur henteu aya kolongan oge :)
> 
> yudi
> 
> --- In [email protected], oman abdurrahman wrote:
> > Wararaas Kang, enya asa kaingetan pangalaman keur leutik ku 
> tulisan ngeunaan kolong teh. Inget keneh bae keur meujeuhna 
kembang 
> pakarangan ceuk babasan mah harita teh, ari ti peuting lamun 
hayang 
> kahampangan teh sok milarian kolong. Praktis da pacilingan teh 
> sasatna di jero imah, lebah manah bae asal aya conggang (di Garut 
> mah "rongrang" tea lain, istilahna) dina balagbag (palupuh) imah, 
> nya didinya hajat leutik teh dilepaskeunana.
> >  
> > Aya deui Kang, kolong teh biasana nampeu ka balong. Da nyakitu, 
di 
> tempat anu loba balongan mah, balong teh mindeng papipir jeung 
imah. 
> Tah, lebah ngabedahkeun balong, kolong teh sok jadi pamiceunan 
> leutak anu geus lila nyaeuran balong. 
> >  
> > Sigana enya, baheula, kahirupan masyarakat Sunda teu lepas oge 
ti 
> kolong. Kolong imah, nyimpen sagala rupa panineungan jeung sajarah 
> anu nyicingan eta imah. Ieu teh, pakait jeung  judul jejer, asa 
> ngailhaman ngeunaan hiji babasan. Boa-boa, ka hareup, 
> babasan "tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan" teh meujeuhna 
> ditambahan nu "noong ka kolong".
> >  
> > baktosna,
> > manAR





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke