"Excellent" Kang, pedaran teh. Moal kapapanjangan mairan, da tos 
sakitu munelna, sanajan ringkes. Sapuk, nya kitu, jurus 
babasan "herang caina beunang laukna" teh upama direvitalisasi 
pikeun kaperluan pajamanan mah, nya teu aya sanes, diplomasi anu sae 
tea. Siga anu kurang komunikasi intra indomalay teh nya? Mangga, 
ayeuna anu abdi ngantosan, pedaran akang saterasna, enggoning kumaha 
kira-kirana ringkelan diplomasi anu diperlukeun pikeun ngarengsekeun 
pasoalan ambalat teh?

Baktos,
manAR 

--- In [email protected], "Yudi Irmawan" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> 
> Perkawis Ambalat pangemut abdi mah kedah atos2 nyikepana, ulah 
> sakaba-kaba. Aya sababaraha analisis ti milis tatanggi nu tiasa 
> dijantenkeun pertimbangan. 
> 
> Kahiji, isu Ambalat dijantenkeun isu gede ku Pamarentah Indonesia 
> jeung sabagean urang Indo, da di Malaysia mah hare2 wae (contona 
> seratan Kang Tatan atanapi seratan Adrian Husaini di Republika). 
Aya 
> ku pas waktuna jeung naekna BBM, beu meni kasirep eta isu BBM. 
> Dihaja? duka ah moal wawantunan nyimpulkeun.
> 
> Kadua, aya kapentingan lian nu merlukeun Indo jeung Malaya ribut. 
> Diantarana: kapentingan pausahaan2 minyak gede Inggris (Shell) 
jeung 
> USA (UNOCAL kitu?) keur ngarebutkeun Ambalat. Kaduana, kaperluan 
> pausahaan2 nu nyieun sanjata perang (Malay meuli ka Inggris, Indo 
ka 
> USA). Mun aya nagara nu perang tangtu sanjata jeung peluru laku. 
> 
> Katiluna, kapentingan politis ideologis. Ah asa ku kabeneran mun 
> Indo jeung Malay ribut, bangsa2na moal maju angger we jadi "nagara 
> Berkembang" nu ngan ukur miharep bantuan (baca "hutang") 
ti "nagara 
> Maju" (liwat rentenir IMF) ukur pikeun hirup sapopoe padahal 
alamna 
> sakitu jembarna. Kaduana, teu kudu hariwang Malindo jadi sadulur 
> jeung jadi kakuatan ideologis (dina hal ieu agama Islam) da 
> rahayatna oge teu alakur. Katiluna, sukur mun bisa nyieun 
pangkalan 
> militer di Selat Malaka pikeun ngontrol Asia Tenggara.   
> 
> Tah, ku ayana pikiran kitu, asa era Urang Malaya nu teu kapancing 
ku 
> kalakuan urang (introspeksi). Beda jeung urang, nu gampang iigelan 
> ku kendang batur. Lain ku ngarelakeun Ambalat direbut ku Malaya, 
> ngan pan baheula Indo teh jago diplomasi (Agus Salim, Mohd Hatta 
Dr. 
> Sudarsono, Sutan Sjahrir jrrd), moalenya ayeuna geta sarupateun? 
> Ngobrol dong! Ngobrol! heuheu
> 
> baktos 
> Yudi
> 
> --- In [email protected], "@@ Ifan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > heuheuy... kakaraeun pinter euy...
> > 
> > keur peuting ge ningali berita di Metro TV, LSM2 di malaysia 
> protes ka kedutaan RI, cenah demo di Indonesia kaleuleuwihi make 
> jeung ngadurukan bendera sagala, jeung TNI kaleuleuwihi oge dina 
> ngirimkeun tentarana ka ambalat, padahal mah naha lain protes ka 
> pemerintahan malaysiana, kunaon bet ngaganggu kadaulatan RI,
> > jeung anu manghanjelukanana, eta Mas Rusdiharjo bet menta 
hampura 
> sagala, lain dibalikeun... da bongan kituh pamarentahan maneh 
> ngaganggu RI...
> > 
> > ceuk uing nu belegug mah... wajar nu daremo ngalakukeun siga 
kitu, 
> sakitu mah masih aya toleransina, masih untung ngadurukan bendera, 
> teu nepikeun ka nganiaya warga malaysia nu aya di 
> indonesia...sanajan sarua nagara serumpun atawa nu loba islamna 
ge, 
> da ari geus ngaku2 hak batur mah kudu dilawan, ngan mun seg jadi 
> perang.... kumaha jeung Siti Nurhalizana nya...?? Manglebarkeun 
> euy... hehehe...
> > 
> > ceuk dina hadist oge... diantara tanda2 kahancuran islam teh 
> nyaeta Cinta Harta jeung Sieun Paeh, malaysia cinta harta... da di 
> ambalat aya sumber minyak anu miliaran barel, palestina dikakaya 
ku 
> israel... aya teu nagara islam nu mantuan..?? da sarieun paeh 
tea...
> > 
> > duka ketang... da eta mah ceuk uing nu bodo..
> > 
> > Panzi





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke