meuli buku Mikihiro Moriyama ti Ultimus,nu eusina ngeunaan basa Sunda.
enya, sihoreng basa urang teh keur jaman walanda, ngan diparake ku US nu caricing di gunung, lembur singkur loba cikur. walanda nu harita ngaku yen aya Basa Sunda (BS) nu diparake ku US di gunung. basa jawa gunung malah harita teh disarebutna, samemeh ditalungtik deui yen BS teh basa nu mandiri oge, sarua jeung basa jawa. lain basa dialek jawa atawa basa jawa wewengkon, tapi estuning basa mandiri. nya meureun da harita di kabupaten mah geus reuteum jeung usum marake basa jawa tea. da TS aya dikakawasan Mataram. ayeuna semu balik deui ka harita. di kota bandung nu ayeuna cap runtah bari pakepuk da wek boga hajat KAA tea, basa jakarta atawa nasional rada payu diparake. sanajan campur jeung aya nu sapopoena marake dua basa, sunda jeung indonesia. mun baheula mah meureun basa jawa, ayeuna basa indonesia/nasional. tapi nganjang ke lambur sisi gunung, angger, marake basa sunda. nu jadi semu keuheul teh, ku noon eta carita, inohong US mah, nu jaradi pajabat, sigana enyaan, mun geus jadi pajabat teh, jadi Merah Putih tea ceuk istilah militer mah. sanajan ayeuna kahayang disbudpar make basa sunda. hade tah. mun salah denda sarebu tea. aya budak ngora, wedalan medan, tapi kolotna mah sunda. adhitya mulya, alumni sipil itb angk. 1996, nu nyieun novel Jomblo jeung nu kadua, Gege Mencari Cinta. si eta mah, dina novelna teh nyundakeun basa nasional, atawa make basa nasional cap bandung. unggal aya hurup hirup di tukangna, sok make h. siga sayah, kamuh, begituh. hehe. ngahaja cenah, sangkan bau-bau sunda. ciri basa sunda salian ti euy, oge h di tungtung nu asup ka basa nasional. sayah. mun bapak, kakak, k ditungtung sigana pangaruh di jawa, bari jeung tara dibaraca. bapak, dibaca bapa. tapi ari saya, dibaca sayah. nya sakalian we make h di situh, kamuh, begituh, semuah. mj http://geocities.com/mangjamal [EMAIL PROTECTED] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for anyone who cares about public education! http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

