|
Basa
malem minggu kamari ka imah katatamuan ku tatangga sa-RT duaan, jeung nu
saurang mah geus kacida wawuhna da mindeng ngawangkong, ngan jeung nu saurang deui kakara papanggih, sihoreng geuning warga di RT kuring keneh, ngan inyana mah arang ka Bandung
lantaran gawena di Jakarta jadi tangtara. Kulantaran
tatamu teh teu langsung nepikeun kana maksud kadatanganana, nya ngawangkong teh
kana masalah Sunda utamana mah kana buku-buku Sunda nu karasa hese neanganana,
kuring teu pati sapagodos kusabab lamun urang leukeun neangan mah aya keneh
buku-buku basa Sunda teh boh carita, boh nu sejena, kaasup sabangsaning guaran
nu daria boh sajarahna boh buku ulikan basa Sunda, kitu deui majalah/ tabloid
basa Sunda. Sanggeus
rada lila ngawangkong kakara inyana nepikeun maksud pangna nepungan. “Pa
RT,…ieu mah sanes sim kuring “cengeng”…..mung sakadar ngadugikeun gegetun hate,
upami dikemu bae mah bilih teu katahan….bilih murang maring teu pararuguh…”
Ceuk tatamu anu anyar pinanggih. Kuring
sabage ketua RT ngabandungan teh rada daria, malum kapan inyana teh tangtara
tea bisi enya ambek nguwak ngawik. Inyana
neruskeun omonganana. “Leres
bumi teh rada arang dieusianana, saprak pun adi ngalih, atuh sim kuring sareng
pun bojo ka Bandung ge paling-paling saminggu sakali….atuh di buruan teh
jujukutan rada teu karoris kalan kalan sok ngajejembrung, nu rada aneh palebah
panto garasi jukutna teh kacida ngemplohna beda sareng nu sejena..” Kuring
can pati eungeuh bakal kamana loyogna ieu carita, inyana haben sasadu majarkeun
teh rada era pokna. Inyana
neruskeun caritana. “Mimitina
mah teu openan naha eta jukut palebah dinya rada beda, ku subur subur teuing,
atuh ari ngababad jukutna ge sahabekna we da teu openan tea……ari kamari
pasosoten pas bade magrib pisan, sim kuring sareng pun bojo dina mobil rada
rurusuhan da sieun magrib kaporotan, ti palebah pengkolan caket pos satpam
katingal aya jalmi nuju ngabedega ari ditelek-telek geuning nyenyepeng tali ari
gigireunana aya anjing ngajogo, ku sim ti kajauhan keneh mobil di tidid-tidid,
eta jalmi teh siga anu reuwaseun da buru-buru ngenyang tali anjing atuh
anjingna siga nu merod, eta jalmi gura giru mingprid nungtun ajing. Barang dugi
ka payuneun garasi mobil teu waka dilebetkeun kalah alak ilik heula na keur nanahaon
eta jalmi teh…..beu…geuning eta anjing teh geus ngawaduk pas pisan dina palebah
jukut anu ngemploh subur tea…!!” Kuring
sabage ketua RT geus rada ngabade kamana loyogna ieu carita, angkanan teh kudu
ngadamaikeun ieu perkara, boa boa jelemana nu nungtun anjingna ditampiling yeuh…tangtara
tea atuh. “Eta
jalmina nu nungtun anjing teh wanoh Pa..?” ceuk kuring. “Numawi
henteu…sareng teu kabujeng ditaros taros acan, kumargi sim kuring teh kalah
hayoh nelek-nelek ngadungkukna waduk anjing…direret deui teh jalmina nu nungtun
anjing tos teu katingal duka los kamana…” Kuring
ngareret ka tatamu nu saurang deui, nu geus apal tea…”Ari didinya, di jalan eta
saha nu gaduh anjing atuh..?” “Numawi
asa teu aya nu ngukut anjing…!!” Sang
tangtara nuluykeun caritana. “Sabada
reres sholat magrib teh atuh teras we beberesih di buruan, rujit rujit ge eta
nu ngadungkuk teh diseblokan, tadina mah hoyong ngabaheuhay ngareureuhkeun
kacape,…sapanjang beberesih teh hate ngageremet asa diteungteuingeun. Anu
pang medenghelna eta tadi pasosonten, payuneun pisan panto garasi tos ngadungkuk
deui bae. Tadi
siang mah sim kuring sareng pun bojo sadidinten ameng ka ninina barudak, janten
teu nangenan deui bae tah mangkelukna, ieu hate asa diheureuykeun, ambek nyedek
tanaga midek..” Kuring
ngadenge carita siga kitu ngan ukur melengek, nya kudu kumaha atuh…, dina jero
hate mah hayang seuri aya, ngilu pangkeuheulkeun aya. “Hatur
nuhun Pa kana laporanana…” ceuk kuring teh. Obrolan
diteruskeun kana nanggap pangalaman bapa tantara, pangalaman pipindahan jeung
tugas kamana mendi. Pasamoan
bubar jam salapan peuting,…..ari kuring mah terus ngahuleng….kudu dikumahakeun
ari laporan siga kieu jeung ari perkara nu kieu urusan RT lainnya…? MSasmita. Ieu carita
lain ngarang, ieu mah kajadian nyata Sakalian
nge-test bisa ngirim/nampa email teu…!! Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
- Re: [Urang Sunda] RT jeung......gogog...!! MSasmita
- Re: [Urang Sunda] RT jeung......gogog...!! kumincir
- Re: [Urang Sunda] RT jeung......gogog...!! soni rosa
- RE: [Urang Sunda] RT jeung......gogog...!! Cecep Wahyu

