Kacarita ditahun 1809 di wewengkon Hindia Walanda (HW) aya kajadian ngalih pangawasa ti bangsa Walanda ka urang Inggris. Kajadian harita mawa pangaruh ka rahayat Brebes.
Basa jaman Walanda, aturan pamarentah ngalajengkeun sakumaha dianggo ku karajaan Mataram, utamina perkawis wates dayeuh. Kuayana parobahan eta, kanggo wilayah Brebes anu anu nyepeng wewengkon kabupaten Brebes turunan urang sunda, nyaeta TRAH Arya Panatayoeda (TAP) anu kawitna ti Karawang (Jabar).
Bupati TAP anu kahiji R Adipati Arya Singasari Panatayoeda (Dalem Sura/DS), numutkeun catetan sajarah Karawang teu lain putrana Patih Karawang R Singanagara, oge minantu bupati Karawang R Adipati Arya Panatayuda.
Teu gampil bade nyepeng wewengkon Brebes teh, sabab DS kedah ngelehkeun bupati bawahan Mataram anu nuju jumeneng R Poesponegoro II.
 
Ngaraos dipancen ku pangawasa enggal di Batawi, prung we tah si calon bupati angkat ka dayeuh anu parantos ditangtukeun. Rupina waktos perjalanan Karawang - Brebes waktos harita mah masih keneh lami sabab jalan Daendels kirang sae, jadi we DS teu tiasa langsung ka puser dayeuh. Ahirna rombongan DS saparakanca liren heula di hiji tempat di tengah leuweung lan rancah, bari teu hilap ngrim heula teli sandi (intel) ka puser dayeuh.
Leuweung tempat liren DS nu ahirna jadi lembur, isuk pagetona dipaihkeun ti Gubjend Sir Stanford Raffles ka turunan DS. Tah eta lembur ayeuna gaduh nami Ketanggungan (tanggung = pameung).
 
Ku rahayat Brebes kiwari bupati DS koncara kasktianna, sabab pami teu sakti mah moal tiasa ngelehkeun bupati Poesponegoro II.  Du ka danget ieu DS langkung dikenal nami sanes nyaeta ki Joko Poleng (JP).  Pami baraya nuju aya di kota Brebes tarokeun we nami JP, kantenan tarerangeun, kunaon sabab?,  ...... sakti tea.....
 
Numutkeun catetan sajarah Brebes, bupati DS anu ngadamel Pandopo (rumah dines bupati)
 
 ...............Tah cek legenda rahayat Brebes mah eta JP anu ngageugeu Pandopo. namina oge ngageugeu, sing saha we anu nyicingan / dumuk di eta pandopo kedah saluyu sareng JP.  Seru oge nya sapertos dongeng nyi loro kidul.  Pami gaduh maksad naon bae eta anu linggih, teras kaluar ti eta Pandopo, JP sok masihan  panalika. Pami ujug ujug kaluar / katingali oray welang JP, kedahkeun eta pamaksadan.  Dina hiji carita tahun 80-an aya istri bupati anu maot di jl. pantura ditarimpukan ku kuli batu tina truk. Saparantos maot, kaget tah tukang batu, sabab basa rame-rame nimpuk mah oray ageung, padahal mobil sedan  ..................
 
Namina oge legenda, bade percanten atanapi henteu teu langkung baraya.
 
Bupati kadua TRAH Karawang (1850 - 1876) R Adipati Arya Panatayoeda II )Dalem Kulampok), nyaeta putra bupati DS. Tina nami bupati kadua ieu ayeuna lahir nami Klampok, anu ayana sakuloneun puser dayeh kiwari. Pami baraya US bade ka arah Tegal / Pekalongan ti arah Cirebon kantenan ngalangkungan Pasar Bawang KLAMPOK.
 
Bupati nu katilu TRAH Karawang R Adipati Arya Panatayoeda III (Dalem Karanganyar). Rupina ieu bupati pamungkas Trah Karawang. Lumayan lami oge TAP ngawasa wewengkon Brebes. Sanajan di Batawi parantos ganti pangawasa, ganti deui ka bangsa Walanda, turunan TAP masih dipercanten mancen tugas.
 
Mangsa bupati katilu daerah sunda Salem dijadikeun KAWEDANAN. Duka naon anu janten pertimbangan, dumasar kana legana dayeuh atanapi seueurna rahayat.  Pami ditingali ku kaca soca ayeuna mah rada sesah alesan / sabab musabab kabijakan bupati. 
Mung numutkeun buktos anu kacandak ku bupati saparantosna TAP, Salem teh jadi puser dayeuh Hindu di Brebes, dibuktoskeun ku ayana titinggalan benda-benda anu pakait jeung Hindu (kabuyutan Ciburuy - Bandung) di gunung Sagara.
 
Margina teu aneh pami di daerah Salem dugi ka kiwari jadi daerah panghasil Batik Tulis anu mirip batik Banyumasan - at - Ciamisan ?. Apan batik mah didamel / dibutuhkeun ku ku urang kota sanes ku tukang ngarit di gunung.
 
Tah ka baraya US, pami hoyong batik tulis khas, sok geura tingalian di lembur Bentar / Bentarsari.
 
cag heula ah
 


Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Find what you need with new enhanced search. Learn more.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke