Assalamu'alaikum Wr Wb....
baraya damang nun?
kapungkur nuju alit di sawah atanapi di kebon aya bubuahan anu rada aheng...
sapertos GELEDOG, eta buah teh siga naon nya? hilap deui, mung nu emut 
keneh teh yeun buah na teh kelirna koneng enay, haseum na kabina bina,  
matak burial bucelik sagegel oge, sareng deuih pami tos ngegel geledog 
mah waos teh sok marakbak ....koneng :-)
aya deui nu disebat RUKEM, rukem mah tangkalna ciga lolobi ngan cucukan, 
buahna ge sapertos lolobi mung rada amis (pami teu lepat mah). saur na 
teh RUKEM teh salah sahiji tutuwuhan nu ngan aya di tatar sunda/ slah 
sahiji keanekaragaman hayati, leres ta teh?t
ah ayeuna mah abdi tos lami/ mang alam-alam teu mendakan GELEDOG sareng 
RUKEM, aya baraya anu gaduh tangkal atanapi buah na,  komo buahna mah, 
sugan atuh aya  tiasa ngalungkeun eta buah pang-pang na rukem, 
sakontainer weh!!  ;-) , moal nolak da, pami geledog mah tong seueur 
teuing 2 siki ge tos cekap, da  hasyeem pisan.


hatur nuhun,
salam baktos,
ikmal (nuju hoyong rukem)


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke