emm lain kang mH meni ku bener pisan eta kasauran urang wetan teh.. komo no 2 jeng no 4 mah.. asa nah kudu di enyakeun ku urang sok ulah jauh2 ka inohong urang we nu aya didieu.. cing pamajikan jeng barudak geus make basa sunda can.. cigana acan kabeh nya...bujeng2 ning nu istrina sanes urang sunda.. sok sanos urang sunda oge edas.. ku melayu we geuning.. cing kumaha hadena.. iyeu karandapan pisan ku kuring pamajikan kuring basa sundana teu pati bisa... nya daek teu daek.. mun ngomong sok rada nyambung sok hanteu.. enya manehna campru indonemaneh simkuring tetep we sunda garut.. garut na lain garut priyai tapi basa garut STM atawa basa garut cilegongan jurgan irfan apal lah bahasa urang cilegong kumaha...
hayu atuh... urang sasarengan. ulaha alatan beda NU jeng MUhammadyah deur we geuning parasea .. kumaha hadena coba.. heheheh mun inget kitu jadi sok keuheul ka ustad2 di lembur euy.. si bedul teh.. kalah gareulut alatan beda partay... baktos Agus Pakusarakan On Tue, 29 Mar 2005 01:22:39 -0800 (PST), mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Aya gerentes hate baraya urang, cenah mah manehna > urang "wetan", pendapatna ngeunaan Basa Sunda. > Gerentes manehna di muat di PR dina kolom "Pikiran > Pembaca". Jigana panitenan manehna merenah pikeun > dilenyepan. Mangga geura titenan. > > Salam, > MH > =========== > PR. SURAT PEMBACA. Minggu, 13 Maret 2005 > "Negakkeun Basa Sunda di Jawa Barat" > > NEDA widi ka sakumna urang Sunda pituin, utamina para > inohong wireh simkuring kawit ti "wetan" anu sok > disebat "Mataram" tea, baris ngiring jabung tumalapung > ngeudalkeun pamendak ngeunaan hirup huripna basa jeung > budaya Sunda. > > 1. Leres pisan ajen inajen basa Sunda teh kawon ku > basa "deungeun". Jalaran seueur urang Sunda ku anjeun > ngagaduhan pamendak basa Sunda teh teu aya niley > ekonomisna. Cohagna mah, teu tiasa janten artos benten > deui sareng basa "deungeun" atanapi basa Malayu anu > saurna teh tiasa enggal janten artos salian tilangkung > apdol upami dianggo alat cumarios (komunikasi). > > 2. Saestuna, tanggelwaler ngamumule mekarkeun basa > Sunda teh aya dina dampal panangan urang Sunda. Para > Inohong kedah kagungan pamadegan anu panceg, ajeg, > kersa nalungtik, ngawisik diri naha parantos di > lingkungan kulawargana nganggo basa Sunda minangka > bahan paguneman sadidinten. Sim kuring remen mendakan > putra putu inohong Sunda anu kagungan kalungguhan > luhur di hiji pakumpulan kasundaan pangageungna > nyarariosna teh ku basa Malayu. > > 3. Kareueus, kadeudeuh, sareng kacinta kana sastra > Sunda, seni pintonan sapertos cianjuran, degung, > wayang golek, calung, menpo katingal nyirorot pohara > tarikna. Mangga bae taros, marantena teh kagungan > heunteu kaset-kaset Sunda, buku-buku Sunda, kamus > Sunda, ngalanggan heunteu koran Sunda, majalah Sunda? > Salajengna deui, upami hajat sanes "nabeuh" cianjuran, > degung, komo penca mah. Majar teh, nukararitu olok > kejo, mending elektonan bisa goyang dombret, beu! > > 4. Bawiraos Jawa Barat teh gaduh Perda No. 5, 6 Taun > 1999 namung rupina mah eta perda teu acan pisan > dilaksanakeun kalayan daria. Sim kuring gaduh > pamendak, dina hiji dinten jam anu sami sadaya radio > swasta di sakuliah Jawa Barat wajib siaran ku Basa > Sunda, kakawihanana oge kawih-kawih Sunda. Upami aya > anu "rehe" nyarios, lah sok kokomoan teuing! Sawios, > bongan aranjeuna aya jeung nyiar pangupajiwa di Jawa > Barat. > > 5. Parandena kitu, mugia para inohong Sunda ulah > pangloh, ari kanu sanes kedah nyunda, kedah pageuh, > pangger kana "moto" silih asah silih asih silih asuh" > mung dina emprona kalah ka silih beubeut, silih siku, > silih dengkek, malihan luas ngagalaksak banda sarakan. > Pengkuh agamana, luhung elmuna, jembar budayana teh > ulah mung abang-abang lambe, tojai'ah sareng > kanyataan. Buktos anu walatra naha parantos aya > pakumpulan, paguyuban kasundaan ngadongdon wargi urang > anu kenging musibah di Leuwigajah? Rupina mah nembe > Mang Ihin nyalira. Anu matak langkung ngangres, > emutaneun urang sadaya naha wargi urang ti Leuwigajah > nyuhunkeun tulung sacara hukum ka dulur ti peuntas > (Giwangkara No. 2666 Maret 05). Kunaon sanes ka LBH > Pasundan atanapi LBH anu dikokolakeun ku Ki Sunda? > Boa-boa marantena teh ngaraos tos teu dipalire, > dimomorekeun ku Ki Sunda. > > Pamungkas, ti sim kuring, caang bulan opat belas > balungbang timur jalan gede sasapuan teu aya > pikirkapingburi, maksad awon kana naon anu parantos > didadarkeun di luhur. Malah mandar mugia sing tiasa > janten pamecut supados langsung sae baringsupagi, > Amin. > > Bambang Hermanto > Komp. Bumi Asri H. 50 > Bandung > > ===== > Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/ > [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] > > __________________________________ > Do you Yahoo!? > Read only the mail you want - Yahoo! Mail SpamGuard. > http://promotions.yahoo.com/new_mail > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

