Naha enya PM Badawi keur lieur kitu kang?
Lieur kunaon pan lumayan beunghar Malaysia mah? Naha
Malaysia rek bangkrut kitu, sarua teu masalahna kang?
Biasana anu ngambek teu pararuguh, ngajak perang jeung
batur mah sok katohiyan kalakuan gorengna.
Sugan we hiji wkatu engke tah Malaysia teh katohiyan
gorengna, ulah ngan ukur alusna wungkul. Eta oge geus
pan loba katohiyan ketang pan loba urang Malaysia
mergasa TKW, salah sahijina.
Jalak
--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ceuk cenah, atawa ceuk nu resep teori teu pararuguh,
> lamun nagara
> arek bangkrut jalan hiji-hijina keur nyalametkeun
> nagara, kudu
> diperangkeun heula .....hehehe.
>
> Inget baheula di taun 1982, waktu Argentina kabeulit
> ku hutang anu
> gede, Sang Presidenna jiga nu bingung, terus nyieun
> kaputusan,
> nyerebu kepulauan Falkland nu bogana Inggris, terus
> aranna diganti
> jadi Malvinas. Inggris, sanajan eta pulo eusina
> jelemana ngan
> saeutik da lolobana mah domba, ngambek asa
> ditantang, maklum urang
> Inggris tea geus kawentar tukang perang ti baheulana
> oge. Inggris
> ngirim tantara komplit. Ari Argentina, baroraah,
> sabab ekonomi
> Argentina sabenerna mah keur kacow, boro-boro boga
> duit eukeur
> ngabiayaan perang, keur maraban rakyatna wae oge teu
> boga. Atuh
> perang malvinas teh ngan sakeudeung, waktu tantara
> Gurkha Inggris,
> ngadarat di Malvinas, tantara Argentina langsung
> ...... ngacungkeun
> leungeun duanana, nyerah!, teu ngalawan
> saeutik-eutik acan.
>
> WALUYA
Pileuleuyan! alam Jatigede anu bakal tilem jeung karuhun, jeung Bapak. Hoream
alam katukang.
__________________________________
Celebrate Yahoo!'s 10th Birthday!
Yahoo! Netrospective: 100 Moments of the Web
http://birthday.yahoo.com/netrospective/
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Give underprivileged students the materials they need to learn.
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/