Haturan Kang Asep, oge hapunten Bah Wily (Kang Waluya), sim kuring nyoro pamair,
Muhun Kang, eta oge kitu anu bade dipaju. Kamari si kuring badanten sareng bah Wily oge bah Wily sareng Ua Sas, aya paniatan gilig bade ngaheuyeuk balad-balad US nu sanes, boh individu atawa sacara organisasi, pikeun nungtut sangkan boh cbn oge "Male Emporium" ngalayangkeun serat anu dipedalkeun/dumumkeun anu eusina nyuhunkeun dihampura ka masyarakat Sunda ku dimuatna eta warta / seratan anu sakitu matak ngagerianana ka sanubari sakumna US. Nyakitu lah, sarupa somasi tea dina basa legeg-na mah.
Leres, kalintang matak ngarugikeunana eta seratan teh. Sakumaha anu kungsi dipostingkeun, seratan-seratan sarupi kitu anu ukur sapihak sareng stereotif, heunteu bisa heunteu, upama teu aya kajelasan sanesna, kalebet kana "etnocide" tea alias "pembunuhan karakter" US, khususna wanosa US.
baktos,
manAR
Asep Dedi Suhendra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
-Haturan Kang Waluya....,
Bawiraos saur sim kuring mah, maranehna kedah ngadamel pamenta
hampura anu leres-leres anu kedah dinyatakeun dina seratan
web,atanapi seratan dina majalah , yen seratan etateh dumasar kana
panalungtikan anu atah.
Dikumaha-kumaha oge ieu seratanteh tos di aos ku mangratus-ratus
jalmi, janten tos ngarugikeun kana citra wanoja sunda.
Tah kitu saur sim kuring mah, maranehna kedah terang kalakuan kitu
teh lain wanian tapi pendeho/Bakayaro. punten bilih kaleuwihan.
Baktos
Asep Oeking-FL
-- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Baraya tadi sore kuring narima telepon ti cbn bandung, manehna
menta
> maaf ku ayana artikel eta jeung geus dicabut tina portalna. Ngan
ceuk
> kuring teh kuring teu bisa ngajamin, nu sejen bisa narima kitu
wae.
> Nya upama dicarekan mah tarima we ....hehehehe.
>
> Oge kuring narima email ti cbn jakarta, nu ngelola webna sarua
menta
> maaf, ngan hanjakal emailna jadi leungit, duka nyelap dimana dina
> server centrin. Tapi nu jelas manehna menta maaf, teu boga maksud
> ngagogoreng urang sunda.
>
> Informasi nu penting deui, ceuk nu nelepon jeung ceuk email ti cbn
> jakarta, memang artikel ieu dipublikasikeun dina majalah ME Edisi
> Februari 2005 Nomor 50. Tah baraya, ayeuna mah geus jelas ME teh
> memang ngapublikasikeun dina edisi cetakna. Bade di ontrog? mangga
> nyanggakeun ka US jakarta bade dikumahakeun tah!
>
> Kuring mah rek badami heula jeung Ua Sas, MJ jeung kang Oman, rek
> neangan majalahna, rek dibikeun ka para inohong di Bandung, kudu
> dikuamahakeun tah aya mass-media kitu peta?
>
> Baktos,
> WALUYA
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

