************************************** Kalayan nyebat asma Alloh! Haturan bah Willy!
Sae Abah!!! pangabela, pangabakti lan pangbagea abah ka ki sunda teh insyaalloh tiasa janten pieunteungeun sinareng picontoeun kami, nonoman ki sunda supados langkung nyaah kasasama US. Abah... mugi bae katampi, ieu mah saukur ngempelkeun sasauran baraya nu parantos aya nu diiloan ku sim kuring, kieu cenah na mah Abah : 1. Pikeun CBN lan ME Maraneh na (hapunten kasar da kumaha, sakedik katarik oge ieu teh) mah lepat alatan kasesered tur kirang taliti, janten : - Sapanuju pisan kuring oge ka kadang wargi nu nyarankeun pikeun nyuhungkeun tanggel waler ti pihak CBN kalayan diwawarkeun boh di jalaloka na ME, CBN kitu deui dina edisi cetakna. - Ngawanoh keun ka CBN lan ME ayana KUSnet khusunamah ku cara ngemutan maranehna dina kapayuna upami bade medarkeun artikel kasundaan, KUSnet teh tiasa dijantenkeun pihak nu kedah ditumaroskeuneun. - Nyuhungkeun ka maranehna supaya mas agus sangkan "klarifikasi" perkawis wawacan nu ngahinis ati lan nyakompetdaunkeun kumna wanoja urang ceuk pamadegan inyana. -Emutan maranehna, yen manehna teh hirup ajeg teh di bumi parahyangan, nya... satemenna kudu nganuhunkeun ka urang teh ku teu ngaruksak kasundaan tur kisunda urang tea. 2. Pikeun mas agus Duka kunaon dadasarna si merekedeweng teh nyimpen pamadegan siga kitu (pernah nyeri hate kitu ka wanoja urang???), nya jelma nu kieu pisan nu disebut "atah adol" teh, janten : - Masyarakat, pastina parantos seueur nu maos eta wawacan teh! kukituna aya nu nga'enyakeun, aya nu nga'henteukeun, aya nu ngantepkeun, pamungkinan oge aya nu boga niat nambahan pamadegan siga si mas agus teh,.... jrrd..... (panginten siga kitu kirang langkungna). Abah...panginten urang oge sayaktosna, kedah ngajentrekeun, ngabejerbeaskeun, ngawanohkeun kumaha kaayaan wanoja urang teh ku cara ngintun wawacan kaayaan wanoja urang nu "proposional", ku wening ati herang manah, pikeun pieunteungeun balarea jalaran wawacan mas agus tadi. Kirimkeuneun wawacan ieu teh, ka CBN & ME kitu deui mas agus-na. Ieu mah meh urang teh bisa nunjukeun wangsa nu martabat jeung alus budi tea. - Nyuhungkeun 'klarifikasi'/ tanggel waler ka mas agus pikeun nyatakeun pamenta maap manehna di CBN, ME lan KUSnet ngalangkung Abah! - Kapayuna... "mungguhing mas agus!! US teh aya keneh!!... mun saenyana maneh nek ngaguar kasundaan teh mudu taliti ulah kumaha beuteung dinya! sukur-sukur bisa tatanya jeung sasadu ka KUSnet"..... Kitu panginten Abah.... kuring mah ngarasa bodo!! belekeseteng!! borokoko!! brewek, bekok!!! hehehhee........ tapi sok teu genah ati mun nigali nu sarba "kumaha aing" teh. Dikieukeun teh, sugan bae aya enya na nu ceuk mas agus teh... da kukumaha ge mun seug teh urang mibanda rasa pikeun kamajuan Kasundaan lan Ki Sunda mah, mudu jadi pieunteungeun nu samodel kieu teh, nu nyapirakeun urang, Enyaa...pikeun ngariksa diri/ teu kabongohan ..... meh urang siap kumaha ngalawan maraneh na nu sok nyapirakeun urang. Mun ceuk Mang Je mah, "Halik Ku Aing, Mun Wani Ulah Sieun-Sieun, Mun Sieun ulah Wani-Wani" (Kitu sanes Mang Je???..hehheheh alus euy ke ku kuring di japri hayang pesen kaos.. heuheuheu) Ah... paralun nun!!, dicekap keun bae Abah!, tuh da seueur lepatna, moal dipapanjang deui Abah bilih langkung eces pisan lepatna.. hehehheheh... Tansah, -pun adi- *cukang-na teh asa karasa.... panginten ieu salah sawios amparan teh!!! ************************* On Thu, 10 Mar 2005 13:02:45 -0000, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Baraya tadi sore kuring narima telepon ti cbn bandung, manehna menta > maaf ku ayana artikel eta jeung geus dicabut tina portalna. Ngan ceuk > kuring teh kuring teu bisa ngajamin, nu sejen bisa narima kitu wae. > Nya upama dicarekan mah tarima we ....hehehehe. > > Oge kuring narima email ti cbn jakarta, nu ngelola webna sarua menta > maaf, ngan hanjakal emailna jadi leungit, duka nyelap dimana dina > server centrin. Tapi nu jelas manehna menta maaf, teu boga maksud > ngagogoreng urang sunda. > > Informasi nu penting deui, ceuk nu nelepon jeung ceuk email ti cbn > jakarta, memang artikel ieu dipublikasikeun dina majalah ME Edisi > Februari 2005 Nomor 50. Tah baraya, ayeuna mah geus jelas ME teh > memang ngapublikasikeun dina edisi cetakna. Bade di ontrog? mangga > nyanggakeun ka US jakarta bade dikumahakeun tah! > > Kuring mah rek badami heula jeung Ua Sas, MJ jeung kang Oman, rek > neangan majalahna, rek dibikeun ka para inohong di Bandung, kudu > dikuamahakeun tah aya mass-media kitu peta? > > Baktos, > WALUYA > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

