Enya kang MH, asa patojaiyah jeung hasil/kacindekan Kongres Basa Sunda ka-VII di Garut, yen dina pasoalan undak-usuk basa Sunda geus teu kudu digegedekeun teuing. Keur ngigelan pajamanan (jeung deui, historisna oge apan teu aya undak-usuk dina basa Sunda teh), undak-usuk basa teh seja ditawarang deui (ditinjau kembali). Atuh dina obrolan sareng sababaraha inohong ahli basa Sunda oge nyakitu, sami pamadeganana teh, yen basa loma anu sakuduna mimiti dibiasakeun.
Nyaeta, ku ayana undak-usuk basa, diantarana, jadi loba nonoman atawa entragan ngora Urang Sunda, anu araringgis nyarita atawa ngobrol ku basa Sunda, boh di sakola atawa dina paguneman sapopoe, sok sanajan arinyana aya di sarakanana sorangan. Kusabab araringgis antukna nya basa Sunda teh ditinggalkeun pisan.
Ari sugan anu rek dikursuskeun teh ngeunaan kabeungharan jeung model-model cara migunakeun basa loma dina basa Sunda.
baktos,
manAR
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
--- usman soleh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Asalamu'alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh,
> Kumargi dina jaman ayeunamah geuning seueur anu
> ngaku-ngaku urang sunda malihanmah sok nganggo
> bahasa linuhung urang, nanging teu pas dina bahasana
> janteun didangukeunnana meni asa teu pararuguh
> malihanmah pribadosmah tersinggung upami aya nu
> nganggo bhs sunda teu pas teh raraosan teh asa di
> lelewean kumargi kitu pribados ngarep2 kisunda,
> atanapi urang sunda anu sanesna tiasa ngayakeun
> mangrupi seminar supados budaya sunda teh kajagi
> tinu sagala rupi pangaruh. hatur nuhun pisan,
Aya komentar dulur urang kana perkara rencana
penataran undak-usuk basa, nu rencana diayakeun di
Caraka Sundanologi, Jalan Naripan 7 Bandung, Maret
2005. Komentarna aya di SundaNet, jiga kieu unina:
"ayeuna mah geus teu jamanna masih nyekel pegeuh undak
usuk basa, barina oge undak usuk basa mah asalna ti
Jawa tengah. coba bukaan deui buku sajarahna tur
tengetan aya euweuh undak usuk dina basa sunda
karuhun. geus tinggalkeun wae da undak usuk basa sunda
mah di bukukeunna oge ku Walanda, mendingan ayeun
urang susun ulang deui weh basa Sunda anu leuwih
merenah tur teu ngagunakeun undak usuk - undak usukan.
geuning urang banten oge anu teu wawuheun undak - usuk
basa nyahoeun ari masalah sopan santun mah. da sopan
mah lain artina kudu make basa undak - undakan.
ongkohna pan nabi SAW ge ngalarang ngagunakeun basa
anu ngabeda - bedakeun jalma tur di manis -manis
(eufemisme meureun). ngomongmah satarabasna weh tong
di arula arileu munafik eta teh ngaranna. hampura nya"
Bewara eta acara aya dihandap. Cing kumaha pandangan
baraya, kana perkara ieu?
Salam,
MH
=================
PANATARAN UNDAK-USUK BASA SUNDA
1. Saha wae, urang mana wae ge tiasa ngiring panataran
bari henteu kasengker ku yuswa, pendidikan sareng
kalungguhan. Lamina panataran 3 dinten @ 2 jam, ti
tabuh 10.00 - 12.00 WIB. Tempatna di Caraka
Sundanologi, Jalan Naripan 7, Bandung.
==============
=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
http://smallbusiness.yahoo.com/resources/
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

