satubuh,,ehh,,satuju...
Ibu Rumah Tangga Sejati...eta sabenernamah pahlawan tea... enya mother teh
Heroin for Husband and for the Children.. heuheuheu...legeg uing euy..

matakan eta neng Ipup alias Madame Kumi,
kuring baheula sa acan nikah, ka jikun any ayeuna.. kuring pernah ngenta
manehna jangji, jangji na nyaeta:
1. kamana kuring ngalengkah manehna kudu siap maturan, ieu istilah jang
kuring pribadi anu artina.. dimana salaki ayana anu jadi pamajikan oge kudu
aya maturan, saperti ayeuna, kuring di Lobam da Rijkina ayeuna meunangna di
Lobam, nya manehna kudu daek tur ikhlas maturan kuring didieu, da letak
posisi anu jadi pamajikan teh nya jeung salakina... ngarah leuwih karasa
hirup Rumah Tangga teh... kurang leuwihna, susah senangna pasti kuduaan..
2. dimana geus boga budak, kudu eureun digawe. sabab kuring hayang anu jadi
anak teh sagalana meunang didikan anu jadi indung, lain didikan batur..
keun bae jang di Batam oge Lobam, geus tradisina.. kawin..duanana gawe.. ke
dimana boga budak.. geus lahir ditinggalkeun di kampungna jeung aki ninina,
atawa dititipkeun ka penitipan anak. tah uing mah embung, pokona khususon
ngurus budak utamana, dimana budak geus kaurus kakara ngurus salaki. jadi
nyaanan nyaram digawe ka jikun meun geus boga budak terus nepikeun ka budak
bener bener bisa ditinggalkeun salila gawe...
masalah panghasilan anu jadi salaki? gede leutikna kudu bisa narima, kudu
bisa ngatur jeung dicukup cukupkeun.. da geus apal tibaheulana daek ditikah
berarti nya kudu ngarti kana kamampuan salaki...
3. Masalah Rumah Tangga, teu meunang saurang pun anu ikut campur sanajan
kolot sorangan, iwal meun geus teu sanggup kakara konsultasi jeung nu jadi
kolot.. lain ngadu tapi konsultasi ngenta pendapat...

tah punten ieu mah prinsip abdi anu jadi lalaki, salaki ti pamajikan anu
hiji, oge bapak ti anak awewe anu karek hiji.

percanten, tiap jalmi mah benten benten gaduh pola pikir sareng prinsipna
sewang sewangan... 

point utamana, rehna kuring satuju rehna jadi Ibu Rumah Tangga sejati teh
pahalana gede... 

Baktos,
Ayah Amey...* uing kabagean tukang nyeuseuhan baju di imah, taroskeun wae ka
Neng Novi..heheheee... ;)

-----Original Message-----
From: Mpup [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, March 10, 2005 11:20 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Re: Wanoja Sunda Kamarana?




Naha kunaon ari ibu rumah tangga bet teu disebut wanita karier? 
Kunaon ari pagawean di imah samodel masak, nyeuseuh, ngepel, beberes, 
jeung ngerjakeun sagala rupa pagawean imah teu disebut digawe?? Apan 
sarua eta oge pagawean sapopoe nu kudu dibereskeun. Malah ceuk kuring 
mah leuwih mulia pagawean ibu rumah tangga nu sagala ku anjeun, bari 
mun geus boga budak, kaurus budak dina sagala rupana.. 
Tapi naha pagawean nu dilakukeun ku pamajikan nu teu digawe 
dikantoran, atawa jadi naon jadi naon lain disebut pagawean? Malah 
leuwih beurat ibu rumah tangga atuh dibandingkeun wanita karier nu 
digawe dikantoran mah.. 

Kadang-kadang ari nu jadi wanita karier mah cul budak, budak sina 
diasuh ku batur, meureun asuhan batur mah beda jeung asuhan urang nu 
jadi kolotna.. 

Matak tong disapirakeun tong diapilainkeun, jiga misalna aya lalaki 
nu ngomong "Da pamajikan aing mah teu boga gawe, di imah wae".. ceuk 
saha di imah teu gawe? da di imah teh loba pagawean.. ngan meureun 
memang pagawean nu euweuh buruhna, nu teu digajih, ari hasil mah aya, 
imah jadi beresih, budak kaurus, sagala geus beres.. nyaeta atuh ari 
pagawean domestik mah kasebutna cenah pagawean rumahtangga nu kaasup 
pagawean awewe, tapi teu ngahasilkeun duit.. Sabenerna mun ceuk dina 
konsep 'kemitraan gender' mah, pagawean samodel kitu teh 
tanggungjawab lalaki boh awewe, jeung dina sudut pandang ekonomi 
jeung sosial leuwih2 ngabogaan niley saperti halna pagawean sejen..


~ipup~


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke