Sapuk lah!
Urang usulkeun wae ka Pemda Jabar ngalangkungan Kang
Oman. ayeuna mah paheula-heula wae ngusulkeun
proposal.
Atuh upami bade ngayakeun nyalira teu kedah
ngalangkungan pamarentah, nya langkung sae  upami
"gawe bareng" sareng Majalah Mangle atanapi majalah
Cupumanikna Kang Hawe Setiawan. Rebo enjing pan Kang
Hawe janten moderator "bedah buku" di Perpustakaan
Nasional Jakarta.

baktos,

mrachmatrawyani

--- Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Assalamualaikum wr. wb.
>> Ngilo postingan sabaraha dinten kapengker, rehna
> Pemda Jabar parantos ngembarkeun dina taun 2006 basa
> Sunda bade diajarkeun deui disakola-sakola
> disakuliah Tatar Sunda/Jabar.
> Saluyu sareng tujuan milis "urangsunda/Kusnet", anu
> maksadna pikeun ngamumule "Basa sareng Budaya 
> Sunda".
> Raraosan asa teu kaleuleuwihi, upami eta embaran ti
> Pemda Jabar, kuurang sabage
> kumpulan "urangsunda", disokong/dibantos, kugawe
> nyata anu kadada-kaiga/katangaan sareng kawaragadan
> kuurang. Cik gawe naon kinten-kintenna..?.
>  
> Sim abdi gaduh usulan sareng umajak kawargi anu
> saikhwan, satujuan sareng sapagodos ; 
> Kumaha upami Kusnet + YP, dina taun 2006 ngayakeun
> "Pasanggiri Tembang Pupuh" kanggo murangkalih murid
> SD sareng SMP (samentawis..).
> Waktosna ; dina pere kwartalan atanapi pere samen.
> Tempatna  ; tangtoskeun kuhasil padungdengan..
> Waragad   ; Urunan/sumbangan anggota milis + YP +
> biaya daftar (administrasi) anu ngiring 
>                   pasanggiri.
> Ngahaja ieu usulan diuar-uar titebihna, kumargi
> meryogikeun waragad anu rada badag kanggo ;
> 1. Nyewa tempat pasanggiri
> 2. Hadiah kanggo para juara pasanggiri
> 3. Ngembarkeun dimedia serat
> 4. Ssjb.
> Tekhnisna urang padungdengkeun ka payun.
> Atanapi aya usulan anu sanes......???
> Bobot pangayon timbang taraju, mangga nyanggakeun
> kasadayana...
> Samentawis sakitu heula.
>  
> Wassalam
> ssw
>  
>  
>  
>  
>  
>  
>   
> 
>  
> 


        
                
__________________________________ 
Celebrate Yahoo!'s 10th Birthday! 
Yahoo! Netrospective: 100 Moments of the Web 
http://birthday.yahoo.com/netrospective/


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke