Untung uing teu cios ngontrog teh,....
Mun tulus, Juragan Anugrah tos balik ngontrog meureun ka uing nya, ....
 
Nia
 
-----Original Message-----
From: Nia Kurniaty [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, March 16, 2005 9:29 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] Re: Ari Ilaing lain mikir jadi urang sunda teh...

Ooooooh... kitu kutan teh mang...
Atuh numatak ge upami nyerat dina e-mail teh sing rada jelas... supados nu sanes oge ngartoseun jelas... atra kadanguna... yaktos maosna... jentre maksadna...
Pan dina seratan emang kalangkung mah saolah-olah emang ngaenyakeun kana tulisan si ME, teu jelas pendapat emang yen yaktosna mah emang ge TEU SATUJU kana tulisan si ME teh iwal eta mah kasus...nanging emang ngomentaran sabari nyutat masalah kabebasan demokrasi... janten saolah olah ku ayana demokrasi teh si ME bebas "membuat Opini" yen awewe Sunda jiga kitu... kapan nu di serat si ME mah generalisir mang.. sanes kasus..!!
Kuring teu satuju mang, upami Demokrasi di jadikeun tameng keur saha bae nu rek nulis atawa nyarita bari ngajejeleh batur... sabab demokrasi teh aya batas nu teu meunang di langgar nyaeta "kenyamanan dan ketentraman orang lain" atawa nu di sebat kamerdekaan awak batur...
Demokrasi ku kuring di fahami ku cara kirata... DeMokRasi = Deden eMok payuneun taRasi...
Sok sanajan tarasi teh bau... tapi keukeuh we kudu emok, hartina sopan... tah sok sanajan bebas cumarita... tapi keukeuh kudu bari sopan jeung boga titi tata basa... kitu mang...
 
Tah, kamari ku abdi di pancing... upami emang yakin yen ku alatan demokrasi saha bae bebas nulis tur nyarita naon bae... Abdi gagantawangan ka emang kawas nu nuang beuleum hui kapanasan... bari ngajejeleh emang...
Kapan emang ge teu ridho nya..?! teu sudi abrag abragan dicarekan ku si Nia budak kamari sonten sanes..?!...
Eta ge... tes kes.. mang... pangapunten kalakuan abdi kamari nya... da dina hate sanubari mah teu aya maksad kudu ngajejeleh emang... komo pan urang teh wawuh darat ge acan...
namung... dina waktos nu maranti ieu... sakantenan nepangkeun pribados... wasta pun Nia Kurniaty...nu parantos gagantawangan ka emang, ayeuna nuju diajar nalungtik anu hareuras (beusi) di nagarana si Oshin... seja neda sihapunten... pedah kamari mah seja nunjukeun ka emang yen awewe urang sunda teh aya keneh nu baleg.. aya keneh nu damelna sanes tukang ngaluis wungkul...
pribados salaku wawakil awewe sunda (sok sanajan bari ngan sapotong, tapi kuring keukeuh reueus jadi awewe sunda), seja umajak kanu sanes.. hayu.. geura hudang... geura tunjukeun yen awewe sunda teh aya keneh... awewe sunda ge sanggup jadi wawakil bangsa jeung nagara.... tur ka sadaya lalaki sunda.. hayoh geura harudang.. geura tunjukeun yen urang sunda ge bisa jadi pamingpin... jeung ulah wawanianan nganggap leutik ka awewe sunda.. da loba keneh awewe sunda nu luhung ku elmu jembar ku pangabisa... teu saeutik...
 
Punten sakali deui mang... punten... rumaos kuring mah masih keneh diajar...
 
sakitu ...
 
Wassalam,
 
Nia
 
Note : Upami teu lepat, di matahari mah nu kagungan e-mail domain matahari.co.id teh biasana supervisor kaluhur, minimal staf, palangsiang Pak Anugrah teh Manager nya... atanapi GM.. Direktur... beu... lakadalah... kuring kamari gagantawangan hareupeun Direktur Matahari eung... jigana upami wangsul ka Jakarta ulaheun balanja di matahari boa ku pak Anugrah...
Hapunteh ah.. pa Anugrah.. hapunten... 

[EMAIL PROTECTED] wrote:

singkuring mah cageur, teu maca anjeun di email, rek protes mangga mae,
kuring setuju, kuring mah teu ngomong setuju mengenai kebudayaan sunda, nu
kuring ngomong emang aya awewe sunda nu kitu lain teu aya, bapa kuring
majalaya, ibu kuring sumedang, kuring tos tingali sedaya adat2na, tong
ngomong sadayana urang sunda teh boga budi pekerti nu hade 100 % siga nabi,
pasti aya nu kirangna, naha anjeun jadi sewot, ieu teh negara demokrasi rek
boga pendapat naon ge hak batur, teu kudu anjeun ngambek sagala

sakali deui uing teu ngomong budaya uing mah ngomongkeun tingkah polahna,
matakna ieu emang aya kalepatan kuring nulis email teu jelas, jadi punten
ari anjeun atanapi nu sanes macana jadi napsu, pokona kuring teu
ngomongkeun budaya, maksud kuring ka tingkah polah jalmina, pasti aya anu
kirang nyugemakeun, materialistis, atanapi naon lah. kuring ge setuju eta
mah kasus, sok anjeun buktikeun mana kata2 kuring nu ngomongkeun setuju
budaya sunda dilecehkeun, kuring mah ngomong kasus, ari ceuk silaing kitu
lain kasus?

sok silaing ayeuna mikir heula teu kudu napsu, rek aing ngomong naon ge hak
aing deuleu, sia mah teu mere babadog ka aing, aing dahar mah neang
sorangna teu menta ka silaing, dulur aing lain, naon ge aing rek ngadenge
hitut silaing di didieu, tah kieu kan conto awewe teu baleg, setengah
sulaweis lain? jug kandinya lah tong ngomong deui, pikageuleuheun pisan




Nia Kurniaty
<[EMAIL PROTECTED] To: [EMAIL PROTECTED],
o.com> [email protected]
cc:
03/15/05 Subject: Ari Ilaing lain mikir jadi urang
02:30 PM sunda teh...






Cageur Anugrah..?
Maca komentar anjeun ngeunaan majalah ME nu ngajejeleh awewe urang sunda...
kuring mah meuni era euy... geuning aya keneh manusa sunda nu jiga
anjeun... teu nyaho kana budaya sorangan.. teu wawuh kana ajen diri
sorangan... najan budaya sunda di jejeleh ku deungeun ge heueuh... we
nyah...?
ehmmm... ieuh reungeukeun ku gamparan Anugrah..!
Kuring Lain Asli Awewe Sunda... tapi kuring sunda sapotong, sabab indung
mah urang Sulawesi.. tapi kuring teu sudi abrag-abragan lamun budaya jeung
awewe sunda di jejeleh kawas dina majalah ME, sabab kuring wawuh pisan ka
urang sunda... apal kana budayana...
najan enya aya awewe sunda nu rada talangke... luas luis tur ngageulis...
eta mah kasus...
Tur deuleu ku bolor sia.. rapang disawah awewe sunda keun talandur...
ngaramet... ngala suluh di kebon... nuaran awi... naha teu rumasa anjeun
jadi urang sunda...

Pikaeraaaeun.. pisan... teu wawuh kana ajen budaya sorangan...

Geus ah...
kuring rek mantog deui.. itu beas isikaneun.. jeung budak mandianeun...

Nia..




Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!








Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke