Hahaha...jadi ngehkey sorangan, nyaan Kang Zam teh di sagigireun alim tur luhung pangaweruh agamana oge bisa bae kolaborasi hade sareng Kang Syam, juru bodor intelek di ieu milist.
Kapiasem ku singketan Institut Teknologi Ilmu Logam anu cawokah. Enya sigana kitu, nu matak diganti jadi UNJANI oge. Mangkaning ceuk cenah, baheula anu ngadegkeun Unjani teh loba anu anti toleransi alias Non Toleransi. Teu nanaon ari sewang-sewangan mah, eta lebah rengrengan anu Non Toleransi teh terus ngadegkeun koperasi, dingaranan "Koperasi Orang-orang Non Toleransi" tea. Hehehe, kacipta, eta koperasi aya di Institut Teknologi Ilmu Logam. Peupeujeuh ulah wani-wani nyingket dua eta ngaran. manAR --- In [email protected], "Z.A. Muslim" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > NB (Nambih Bacot): > > Akronim nu tiasa nimbulkeun pitenah contona kieu: > Di jaman pamarentahan Megawati, aya demo anti pamarentah nu dikokojoan ku > KOSTRAD (Kesatuan Orang Susah Terus dan Rakyat Anti Diskriminasi). Ieu > akronim nu digunakeun ku para demonstran teh tiasa nimbulkeun pitenah ka > KOSTRAD (Komando Strategis Angkatan Darat). > > Anapon conto akronim nu ngandung konotasi cawokah contona kieu: > Kapungkur di Bandung aya paguron luhur nu disebat AIL (Akademi Ilmu Logam). > Ieu akademi ayeuna janten UNJANI (Universitas Jenderal Ahmad Yani). > Numutkeun wartos nu teu patos daria, tadina mah AIL teh bakal robih status > janten institut, nyaeta Institut Teknologi Ilmu Logam. Mung jalaran > singgetanana cawokah, nya dirobihna janten UNJANI. > > ZAM > > > ----- Original Message ----- > From: "Z.A. Muslim" <[EMAIL PROTECTED]> > To: <[email protected]> > Sent: Tuesday, March 22, 2005 4:28 PM > Subject: Re: [Urang Sunda] Artikel > > > > > > Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh > > > > Hatur nuhun kana kintunan artikelna. Namung si kuring kirang sapagodos > kana > > eusining eta artikel. > > Bawiraos, bahasa serat benten sareng bahasa lisan. Singgetan (kalebet > > singgetan nu mangrupi akronim) parantos biasa digunakeun dina bahasa > seratan > > sarta parantos janten konvensi umum nu maksadna henteu bireuk deui. > > Teks-teks hadis dina kitab-kitab hadis oge migunakeun singgetan, contona > > huruf "Shad" diangge sabada kecap "Rasulullah" anu hartosna "shalallahu > > 'alaihi wasallam"; huruf "ain" kanggo "'alaihi salam". sareng saterasna. > > Malih, numutkeun para mufasir, Gusti Allah oge migunakeun huruf- huruf > > hijaiyah kanggo singgetan nu sering disebat huruf muqoththo'ah tea. (Upami > > teu lepat kantos diguar ku Kang manAR) > > Dina bahasa urang, hususna bahasa Indonesia, singgetan atanapi singkatan > teh > > kalintang seueurna. Saur Lembaga Pembinaan Bahasa mah rupina moal aya > bahasa > > di dunya nu seueur disingget sapertos bahasa Indonesia. Instansi nu seueur > > ngagunakeun singgetan nyaeta Instansi Militer. Aya kalana singgetan > > disingget deui. Sapertos AMD : ABRI Masuk Desa, padahal ABRI teh apanan > > singgetan oge. Malih aya singgetan nu panjang pisan : PUSDIKBEKANG BRIGIF > > LINUD KOMPAN (Pusat Pendidikan Perbekalan dan Angkutan Brigade Infantri > > Lintas Udara Kompi Senapan). > > 'Ala kulli hal, bade ngadamel singgetan nu kumaha bae oge teu aya > wagelanana > > dapon luyu sareng kaedah bahasa, henteu ngandung konotasi negatif (cawokah > > atanapi ngandung pitenah) sarta pihak nu maca eta singgetan tiasa ngartos. > > > > tansah, > > ZAM (Zaenal Arifin Muslim) ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for anyone who cares about public education! http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

