|
Meh
saminggu teu posting ka Kusnet teh, satutasna ngiluan Silaturahmi di Jkt,
alatanana mah nyakitu tea, computer keuna ku pirus jadi rada ngaco, mindeng
error-na. Resep ka
barudak ngora di Kusnet Jakarta, sumanget. Keur
kuring mah kacida bungahna da tina sumanget eta bakal mucunghulna sirung harepan
Sunda kahareupna, kataji ku hoghagna, kataji ku eusi nu di-hoghagkeun-na,
kataji ku ngarora-na (da dina ukuran umur mah sigana kuring pangkolotna nu
harita hadir ti Kusnet teh atuh ari ti luar Kusnet mah kapan aya Mang Ayat nu
tos yuswa 60 langkung), jeung kataji ku…daria-na. Kataji ku
omongan Kang Tirta, yen ngayakeun riungan teh keur ngocal-ngocal program naon nu
bakal bisa kalaksanakeun kahareupna boh nu jangka pondok atawa nu jangka
panjang, jeung jang ka imah (kulawarga)*), nu jadi sabab Kusnet Jakarta aya
niat rek manggihan Urang Sunda di Jakarta boh inohong, gegeden, ilmuwan(?) keur
ngawanohkeun Kusnet, bisi ditanya naon programna jawabna teh teu sabolang
bentor teuing tapi nyoko kana hasil riungan tea. Mun
kongang kuring ge hayang nurutan ngayakeun silaturahmi siga kitu di Bandung,
keur mah ongkoh aya nu ngaharewos Kusnet teh kudu diwanohkeun
(disosialisasikeun) ka urang Sunda senior (? ). *) Jang ka
imah didieu teh taya lain iwal ti naon anu bisa dilakukeun ku urang keur
ngahaulkeun deui Sunda di kulawarga, naha ngan sakadar ngalobaan buku bacaeun
basa Sunda, atawa ngan sakadar ngalanggan majalah/koran basa Sunda, tujuanana
mah sangkan barudak di imah teu poekuen teuing kana basa Sunda. Der..ahh..!! MSasmita Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
- Re: [Urang Sunda] Wilujeng Enjing...kataji...!!! MSasmita
- Re: [Urang Sunda] Wilujeng Enjing...kataji...!... soni rosa
- RE: [Urang Sunda] Wilujeng Enjing...kataji... MSasmita
- Re: [Urang Sunda] Wilujeng Enjing...kataji... Djadja Achmad Sardjana

