Unggal maca artikel ieu, nyel deui ambek, sanes kunaon-naon, eta ku wantun-wantunna artikel "runtah" jiga kieu dipublikasikeun dina majalah. Nulisna siga nu heueuh ilmiah, make ngutip nu ngaku-ngaku cendikiawan sagala rupa, padahal eusina ngaco. Guura ieu ngacona teh :
> Menurut Agus Wiyanto, budaya Sunda adalah budaya > yang memiliki sisi > erotisme tinggi, yang bisa dilihat dari kesenian > tarinya, seperti > tarian Jaipong. Jaipong kental dengan goyangan > tubuh, yang menonjolkan > bagian-bagian tubuh yang seksi. Berbeda dengan > tarian-tarian Jawa yang > lebih sarat dengan simbol dan makna kehidupan. WALUYA : Jaipong sabenerna kasenian anyar, hasil kreasi Tati Saleh jeung Gugum Gumbira (PCMIIW). Jaipong teu beda jeung kasenian campur sari di Jawa atawa dangdut (si Inul teh lain urang SUnda tapi urang Jawa!) nu sarua aya unsur ngageol-geol bujur. Di Jawa baheula aya kasenian Tayub jiga ketuk tilu di Sunda. Waktu kuring apruk-aprukan di Lamongan Jawa Timur taun 1983, kuring manggihan kasenian Jawa nu mirip jeung kasenian Topeng banjet di Karawang didinya disebutna "karawitan" komplit jeung awewe nu dandanna menor. Malah ceuk urang lamongan sorangan eta awewe teh boga profesi ganda, satengah ungkluk (punten, saur Mang Ayat dina Kompas, PSK teh dina basa sundana mah ungkluk ....hehehe). Kasenian sapertos kieu, ku urang Jawa nu ngarasa menak (Priyayi) dianggap lain kasenian, tapi ukur dianggap kalenggengan rakyat kasta panghadapna. Ceuk Priyayi Jawa atawa Jawa nu ngarasa jadi menak (kaasup sang cendikiawan Agus Wiyanto bin Asbun), nu disebut kasenian teh ukur kasenian karaton jiga tarian-tarian Jawa (kasenian "adiluhung"). Kasenian rakyat mah henteu diaku. Tapi sanajan eta kasenian henteu "diaku" tapi tetep hirup di kalangan rakyat atawa metamorposis jeung kaayaan jaman, jadi kasenian dangdut, campur sari, organ tunggal jste. Rek urang Jawa rek urang SUnda, malah umumna urang Indonesia, resep kana kasenian jiga kieu teh. Bohong gede lamun nyebutkeun urang Jawa resepna ngan ukur kana kasenian "adiluhung", teu resep kana kasenian nu aya unsur- unsur erotisme! > "Alam yang subur meninabobokan wanita Sunda sampai > terlena, hingga > tidak perlu bekerja keras. Alam sudah menjamin > kelangsungan. kehidupan > mereka. Cukup suami yang bekerja di ladang atau > sawah, sementara istri > di rumah mengurus dan merawat anak, mempercantik > diri, melayani suami > dan membersihkan rumah," tutur anggota Persatuan > Cendekiawan Nasional > Indonesia ini. WALUYA : "Cendikiawan" Agus Wiyanto Bin Asbun beuki ngaco. Lamun manehna balik ka Jawa, pasti ngaliwatan pasawahan Tatar Sunda anu endah, tangtuna oge manehna nempo awewe-awewe urang sunda rentul di sawah-sawah, aya nu keur tandur, aya nu keur ngarambet jste, nu sakabeh oge nunjukkeun yen awewe sunda teh henteu cicing wae di imah, tapi digarawe di sawah, di kebon babarengan jeung salakina. Kuring teu ngarti kunaon manehna make boga kasimpulan awewe sunda ukur cicing di Imah? .........dasar asbun! > Agus menambahkan, keindahan dan kesuburan alam (dan > kecantikan wanita) > Jawa Barat ini sampai ke wilayah bagian pantai Jawa > Barat, Banten > (sebelum menjadi propinsi sendiri), yang termasuk > bagi dari kota Paris > in Java. Tidak jauh beda dengan Bogor yang pada > zaman VOC dijadikan > tempat peristirahatan kaum bangsawan Belanda. WALUYA : Kuring kakara ngadenge aya menak (bangsawan) walanda sok istrihat di Bogor di jaman baheula. Bogor memang tempat istirahat urang Walanda, tapi walanda pejabat VOC (nu acan tangtu menak walanda, VOC lolobana walanda pelaut jeung pedagang), nu digawe di jakarta, lain menak walanda nu ngahaja istirahat di Bogor. Memangna jaman baheula geus aya pesawat terbang kitu? > Malah di sebagian daerah jawa Barat, ada pula wanita > yang bangga > menjadi janda. Ini terjadi karena adanya anggapan, > bahwa wanita yang > mampu menikah tiga atau empat kali, berarti wanita > tersebut lebih > bagus dibandingkan wanita lain yang hanya kawin satu > kali. "Ini > terjadi di Karawang, wilayah Pantai Utara dan > Indramayu," kata Agus. WALUYA : Sakali deui cendikiawan Agus Wiyanto ngaco, kasus lobana randa lain di karawang tapi di Indramayu. Tah lamun nyaritakeun INdramayu, ulah nempo sundana wae, tapi Indramayu oge daerah di Jawa Barat nu kapangaruhan kultur Jawa kuat pisan, nepi ka basana oge basa jawa. Jadi ulah nembleuhkeun ka kultur Sunda wae, tapi oge ka kultur Jawa! --- In [email protected], MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Aya kasalahan fatal dina carita dina majalah eta. > > 1. ukuranana anu sarwa materi,ngan ningali aspek > lahiriahna, itung-itungan ala matematika, untung rugi, > teu ningali faktor sejen. > > 2. Ngagulkeun maskulinisme, saolah-olah si awewe teh > teu boga pipikiran, teu walakaya, atawa "dulang > tinande" sumuhun dawuh. > > 3. Nganggap urusan rumah tangga ngan sakadar dahar, > nginum, hubungan ewe-salaki. > > 4. Stereotip anu "sangeunahna" diuar-uar di majalah, > bisa ngaruntagkeun kautuhan "bermasyarakat". > > Karunya temen lalaki anu ngaranna Amir Hamzah, jeung > "garing" pisan eta majalah caritakeun carita siga > kitu. Sabab lamun enya eta carita teh bisa jadi > "ngarepsentasikeun" kawijakan anu ngokolakeun majalah, > nganggap hirup di dunya teh ngan sakadar neangan nafsu > bihari wae. > > mrachamtrawyani > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to life by funding a specific classroom project. http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

