SATAUN MUKA “RUMAH BACA BUKU SUNDA”
Diitung-itung nepi ka bulan Pebruari 2005
geuning geus sataun muka Rumah Baca Buku Sunda teh, umur sataun lamun dina umur
budak mah kakara rek lelengkah halu, kakara rek diajar leumpang. Tapi ari keur hiji pabukon mah sigana geus
kaitung lila, saheunteuna kudu geus bisa dicokot datana pikeun bahan evaluasi
atawa bahan pikeun nitenan nu maca jeung anu dibacana. Jero sataun teh nu datang ngahaja boh rek
maca didinya boh rek nginjeum dijumlah jamleh teh aya 41 urang, boh kolot boh
budak boh awewe boh lalaki, jumlah buku anu dibaca/ diinjeum aya 112 buku,
lilana nginjeum nu pangsakeudeungna ngan ukur dua poe anu panglilana tilu
minggu, malah kungsi aya nu nepi ka sabulan leuwih. Buku anu diinjeum panglobana nyaeta buku
Carita/ Novel jeung buku kumpulan Carita Pondok, terus kana wawacan. Nu nginjeum lolobana sabudeureun imah bae,
bisa disebutkeun lingkungan sa-RW, aya eta ge anu datang ti lembur sejen ( lain
RW) tapi teu loba. Lamun nitenan nu nganjang ngan ukur 41
urang, rarasaan mah asa saeutik pisan, asa jauh tina sawangan, tadina boga
harepan nu nganjang naha nu ngan sakadar rek maca atawa nu rek nginjeum buku
bakal leuwih loba, tapi geuning ngan sakitu buktina. Sok mindeng kadenge atawa maca yen neangan
buku Sunda teh kaitung hese, nya kuayana eta anggapan pisan pangna kuring
lahlahan muka Rumah Baca Buku Sunda teh, maksudna mah leuleutikan mere nyaho ka
balarea yen buku Sunda teh aya keneh, bisi rek maca mah yap daratang kadieu,
bisi rek maca mangga, bisi rek nginjeum mangga, teu kudu mayar. Puguh ge asa patojaiah ceuk cenah neangan
buku Sunda teh hese, ari geus disampakeun geuning nu maca teh teu pati loba,
duka teuing boa nu jadi alesan teh pedah Rumah Baca Buku Sunda ayana di
pasisian jauh ngajugjugna atawa memang nu resep maca buku Sunda geus ngurangan. Bisi enya nu resep maca buku Sunda teh geus
ngurangan tangtu kudu aya tarekah sangkan ngajaul deui, sangkan nu resep maca
buku Sunda ngalobaan deui, ieu tarekah teh teu kudu dipadungdengkeun dina
gempungan anu rohaka teu kudu disawalakeun sagala, tinggal der ngalobaan Rumah
Baca Buku Sunda. Upamana di unggal bumina para inohong
Sunda, di bumina para pangarang Sunda, dibumina para budayawan Sunda, dibumina
para politisi Sunda der ngadegkeun Rumah Baca Buku Sunda, pira ge tinggal
nyieun plang nu unina Rumah Baca Buku Sunda jeung nyadiakeun rohangan saeutik
keur nyimpen buku bukuna, risikona mah da teu aya pira ge bumi teh bakal
kagiridig ku balarea, jamak we sakitu mah, atuh bukuna teu kudu loba sapuluh
dua puluh ge cukup. Ngasongkeun ieu tarekah teh bane we teu
kudu make waragad anu gede, da tangtu para inohong Sunda, para pangarang Sunda,
para budayawan Sunda, para politisi Sunda teh ari buku Sunda mah geus boga
tinggal derna jeung kudu jembar manah.
Taun ieu hayang rada diundakeun, maksud teh
nu rek diagulkeun lain bae buku basa Sunda tapi buku sejena, basa Indonesia
jeung basa sejenna tangtuna ge nu aya pakuat pakait jeung Sunda. Ceuk hiji panalungtikan nu dilaksanakeun ku
koran nasional nu dimuat dina bulan pebruari 2005, nyebutkeun yen buku
fiksi/novel, sastra panglobana nu maca nepi ka 21,1% , buku agama 13,6% jste,
ari buku basa daerah mah teu disebut-sebut. Dumasar kana eta sigana keur nambah panarik
rek nyobaan nyadiakeun buku buku novel basa Indonesia nu kawentar mangsa
kiwari, sugan bari milihan buku basa Indonesia maenya teu direret mah buku basa
Sunda-na. Aya gerentes dina hate boa boa enya basa
Sunda teh keur muguran. MSasmita Rumah Baca Buku Sunda Perumahan Margawangi Jl Margawangi VII No.5 Margacinta Bandung Tlp 022-7511914 Email : [EMAIL PROTECTED] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
- [Urang Sunda] Babad Alas Amer MSasmita
- [Urang Sunda] Babad Alas Amer Ki Hasan
- Re: [Urang Sunda] Babad Alas Amer Dudi Herlianto
- Re: [Urang Sunda] Sataun Rumah Baca Buku Sunda Jalak Pakuan
- [Urang Sunda] Re: Sataun Rumah Baca Buku Sunda kamalinaan

