Sapuk lah, saenamah ngadamel klarifikasi.  Ka Kang Waluya nyuhunkeun kersana atuh neraskeun klarifikasi ka media dimaksad. Altenatip sanes nya ngangge "atas nami" urangsunda, mung abdi mah teu terang saha nya nu gaduh kawenangan?
 
salam
JP

durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Saenamah tulisan kang surya teh di kintun ka www.cbn.net.id sareng ka
majalah ME (male emporium). Nya itung-itung klarifikasi, kitu.

Wasalam,
durachman

----- Original Message -----
From: "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Monday, March 07, 2005 8:02 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Naha Enya ieu teh ?


>
>
> Unggal maca artikel ieu, nyel deui ambek, sanes kunaon-naon, eta ku
> wantun-wantunna artikel "runtah" jiga kieu dipublikasikeun dina
> majalah. Nulisna siga nu heueuh ilmiah, make ngutip nu ngaku-ngaku
> cendikiawan sagala rupa, padahal eusina ngaco. Guura ieu ngacona teh :
>
> > Menurut Agus Wiyanto, budaya Sunda adalah budaya
> > yang memiliki sisi
> > erotisme tinggi, yang bisa dilihat dari kesenian
> > tarinya, seperti
> > tarian Jaipong. Jaipong kental dengan goyangan
> > tubuh, yang menonjolkan
> > bagian-bagian tubuh yang seksi. Berbeda dengan
> > tarian-tarian Jawa yang
> > lebih sarat dengan simbol dan makna kehidupan.
>
> WALUYA : Jaipong sabenerna kasenian anyar, hasil kreasi Tati Saleh
> jeung Gugum Gumbira (PCMIIW). Jaipong teu beda jeung kasenian campur
> sari di Jawa atawa dangdut (si Inul teh lain urang SUnda tapi urang
> Jawa!) nu sarua aya unsur ngageol-geol bujur. Di Jawa baheula aya
> kasenian Tayub jiga ketuk tilu di Sunda. Waktu kuring apruk-aprukan
> di Lamongan Jawa Timur taun 1983, kuring manggihan kasenian Jawa nu
> mirip jeung kasenian Topeng banjet di Karawang didinya
> disebutna "karawitan" komplit jeung awewe nu dandanna menor. Malah
> ceuk urang lamongan sorangan eta awewe teh boga profesi ganda,
> satengah ungkluk (punten, saur Mang Ayat dina Kompas, PSK teh dina
> basa sundana mah ungkluk ....hehehe). Kasenian sapertos kieu, ku
> urang Jawa nu ngarasa menak (Priyayi) dianggap lain kasenian, tapi
> ukur dianggap kalenggengan rakyat kasta panghadapna. Ceuk Priyayi
> Jawa atawa Jawa nu ngarasa jadi menak (kaasup sang cendikiawan Agus
> Wiyanto bin Asbun), nu disebut kasenian teh ukur kasenian karaton
> jiga tarian-tarian Jawa (kasenian "adiluhung"). Kasenian rakyat mah
> henteu diaku. Tapi sanajan eta kasenian henteu "diaku" tapi tetep
> hirup di kalangan rakyat atawa metamorposis jeung kaayaan jaman, jadi
> kasenian dangdut, campur sari, organ tunggal  jste. Rek urang Jawa
> rek urang SUnda, malah umumna urang Indonesia, resep kana kasenian
> jiga kieu teh. Bohong gede lamun nyebutkeun urang Jawa resepna ngan
> ukur kana kasenian "adiluhung", teu resep kana kasenian nu aya unsur-
> unsur erotisme!
>



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Celebrate Yahoo!'s 10th Birthday!
Yahoo! Netrospective: 100 Moments of the Web

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke