Assalamualaikum, Baraya wilujeng enjing, wilujeng dinten Jumaah.
Hayu urang mimitian madungdengkeun tarjamahan surat Al Faatihah. Urang diajar ngaji bari diajar basa Sunda. hehehe. Di handap ieu tarjamahan surat Al Faatihah. Punten pang ngoreksikeun. Upama aya koreksian mangga tuliskeun di handapeun tiap paragraf nu di koreksi. salam, mh ============ AL FAATIHAH (PEMBUKAAN) AL FAATIHAH (BUBUKA) MUQADDIMAH PANGANTEUR Surat "Al Faatihah" (Pembukaan) yang diturunkan di Mekah dan terdiri dari 7 ayat adalah surat yang pertama-tama diturunkan dengan lengkap diantara surat-surat yang ada dalam Al Quraan dan termasuk golongan surat Makkiyyah. Surat �Al Faatihah� (Bubuka) anu diturunkeun di Mekah jeung diwangun ku 7 ayat mangrupakeun surat anu munggaran diturunkeun kalayan lengkep di antara surat-surat anu aya dina jero Al Quraan jeung kaasup kana golongan surat Makkiyah. Surat ini disebut "Al Faatihah" (Pembukaan), karena dengan surat inilah dibuka dan dimulainya Al Quraan. Ieu surat disebut �Al Faatihah� (Bubuka), kulantaran Al Quraan dibuka kalayan dimimitian ku ieu surat. Dinamakan "Ummul Quraan" (induk Al Quraan) atau "Ummul Kitaab" (induk Al Kitaab) karena dia merupakan induk dari semua isi Al Quraan, dan karena itu diwajibkan membacanya pada tiap-tiap sembahyang. Disebut �Ummul Quraan� (indung Al Quraan) atawa �Ummul Kitaab� (indung Al Kitaab) kulantaran mangrupakeun indung eusining Al Quraan, kusabab eta diwajibkeun maca ieu surat dina tiap-tiap sholat. Dinamakan pula "As Sab'ul matsaany" (tujuh yang berulang-ulang) karena ayatnya tujuh dan dibaca berulang-ulang dalam sembahyang. Disebut oge �As Sab�ul matsaany� (tujuh nu diulang-ulang) kulantaran eusina aya tujuh ayat jeung dibaca diulang-ulang nalika sholat. Surat ini mengandung beberapa unsur pokok yang mencerminkan seluruh isi Al Quraan, yaitu : Ieu surat mibanda sababaraha unsur utama anu ngagambarkeun sakabeh eusi Al Quraan, nyaeta: 1. Keimanan: 1. Kaimanan: Beriman kepada Tuhan Yang Maha Esa terdapat dalam ayat 2, dimana dinyatakan dengan tegas bahwa segala puji dan ucapan syukur atas suatu ni'mat itu bagi Allah, karena Allah adalah Pencipta dan sumber segala ni'mat yang terdapat dalam alam ini. Iman ka Gusti Anu Maha Esa aya dina ayat 2, ditetelakeun kalawan teges rehna sagala puji sarta ucapan syukur kana hiji ni�mat anging pikeun Allah, kulantaran Allah anu Nyiptakeun jeung puseur sagala ni�mat anu aya di ieu alam. Diantara ni'mat itu ialah: ni'mat menciptakan, ni'mat mendidik dan menumbuhkan, sebab kata "Rab" dalam kalimat "Rabbul-'aalamiin" tidak hanya berarti "Tuhan" atau "Penguasa", tetapi juga mengandung arti tarbiyah yaitu mendidik dan menumbuhkan. Hal ini menunjukkan bahwa segala ni'mat yang dilihat oleh seseorang dalam dirinya sendiri dan dalam segala alam ini bersumber dari Allah, karena Tuhan-lah Yang Maha Berkuasa di alam ini. Diantara ni�mat eta nyaeta: ni�mat nyiptakeun, ni�mat ngadidik jeung nagngtayungan, sabab kecap �Rab� dina kalimah �Rabbul-�aalamiin� hartina lain ngan saukur �Pangeran� atawa �Pangawasa�, tapi oge ngandung harti tarbiyah nyaeta ngadidik jeung nangtayungan. Hal ieu netelakeun rehna sagala ni�mat anu katangen ku manusa boh dina jero dirina sorangan pon kitu deui di ieu alam asalna ti Allah, kulantaran Pangeran teh Nu Maha Kawasa di ieu alam. Pendidikan, penjagaan dan Penumbuahn oleh Allah di alam ini haruslah diperhatikan dan dipikirkan oleh manusia sedalam-dalamnya, sehingga menjadi sumber pelbagai macam ilmu pengetahuan yang dapat menambah keyakinan manusia kepada keagungan dan kemuliaan Allah, serta berguna bagi masyarakat. Oleh karena keimanan (ketauhidan) itu merupakan masalah yang pokok, maka didalam surat Al Faatihah tidak cukup dinyatakan dengan isyarat saja, tetapi ditegaskan dan dilengkapi oleh ayat 5, yaitu : "Iyyaaka na'budu wa iyyaka nasta'iin" ( hanya Engkau-lah yang kami sembah, dan hanya kepada Engkau-lah kami mohon pertolongan). Atikan, Pangriksa jeung Panangtayungan kersaning Alllah di ieu alam perlu dititenan jeung dipikirkeun ku manusa kalawan tigin, malah mandar jadi sumber pangaweruh anu bisa nambah kayakinan manusa kana kaagungan jeung kamulyaan Allah, sarta aya gunana pikeun masyarakat. Kulantaran kaimanan (katauhidan) teh ngarupakeun perkara pokok, maka dina surat Al Faatihah teu saukur dinyatakeun ku isyarah hunggkul, tapi oge ditegeskeun jeung dilengkepan ku ayat ka-5, nyaeta: "Iyyaaka na'budu wa iyyaka nasta'iin" (anging Anjeun nu ku kami disembah, jeung mung ka anjeun kami neda pitulung). Janji memberi pahala terhadap perbuatan yang baik dan ancaman terhadap perbuatan yang buruk. Yang dimaksud dengan "Yang Menguasai Hari Pembalasan" ialah pada hari itu Allah-lah yang berkuasa, segala sesuatu tunduk kepada kebesaran-Nya sambil mengharap ni'mat dan takut kepada siksaan-Nya. Hal ini mengandung arti janji untuk memberi pahala terhadap perbuatan yang baik dan ancaman terhadap perbuatan yang buruk. "Ibadat" yang terdapat pada ayat 5 semata-mata ditujukan kepada Allah, selanjutnya lihat not 6 . Janji nedunan pahala pikeun pagawean nu hade jeung ancaman pikeun pagawean nu goreng patut. Nu dimaksud ku �Nu Ngawasa Poe Balitungan� nyaeta dina eta poe anging Allah hungkul nu kawasa, sarupaning naon bae tunduk kana kaagungan-Na bari miharep ni�mat jeung inggis ku siksa-Na. Hal ieu ngandung harti janji pikeun nganugrahaankeun pahala pikeun pagawean nu hade jeung ancaman pikeun pagawean nu goreng patut. �Ibadah� anu aya dina ayat 5 saestuna pikeun Allah, saterusna titenan no 6. 2. Hukum-hukum: 2. Hukum-hukum: Jalan kebahagiaan dan bagaimana seharusnya menempuh jalan itu untuk memperoleh kebahagiaan dunia dan akhirat. Maksud "Hidayah" disini ialah hidayah yang menjadi sebab dapatnya keselamatan, kebahagiaan dunia dan akhirat, baik yang mengenai kepercayaan maupun akhlak, hukum-hukum dan pelajaran. Jalan kabagjaan jeung kumaha kuduna nyorang eta jalan pikeun ngarebut kabagjaan dunya jeung aherat. Maksud �Hidayah� dina ieu perkara nyaeta hidayah anu jadi sabab meunangkeun kasalametan, kabagjaan dunya jeung aherat, boh ngeunaan perkara kapercayaan oge ahlak, hukum-hukum jeung palajaran. 3. Kisah-kisah: 3. Carita-carita: Kisah para Nabi dan kisah orang-orang dahulu yang menentang Allah. Sebahagian besar dari ayat-ayat Al Quraan memuat kisah-kisah para Nabi dan kisah orang-orang dahulu yang menentang. Yang dimaksud dengan orang yang diberi ni'mat dalam ayat ini, ialah para Nabi, para shiddieqiin (orang-orang yang sungguh-sungguh beriman), syuhadaa' (orang-orang yang mati syahid), shaalihiin (orang-orang yang saleh). "Orang-orang yang dimurkai dan orang-orang yang sesat,"ialah golongan yang menyimpang dari ajaran Islam. Carita para Nabi jeung carita jalma-jalma baheula nu wangkelang ka Allah. Sabagean gede tina ayat-ayat Al Quraan ngawengku carita-carita para Nabi jeung carita jalma-jalma baheula anu wangkelang. Nu dimaksud jalma nu dinugrahaan ni�mat dina ieu ayat, nyaeta para Nabi, para shiddieqiin (jalma-jalma nu ariman kalawan saestuna), syuhadaa' (jalma-jalma maot syahid), shaalihiin (jalma-jalma nu soleh). �Jalma-jalma nu dibendon jeung jalma-jalma nu sasab�, nyaeta golongan anu mengpar tina ajaran Islam. Perincian dari yang telah disebutkan diatas terdapat dalam ayat-ayat Al Quraan pada surat-surat yang lain. Pedaran nu disebutkeun di luhur baris katitenan dina ayat-ayat Al Quraan dina surat-surat nu lain. ===== dapur: http://free.angeltowns.com/studio579/ __________________________________ Celebrate Yahoo!'s 10th Birthday! Yahoo! Netrospective: 100 Moments of the Web http://birthday.yahoo.com/netrospective/ ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for anyone who cares about public education! http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

