|
Kang MH teraskeun eta hanca gawe teh sing
dugi ka jucung, sugan we siloka Babad Alas Amer teh dugi ngajadi subur mamur (
eta data ku sim kuring bade dianggo, neda widi..!) Ceuk Eduard Kimman nu kungsi naliti
"pembaca" di Indonesia taun 1981 nyebutkeun aya sababaraha kelompok
pembaca nyaeta pembaca daria lobana 1,6 juta jalma, jeung pembaca hiburan
lobana 77 juta, ngan hanjakal teu aya katerangan sabaraha jalma nu maca basa
daerah, sigana diasupkeun kana kelompok pembaca hiburan (panglipur tea
kitu..?)atawa memang teu ditalungtik, atuh ayeuna, mangsa kiwari, kuduna aya
deui kelompok pembaca basa daerah dina internet. Pangna kuring nyutat hasil penelitian
Kimman teh ngan sakadar keur babandingan geuning buku basa daerah mah teu
kasebut-sebut padahal ceuk beja Mangle harita (taun 80an) terbit nepi ka 50.000
eksemplar sakali terbitna, hartina nu macana kaitung loba dibandingkeun jeung
tiras majalah sastra Indonesia harita nu ngan terbit 5.000 eksemplar,
sedengkeun dina taun 80an majalah basa Sunda nu terbit teh lain ngan ukur
Mangle. Antara taun 60-70an majalah basa Sunda we
aya sababaraha hiji antarana Sari, Langensari, Mangle, Gondewa, Hanjuang atuh
nu mangrupa tabloid aya Kujang, Sipatahunan jste. Keur babandingan deui bae, mangsa kiwari
aya Mangle, Cupumanik, Sunda Midang, Salaka atuh tabloidna aya Galura, Kujang
jeung Giwangkara sedengkeun nu terbit mangrupa buku dina taun 2004 aya sabaraha
judul mun teu salah mah aya 13 judul. Aya deui nu kudu diperhatikeun teh nyaeta
hasil panalungtikan beunang Mikihiro Moriyama nyaeta nalungtik kahirupan basa
jeung sastra Sunda dina abad ka 19 nu netelakeun yen basa Sunda teh kakara
diaku dina taun 1841 ku kolonial Walanda sabage basa anu mandiri, sabab
samemehna mah dianggap varian tina basa Jawa nepi ka disebutna ge basa Jawa
Gunung (bergjavaans) jeung aya anggapan harita dina basa Sunda mah euweuh hasil
sastra-na. Nu jadi marga lantaran, nu jadi kasang
tukangna diantarana Tatar Sunda kungsi dijajah ku Mataram, sakabeh menak jaman
harita keur komunikasi jeung Mataram kudu make basa Jawa atuh kitu deui
komunikasi jeung sasamana kaasup komunikasi jeung bangsa Walanda. Basa Sunda
ngan ukur dipake komunikasi diimah jeung ka somah. Basa Sunda kakara menyat sanggeus aya buku
buku keur pangajaran anu make basa Sunda, nu munggaran diterbitkeun dina taun
1849 atawa taun 1850, ti taun 1850 ieu urang Sunda kakara “print literacy”,
kakara beunta kana nyitak buku (huruf laten) da samemehna mah masih keneh
disebut kirografis ( nulis dina wujud manuskrip boh dina kertas daluang, daun
lontar jste ditulis ku leungeun langsung kalolobaanana dina aksara arab jeung
jawa). Lamun diitung ti taun 1850 tug nepi ka
mangsa kiwari tangtu buku basa Sunda geus rebuan anu dicitak anu diterbitkeun,
keur bangsa Sunda mah ieu teh hiji kamajuan malah ku Mikihiro mah disebutna ge
“Semangat Baru”, tangtu we kamekaran basa Sunda ngalaman pasang-surud, ciciren
anu panggampilna nya ditingali tina karya citak basa Sunda. Sok sanajan dina mangsa kiwari aya nu
nyebutkeun yen basa Sunda teh basa Sastra jeung basa panggung (“pertunjukan”),
sabab kalolobaanana karya citak basa Sunda dina wangun buku sastra atuh kitu
deui basa panggung aya keneh, tapi ari sapopoe basa Sunda siga nu di
culjeun-keun ( harti di culjeun-keun teh pangarang dina guntreng sapopoe boh
jeung papada sasama pangarang make basa Indonesia kaasup idiom idiom
kapangaranganana padahal anu dikarang basa Sunda kitu deui dina dunya
“pertunjukan”). Buku buku paelmuan dina basa Sunda jaman
kiwari mah geus euweuh, geus hese, ari jaman baheula mah kaitung loba contona
Wawacan Elmuning Tani, Miara Lauk, hal melak sayuran jste. Lamun urang noelan angka, ceuk beja di
Jabar/ Banten pendudukna aya 40 juta, anggap we nu pituin bangsa Sunda 80% sami
sareng 32 juta. Dina taun 2004 buku basa Sunda anu terbit
13 judul, majalah aya 4, tabloid aya 3, anggap we unggal buku dicitak 3 rebu
buku mun 13 judul hartina aya 39 rebu buku, majalah Mangle anggap we 15 rebu
sakali nyitak, nu sejen 5 rebu
sami sareng aya 30 rebu, tabloid unggal judul 15 rebu sami sareng 45
rebu, di jumlah jamleh aya 114 rebu sami sareng 0.35% tina 32 juta jiwa, lamun
hiji buku/majalah/tabloid aya nu maca ku 5 jalma kakara 1,75%. Saeutik pisan,
eta ge lamun buku/majalah/tabloid teh payu kabeh. Basa Sunda dina Internet ieu teh kaasup
genre anyar nu bakal mere suntikan tanaga anyar pikeun ngajaulkeun deui basa
Sunda boh situs anu digarap kalawan daria boh situs anu sifatna pribadi. Kacida alusna paheuyeuk leungeun (sinergi)
jeung pabukon, penerbitan jeung media elektronik (TV, Radio) Bandung TV geus ngagarap acara Golempang nu
ngaguar pasualan kasundaan kalawan daria, atuh sugan kahareup STV nu kakara
mucunghul sarua bakal ngagarap kasundaan kalawan daria (ngan asana kungsi maca
dina koran mun nilik kana ngaran mah managemen STV siga-siga lain Urang Sunda,
sugan we salah ah…) Tah tina eta ijiran naha basa Sunda teh
keur muguran atawa ngan sakadar leleson keur ngareureuhkeun palay, nu hiji
waktu bakal nguniang hudang tur ngajaul makalangan atawa memang ayeuna keur
manggung…? Wallohu’alam. MSasmita Sumber bacaan : 1. Sastra & Massa/
Jacob Sumardjo/Itb/ 1995 2. Semangat Baru Kolonialisme, Budaya Cetak
dan Kesustraan Sunda abad ke 19/ Mikihiro Moriyama/ KPG/2005 3. catatan lainnya.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
<<image001.gif>>
<<image002.gif>>

