baraya sadaya,
 
kamari-kamari kuring ngadangu instruksi pak dada rosada (bupati bandung) sangkan masarakat bandung sementaramah ngurus sampahna sorangan ku cara ngubur sampahna di pakarangan imah. Nah...ngadangu instruksi etateh kuring jadi inget kabiasaan kuring ari balanja. Nu sebenernamah kabiasaan teh nurutan jalma bule. Basa keur balanja di hero antrian kacida panjangna. Di haruepeun kuring aya ibu-ibu bule keur ngantri. Nu dianggap aneh ku kuring eta ibu-ibu teh geuning mawa jinjingan (jamil, kantorng) sorangan. Jadi basa transaksi di kasir balanjaanana teh diwadahan ku kantongna sorangan meunang mawa ti imahna. "Hm...alus oge eta kabiasaan teh." Pikir kuring na jero hate. Kabiasaan ieu bakal ngurangan produksi sampah. Hususna sampah kantong plastik (kantong kresek).
 
Tah baraya mimitian ti dinya kuring jadi boga kabiasaan kieu;
1. Mun balanja balanjaanana teh embung di keresekan. langsung bae diasupkeun ka ransel.
2. Mun balanjaanana saeutik terus pas keur teu mawa ransel balanjaan dikantongan.
3. Mun keur balanja loba sok ngahaja mawa kantong ti imah.
4. Kamari meuli sapatu. Etamah da dus sapatunateh (kotak) ditinggalkeun ku kuring di toko. Cek kuring teh, "Ceu, sapatuna ulah dikardusan. Keun bae langsung di asupkeun ku kuring ka rangsel ).
 
Wasalam,
durachman


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke