Teraskeun Bah Willy,….sim kuring satuju pisan kana seratan Bah Willy.

(nuhun…tadi wengi tos ditelepon).

Posting teh rada kaganggu, boh ngintun boh nampi email rada teu lancar, duka kunaon yeuhh..!!.

Engke siang bade milarian majalah ME-na.

 

Ema (pun biang) teh pituin urang Sunda, gaduh budak genep, lalaki kabeh, kuring bungsuna, mun tea mah pangedulan sigana moal kageroh tah budak anu 6 teh.

Kacipta dina mangsa budak keur barongkeakan kumaha paciweuhna, naha aya keneh kasempetan keur ngaluis ngageulis bari jeung pangedulan…? Ceuk kuring mah Ema teh istri Sunda anu pangtanggohna, ceuk dongeng ki lanceuk dina taun 50an mangsa lembur mindeng diranjah ku gorombolan, Ema kacida parigelna nyalametkeun barudak sangkan teu kabawa sakaba-kaba ka leuweung atawa kumaha parigelna dina ngabayuan kahirupan sapopoe padahal harita teh jaman keur werit, da usahana Bapa mindeng kaganggu ku paripolah gorombolan.

 

Ayeuna kuring boga pamajikan teh ka pituin urang Sunda teureuh Cianjur, nu kabandungan ti mimiti pruk kawin tug nepi ka ayeuna rarasaan mah teu  minculak utamana dina perkara ngurus kageulisan, inyana kaasup sahinasna aya kalana ketah lamun memang keur diperlukeun upamana rek kaondangan tapi da teu kaleuleuwihi. Palebah pangedulanana, rarasaan mah henteu deuih, sanajan kuring mah sapopoe aya diluar imah, tapi da imah kaurus atuh budak ge kaurus (alhamdulillah di kulawarga teh teu boga badega).

Tadi peuting kuring ngobrolkeun ieu perkara jeung pamajikan ( ngadenge dongeng kitu manehna nyereng…) satutas kuring ngobrol per telepon jeung Bah Willy  (Bah Willy..saur pun bojo salam baktos kanggo ibuna), ceuk inyana “Ngeunah we ngablamblam siga kitu…disurilam geura pek…!!”

“Bisi we rek jadi ngedul jeung ngageulis bae,…kumadinya..” ceuk kuring teh.

“Embung ah bisi diturutan budak..” jawabna.

 

Tadi isuk isuk memeh indit ka kantor kuring ngobrol jeung budak.

“Ari Rachmah (ngaran pun anak, kakara kelas 2 SD) urang Sunda..?”, manehna unggeuk

“Bisa asa Sunda…?”

Manehna nyelengkeung rada ambek “Abah tidak percaya….nih lihat nilai ulangan bahasa Sunda sembilan..” ceuk manehna bari ngodok buku pelajaranana.

Kuring melengek..”Geuning eta nyarios ku basa Indonesia..?!”

Manehna ngaheheh….”hilap..” cenah.

Terus kuring ge nyaritakeun perkara wanita Sunda nu majar tukang ngageulis jeung pangedulan ambih manehna ngarti jeung teu kitu, bisi enya…!!

 

MSasmita

   

 

-----Original Message-----
From: asep juarna [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, March 09, 2005 11:52 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Sanggahan Artikel : "Di Balik Kecantikan Wanita Sunda"

 

Mupakat, Bah... Nanging aya catetan sakedik, mangga
diuninga di handap...

AJ

--- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Baraya KUSNET sareng kisunda, kuring sabisa-bisa rek
> nyanggah
> artikel dina Majalah "Male Emporium" (= Karajaan
> Jalu?") nu
> judulna "Di Balik Kecantikan Wanita Sunda". Di ME
> online aya
> forum keur ngadiskusikeun eusi majalah ME. Ku kuring
> rek
> dipostingkeun kadinya. Tapi sateuacanana punten
> tulisan sanggahan
> sim kuring dikoreksi atanapi ditambahan heula ku
> baraya. Kuring
> nyebut heula "saya" henteu "kami", margi bilih
> baraya anu sanes
> henteu sapagodos jeung eusi sanggahan sim kuring.
>
> Kanggo baraya member kisunda, artikelna ku kuring
> dilampirkeun
> panghandapna.
>
> Baktos,
> WALUYA
 




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke