Bagea Kang Dian,
Pasoalan basa Sunda dina lebah "MD" vs "DM" kaasup anu kamari ditaroskeun ka Abah Surya. Waeran ringkes anjeunna: leres dina basa Sunda teh pola MD anu dianut. Sok sanajan kitu, leres oge, dina sababarah larapan, aya oge digunakeun pola "DM", gumantung pangabutuh jeung larapanana. Waleran lengkepna engke urang antosan bae Tips Basa Sunda keur TQBS ti anjeunna.
Baktos,
manAR
Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haturan kang Oman,
Dina seratan kang Oman, "Numutkeun ahli basa, diantarana abah Surya,
tarjamahan Al-Qur'an basa Indonesia teh masih kapangaruhan ku pola DM
(anu diterangkeun aya di payuneun anu nerangkeun), padahal, pola basa
urang mah apan MD tea (sabalikna tina DM). "
Kahartosna yen pola basa Sunda mutlak kedah MD.
Punten bilih lepat, nanging sakaterang abdi, basa Sunda oge nganggo
pola DM. Contona: 'baju bodas' , 'kuda beureum', jsb. Pola MD diangge
dina pola samodel: pun bapa, tuang putra, jsb. Aya oge pola DM atanapi
MD sami wae hartosna samodel: "conto baju" jeung "baju conto".
Tansah,
-Dian-
--- In [email protected], oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Hatur Salam Kang Hasan,
>
> Kalintang reueusna, tetela akang mah rapekan jeung tangginas. Nembe oge sababarah minggu ka langkung padungdengan perkawis midamel TQBS, ayeuna parantos kadugikeun webiste-na kalan tos kari prung didaramel. Hatur nuhun Kang, pamugi masing enggal ngawujud ieu cita-cita urang sadaya.
>
> Sakantenan ngiring ngarojong, aya patarosan sareng pamendak. Anu ditaroskeun, naha heunteu langsung dibagi saha-sahana midamel TQBS surah ka sabaraha tina zuz 'Amma, sangkan heunteu aya anu double sareng gancang rengse kapidamel sadayana? Mangga, sakantenan bae ku akang dibagi-tugasna mah, tina daftar anggota anu tos sayagi ngiring ilubiung dina ieu kagiatan. Anu ditaroskeun: upama bade narjamahkeun teh langsung bae download tina tarjanamahan Bhs. Indonesia teras save as rtf teras dipidamel di palih handapna eta tarjamahan Indonesia teras kintunkeun deui ka akang upami tos rengse? Diantos konfirmasina.
>
> Anapon pamendak mangrupi "saran", ieu kanggo ka sadayana bae. Dina narjamahkeun Al-Qur'an janten TQBS, pamugi tiasa migunakeun pola kalimah anu gampil kahartos ku anu maos, utamana ku saha bae anu layeut sareng kabiasaan migunakeun basa Sunda. Anu dimaksad teh kieu: Numutkeun ahli basa, diantarana abah Surya, tarjamahan Al-Qur'an basa Indonesia teh masih kapangaruhan ku pola DM (anu diterangkeun aya di payuneun anu nerangkeun), padahal, pola basa urang mah apan MD tea (sabalikna tina DM). Tah kukituna, aya saena upami narjamahkeun teh kana pola ugeran gramatika basa Sunda, janten heunteu sacerewelna ditarjamahkeun tina tarjamahan Al-Qur'an bahasa Indonesia.
>
> Sakitu bae rupina ieu minangka pangrojong. Mangga diantos Kang, bagi tugasna.
>
> Baktos,
> manAR
>
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

