duh neng wida hayu atuh urang ameng ka teun abdi di sapan
bari iraha nya di rorompok mah di sapan masih aya keneh sawah payuneun bumi teh, ngan upami masak mah
tos teu nganggo hawu deui nyeta estuning ngangge minyak tanah da ngangge gas mah alimeun pun biang na saurnateh sieun ngabeleduuuuuggggg!! tapi upami hoyong tuang sisi sawah liliwetan kantun ngalengkah ka pengkeren lembur nu masih keneh aya sawah keneh (sanaos sawana nu batur oge
) tapi da ka namian di lembur bebas bebas aja mau tuang di sawah batur oge kagak ada yang nyarek ![]()
salam
nenny
*beuki nineung we ka lembur teh
widzar_alghifary <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
widzar_alghifary <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wahh.. palupuh? kolong?
hemm... asa jadi kabawa ka jaman katukang.
enya, asa betah cicing di pagunungan bari imah saung. masakna di
hawu keneh, resep niupan hawu ku songsong kuring mah. mun berang teh
resepna ngadaweung dina golodog imah. nempokeun sawah nu hejo
ngemploh.
beughh... ayeuna mah di mana teuing.
lembur geus rubah jadi kota nu pinuh ku gedong-gedong jangkung.
hawa ngelekeb panas kabina-bina. masak kudu make minyak wae. komo
geus aya gas mah. geus eweuh meureun nya nu ngaranna kastrol mah? da
ningan ayeuna mah make magicom wae masak sanguna ge.
ahh...
hayu atuh, urang nempo lembur.
saha nu boga lembur? ajak-ajak kuring nya.
hayang nincak pilemburan deui.
salam,
widzar.
*) keur hayang ingkah ti bdg
--- In [email protected], "Yudi Irmawan" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
>
> Sami Akang2, tong boroning anu tos mangpuluh2 taun, dalah abdi nu
> masih keneh atah adol (ageung taun 80-90an) wararaas nyawang
> kapengker. Harita mah raraosan waktos teh asa panjang sareng teu
> ngudag2 cara ayeuna. Salah sawios kasang tukangna mah
komersialisasi
> internet sareng email di taun 90-an ieu teh. Janten gampil stress
> gara2 diudag2 waktu sareng kahoyong heuheu ...
>
> Tapi nu namina palupuh sareng kolong mah masih apal sanaos rompok
di
> lembur henteu aya kolongan oge :)
>
> yudi
>
> --- In [email protected], oman abdurrahman wrote:
> > Wararaas Kang, enya asa kaingetan pangalaman keur leutik ku
> tulisan ngeunaan kolong teh. Inget keneh bae keur meujeuhna
kembang
> pakarangan ceuk babasan mah harita teh, ari ti peuting lamun
hayang
> kahampangan teh sok milarian kolong. Praktis da pacilingan teh
> sasatna di jero imah, lebah manah bae asal aya conggang (di Garut
> mah "rongrang" tea lain, istilahna) dina balagbag (palupuh) imah,
> nya didinya hajat leutik teh dilepaskeunana.
> >
> > Aya deui Kang, kolong teh biasana nampeu ka balong. Da nyakitu,
di
> tempat anu loba balongan mah, balong teh mindeng papipir jeung
imah.
> Tah, lebah ngabedahkeun balong, kolong teh sok jadi pamiceunan
> leutak anu geus lila nyaeuran balong.
> >
> > Sigana enya, baheula, kahirupan masyarakat Sunda teu lepas oge
ti
> kolong. Kolong imah, nyimpen sagala rupa panineungan jeung sajarah
> anu nyicingan eta imah. Ieu teh, pakait jeung judul jejer, asa
> ngailhaman ngeunaan hiji babasan. Boa-boa, ka hareup,
> babasan "tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan" teh meujeuhna
> ditambahan nu "noong ka kolong".
> >
> > baktosna,
> > manAR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Celebrate Yahoo!'s 10th Birthday!
Yahoo! Netrospective: 100 Moments of the Web
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

