Muhun geuning janten ibu rumah tanggi teh henteu gampil. Sabada di bumi dikantun samentawis ku pun biang.....duh meni karaos capena, ngerjakeun ieu ngerjakeun itu.....teu acan beres ieu....teu acan beres itu...kumaha ieu kumaha itu....ah pokona mah pakepuk we sareng meni karaos repotna. Komo sapertos pun biang nya padamelan kitu teh janten padamelan sadidinten sareng deuih pun biang mah kadang padamelan pameget oge sok dipidamel. Matakna upami aya anu nyebat yen istri sunda pangedulan meni teu ridho abdi mah.
Leres nya teh nia, ari urang damel mah panginten moal sagala rupi teh namprak wae ngantosan ti caroge. Tapi eta oge upami carogena masihan ijin ka istri kanggo damel, upami henteu.....nya wayahna carogena kedah mampu memenuhi kabutuhan RT...hehehe...
Neng Iva
Nia Sri Winiarsih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nia Sri Winiarsih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Muhun Satuju Teteh...Sapertos teteh nya, sukses di kantor dan sukses di rumahtanggi ngabantosan caroge, deui upami gaduh gaji nyalira mah bade jajan2 wae mah teu kedah nyungkeun, tiasa oge masihan ka sepuh/dulur, ....Kecuali upami caroge kaabotan istri damel sareng caroge mampu memenuhi kabutuhan rumah tanggi.Perkawis Badega, atuh ari kapepet2 teuing mah..teu nanaon :D....toh namina oge badega ( pembantu ), mung ukur ngabantuan apanan da....Nya sukur upami urang nyalira tiasa ngahandle sadayana sapertos teh tien nya panginten....Hebad lah...NiaSalut ka WK plus IRT.-----Original Message-----
From: teh tien [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, March 10, 2005 10:53 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Wanoja Sunda Kamarana?Teu kedah gaduh badega ge tiasa............Jaman kiwari mah sesah gaduh badega, dari pada janten badega mending buruh pabrik, kitu seuseueurna eta badega. Tos taunan teu gaduh badega sareng seueur wanita kantoran anu teu gaduh badega. Tiasa di atur sagala rupina, janten kumaha pinter-pinterna eta istri.
Mpup <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Angger we gaduh badega di bumina nu ngurus sagala rupina
~ipup~
--- In [email protected], teh tien <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Saur saha langkung abot ibu rumah tanggi neng Pupi....? Puguh
wanita karier dobble dua, nya urusan kantor nya urusan rumah tanggi
sadaya di tanggung ku nyalira, saparantos di beres di kantor teras
kapasar, sonten masak...wengi beberes jeng sajabina.
> Janten teu tiasa di sebat langkung abot ibu rumah tanggi, da
saleresna padamelan ibu rumahtanggi oge kalebet wanita karier
sapertos ngawulaan ka caroge dugi ka sukses , ngadidik murangkalih
dugi ka berhasil lahir sinareng batin. Tah anu kieu ibu rumah tanggi
anu berkarier ngamajeungkeun kulawargina.
> Anu di sebat wanita karier sanes bae wanita anu sukses di kantoran,
tapi oge wanita rumah tanggi anu janten sabab caroge sareng
murangkalihna cageur, bageur, bener pinter....
> Cag..ah.
>
> Baktos
>
> teh tien
> (janten wanita karier langkung ni'mat)
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Make Yahoo! your home page
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Make Yahoo! your home page
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

