Enya jigana mah "uga". Eta panyawang teh cenah geus ditepikeun ku karuhun Sunda, di jaman "gatotgaca bubujangan" keneh. hehehe. Enya maksduna mah jaman di Tatar Sunda tacan katepi ku budaya baca-tulis. Tah eta jaman teh, taya lian jaman dimana mangsa manusa geus kenal kana tulisan. "papan nuduh-nuduh jalan", maksudna taya lian "papan panuduh Jalan" nu bisa digunakeun pikeun neangan hiji tempat tanpa kudu tunya-tanya ka manusa. Ari "daluang mawa carita", taya lian mangsa akhir budaya ngadongeng lisan, sabab carita bisa dibaca dina koran, majalah, jeung sajabana.
Puguh hanjakal, anjeuna kaburu ngantunkeun. Padahal seueur pisan apal-apalan nu kacangkem ku anjeuna. Salah sahijina perkara Cilaut Eureun, nu ieu lebeng teu kainget, kumaha unina. Asana tarjamahan bebasna kieu: "Di kawawasan Cilaut Eureun, Pameungpeuk kitu, aya hiji daerah jiga tanjung nu ngalonjor ka laut, upama hiji mangsa eta tanjung pegat di dataran badagna, cenah eta mangsana Kiamat". Wallahua'lam. Sugan aya baraya nu kungsi aya beja perkara Cilaut Eureun. Kumaha tah salengkepna. --- Mpup <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Sanes nu kitu teh disebatna "uga"? > > ~ipup~ > > --- In [email protected], Ki Hasan > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ninggali cutatan di handap, kuring jadi inget > mangsa > > keur budak. Baheula, nalika pun biang masih > jumeneng, > > kungsi nepikeun panyawang kolot baheula, nu > > ngaramalkeun kaayaan jaga. Meureun nu disebut jaga > ku > > kolot baheula teh, nya jaman ayeuna pikeun urang > mah. > > Kira-kira unina kieu, "Engke jaga bakal panggih > jeung > > hiji jaman, dimana aya papan nuduh-nuduh jalan, > > daluang mawa carita". > > > > salam, > > MH > > > > --- kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > "nyiar luang tina daluang" (Atja) ===== Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

