Wilujeng Kang Iyan tos ngarampungkeun kuliah kalayan hasilna nu nyugemakeun keur Kang Iyan sarimbit oge keur urang balarea. Mugi janten pieunteungeun, ngagedurkeun sumanget urang sunda sanesna.
 
ngiring bingah
jalak pakuan

[EMAIL PROTECTED] wrote:
Wilujeng sonten para wargi sadaya.....
Puji sinareng syukur di panjatkeun ka ALLOH SWT,
Alhadulillah dina dinten saptu kamari kaping 26 februari 2005,
simkuring ngalaksanakeun wisuda ngahontal cita cita anu ti leuleutik di pikahayang, tah ayeuna geus kalaksanakaeun
tur aya hiji anu matak senang, kumargi abdi teh mangrupikeun lulusan anu munggaran sarjana elektro di kampus, di Kota Batam, sareng di Prov Kepri
tah ieu salah sahiji kabanggaan kanggo abdi sareng hiji deui anu nyenangkeun teh nyaeta abdi mangrupikeun lulusan sarjana terbaik tisadayana anu di wisuda dina dinten eta, sanes sombong.......ampun paralun teuing kedah sombong mah.
ngahaturkeun nuhun special kanggo Indung Peuting ( Teh Tien ) anu parantos ngarojong masihan sumanget ka abdi  
tug dugi ka ayeuna janten sarjana Elektro. abdi reueus ka Teh Tien sok sanaos teu acan patepang raray pa amprok jonghok
tapi masihan dorongan moril kanggo ngabereskeun janten tukang insinyur.
Sok sanajan umur geus kolot oge kuring maksakeun da hayang ngahontal cita cita baheula jaman keur SD di tanya ku Guru
poto anu kahiji di photo sareng raka anu pang ageungna ( A' UCU ), upami anu kadua sareng keluarga.
putri anu pang ageungna namina Resti sareng anu kadua namina Rista. upami pun bojo anu di tengah namina Teh Ika.
Hatur nuhun kasadayana anu parantos ngarojong ka abdi dina ngahontal cita cita ieu.
 
cag ah,
Kang Iyan anu nuju senang.
beres ngahontal cita cita keur leutik.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Celebrate Yahoo!'s 10th Birthday!
Yahoo! Netrospective: 100 Moments of the Web

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke