sae tah usulan teh bah siddik. mangsa jaman ka tukang,
upama tiap akhir tahun naek kelas, sok aya kiriaan nu
disebut samen. biasana eta kariaan teh, diantara
kagiatanana nya midangkeun kasenian kamonesan
murid-murid sakola. upama di sakola tingkat SMA sareng
PT, dina mangsa panarimaan murid anyar, sok aya acara
apresiasi seni. jigana eta usulan bah siddik teh tiasa
disaluyukeun sareng kagiatan model di luhur.

salam,
mh

--- Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Assalamualaikum wr. wb.
>  
> Kumaha daramang para wargi...??, mugi-mugi bae
> sadayana aya dina kawilujengan.....
> Punten yeuh, sanes maksad bade nyamplangkeun
> padungdengan perkawis "istri Sunda" sareng
> "Pacengkadan sareng Malaysia", anu nuju
> haneut-haneutna.
>  
> Ngilo postingan sabaraha dinten kapengker, rehna
> Pemda Jabar parantos ngembarkeun dina taun 2006 basa
> Sunda bade diajarkeun deui disakola-sakola
> disakuliah Tatar Sunda/Jabar.
> Saluyu sareng tujuan milis "urangsunda/Kusnet", anu
> maksadna pikeun ngamumule "Basa sareng Budaya 
> Sunda".
> Raraosan asa teu kaleuleuwihi, upami eta embaran ti
> Pemda Jabar, kuurang sabage
> kumpulan "urangsunda", disokong/dibantos, kugawe
> nyata anu kadada-kaiga/katangaan sareng kawaragadan
> kuurang. Cik gawe naon kinten-kintenna..?.
>  
> Sim abdi gaduh usulan sareng umajak kawargi anu
> saikhwan, satujuan sareng sapagodos ; 
> Kumaha upami Kusnet + YP, dina taun 2006 ngayakeun
> "Pasanggiri Tembang Pupuh" kanggo murangkalih murid
> SD sareng SMP (samentawis..).
> Waktosna ; dina pere kwartalan atanapi pere samen.
> Tempatna  ; tangtoskeun kuhasil padungdengan..
> Waragad   ; Urunan/sumbangan anggota milis + YP +
> biaya daftar (administrasi) anu ngiring 
>                   pasanggiri.
> Ngahaja ieu usulan diuar-uar titebihna, kumargi
> meryogikeun waragad anu rada badag kanggo ;
> 1. Nyewa tempat pasanggiri
> 2. Hadiah kanggo para juara pasanggiri
> 3. Ngembarkeun dimedia serat
> 4. Ssjb.
> Tekhnisna urang padungdengkeun ka payun.
> Atanapi aya usulan anu sanes......???
> Bobot pangayon timbang taraju, mangga nyanggakeun
> kasadayana...
> Samentawis sakitu heula.
>  
> Wassalam
> ssw


dapur: http://free.angeltowns.com/studio579/


        
                
__________________________________ 
Celebrate Yahoo!'s 10th Birthday! 
Yahoo! Netrospective: 100 Moments of the Web 
http://birthday.yahoo.com/netrospective/


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke