Ayeuna sigana pamarentah teh nyanghareupan buah simalakama. Sakumaha ceuk Kang Faisal Basri, ombak demo anu nentang dicabutna subsidi BBM, diramalkeun baris tambah ngagunung. Atuh tadi isuk-isuk dina warta tv, aya sagolongan ekonom Indonesia anu arek ngadesek sangkan Pamarentah nyabut katangtuan naekkeun BBM, sabab mangmelangkeun kajadian ngagolakna suhu politik jeung masyarakat anu marojengja.
Si kuring rada sapuk upama pamarentah nyabut deui ( katangtuan naekna BBM undur heula sakeudeung). Tapi, kalawan prak ku nyieun/ ngalaksanakeun heula kawijakan anu tujuanana pikeun sasadiaan masyarakat (leutik khususna) upama dina hiji waktu subsidi BBM dicabut. Lengkah ieu oge bisa jadi hiji "prseden" anu hade, yen kungsi aya presiden/ pamarentahan di Indonesia anu ngadengekeun sora rahayatna. Baktos, manAR --- In [email protected], MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > --- Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > Tapi, oge, sakumaha katerangan Kang Faisal Basri, > > aya anu rada > > manghanjakalkeun ka Pamarentah, kunaon heunteu > > nyiapkeun kasayogian > > masyarakat pikeun nyanghareupan eta subsidi BBM anu > > dicabut? > > Singketna, samemeh subsidi BBM dicabut teh na matak > > naon > > dipaparinkeun heula panyilihna pikeun masyarakat. > > > > Kusabab Pamarentah mah lain pausahaan jeung lain > > sodagar, teu kudu > > owel, lamun seug ngalakukeun heula usaha pikeun > > panyilih subsidi BBM > > anu arek dicabut. Upamana bae, subsidi gemuk, > > ngaronjatkeun harga > > beas (jeung harga-harga hasil tatanen umumna), > > ngaropea panghasilan > > patani, pagawe negri, jeung masyarakat leutik ku > > rupa-rupa > > kawijakan, jst sakumaha dadaran Kang Faisal Basri, > > samemeh dicabutna > > subsidi BBM dijalankeun. > > > > manAR > > > > > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around > http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for anyone who cares about public education! http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

