He .. he ... leres maca tulisan Jepun teh siga rokrak pasiksak ..
 
Tulisan Jepun aya tilu karakter, nyaeta kanji - ilaharna asalna tina basa Cina, Hiragana - tulisan asli Jepun, Katakana - serapan tina basa asing, kadangkala rada hese kana maksud kalimahna. Dina sakalimah tilu karakter eta teh aya, pagalo jadi hiji. Contona di Jepun mah teu aya McDonald .. nu aya Maku Donarudo .. he .. he ...
 
Basa Jepun oge sami aya undak usuk basana, basa lemes, merenah, kasar - ilaharna dianggo di pabrik sareng dina kaayaan darurat. Salian ti eta, basa Jepun oge nganggo kaidah waktu: kamari, ayeuna, isukan. Biasana upami lebet ka parusahaan, aya waktu sabulan dugi ka tilu bulan, kanggo diajar kumaha sopan santun di eta perusahaan.
 
Saur rerencangan nu urang Jepun, kanggo ngartos kana basana nyalira kacida pisan hesena, margi kitu kanggo diajar basa sanes, Inggris upamana hoream, margi kitu hal nu ilahar lulusan PT oge teu pati ngartos kana basa sejen iwal ti basa Jepun. Hal ieu oge kumargi bacaan dina basa Jepun jauh langkung mirah tinimbang bacaan basa sejen, contona bae dina basa Inggris tiasa 5 kali langkung awis tinimbang anu dina basa Jepun. Nya cape-cape oge macaan rokrak pasiksak, lumayan ku artos nu sami tiasa meser 5 judul buku dina basa Jepun, sedengkeun dina basa Inggris mah ngan hiji bari jeung lami pesenna, panginten ieu salah sahiji alesan tina segi ekonomi. Perangkat lunak komputer oge sami, langkung mirah dina basa Jepun teh. Wallahualam.
 
baktos,
budhi
oritate permai
 
 
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, March 29, 2005 5:39 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] pieunteungeun --> Re: [kisunda] Hariwang

Muhun .... leres kitu....
padahal basa deungeun oge anu gaduh undak-usuk basa henteu  janten halangan kana kamajuan sareng pangwangunana, malah janten pangdorong/tuturus kamajengan.
Contonna : Korea, bibit buit bahasa Korea teh bahasa Cina, dugi ka ayeuna masih seueur kecap-kecap bahasa Korea anu ngaharib kana bahasa Cina.
Bahasa Korea ngagaduhan tilu undak basa anu masih dianggo tug dugika danget ieu ; lemes (kanggo kasaluhureun), merenah (kanggo ka sapantar), kasar (kango ka sahandapeun). Sigana disajagat ieu sanes bahasa Korea wae anu masih nganggo undak-usuk basa (duka tah di Jepang cobi cep Budhisareng wargi nau sanesna, diantos postingna perkawis bahasa di Jepang sareng dinagara sanesna).
Sakitu kanggo bahan lenyepaneun urang sadaya.
 
Pihatur,
ssw
 
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kuring oge puguh rada aneh suraneh nengetan
padungdengan basa Sunda teh. Ngan catetan, pangpangna
mah perkara kahelok kuring ka papada baraya US. Nalika
urang diajar basa deungeun, naon wae rek Inggris,
Walanda, Arab, Jepang jeung sajabana, jigana teu
pernah ngamasalahkeun perkara aturan kabasaan. Boh
gramatika, oge sintaksisna. Ditarurut we, sakumaha
kaedah-kaedah nu aya. Malah diajar basa Jepang, daraek
we diajar nulis make aksara jiga rokrak pasiksak oge.
Ari palebah diajar basa sorangan, hayoh pahibut
masalah undak usuk basa sagala rupa. Padahal jigana,
nu leuwih payus jadi padungdengan teh, naon nu geus
bisa dihasilkeun ku urang ku cara migunakeun basa
Sunda.

Salam,
MH



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke